28 February 2015

Jajan di Pasar Kuěh Baseuh Buahbatu

Ditempo ti hareup
Poe anyeuna mah (28/2/2015) teu siga sasari, hudang sarě těh bet parait lětah. Lain pědah can ngosok huntu, ieu mah parait siga rěk gering, malah aya muriang sagala. Sanggeus nganteurkeun alo sakola ka SD Cijagra, ngadadak asa hayang kuěh balok. Kabayang amis jeung ni’matna mun seug nyaneutna sabari dibaturan ku cikopi nu rada ěncěr. Atuh ti sakola těh teu langsung balik ka imah, tapi kukurilingan heula něangan nu dagang kuěh balok.

Sapaparat Jalan Buahbatu nyasat teu kapanggih. Tadina mah rěk langsung balik, tapi barang nempo loba nu ngagimbung, kuring eureun. Di handapeun wangunan nu geus teu pati kaurus, tegesna deukeut hiji toko donat made in Aměrika, aya pasar kuěh baseuh. Asa ku kabeneren, ti tadi gě kuring těh parait lětah, barang asup ka jero pasar kasampak loba pisan kuěh nu aramis kayaning dadar gulung, jalabria, bolu kukus, kueh lapis, donat gula pasir, papais cau, jeung sajabana. Atuh puguh we kuring atoh naker, katambah marurah deuih hargana, lolobana teu leuwih ti sarěbu rupia hiji kuěh těh.

Tiasa balanja sarupaning kueh baseuh
Tapi barang nempo batur nu mareuli loba, kuring asa-asa rěk balanja těh. Da ěta wě batur mah měh ngaratus meulina gě, siga jang jualeun deui. Mun meuli hijian bakal diladangan moalnya?, kitu gerentes hatě kuring. Ah tungtungna mah ngawanikeun maněh wě. “Ari ieu sabarahaan, kang?,” ceuk kuring sabari nunjuk jalabria. “Sarěbuan,” waler tukang dagang. “Kěnging měsěr hijian, maksadna moal seueur kuring mah balanjana,” tukang dagang tuluy pok ngajawab, “mangga”

Jalabria meuli tilu, dadar gulung dua. Lumayan teu loba kaluar duit. Barang diasaan, duh kacida kareueutna ieu jalabria těh. Tapi kusabab kuěh těh rupa-rupa pisan, nya kuring ngarasa kurang kěněh. Piraku ngan ukur dua rupa? Pan kueh těh loba, kitu kahayang nu rewog mah. Tuluy kuring datang deui ka tukang dagang nu běda, ibu-ibu nu dagangna těh, batur mah nyebutna gě “Bu Haji”. Teuing geus ka Mekah teuing acan, nyaho teuing ah!

“Pami ieu sabarahaan Bu Haji?”, ceuk kuring barang nempo kuěh lapis. “Sarěbu duaratus sěp.” Naha beda jeung nu si akang tadi?, nu ieu mah rada mahal.  “Manawi těh sarěbuan?”, ceuk kuring nyobaan nawar. “Badě nyandak sabaraha puluh kitu sěp?,” sabab kuring mah da euweuh niat jang jualeun deui, atuh pok wě, “Ah teu seueur, mung badě měsěr dua siki baě.” Paroman Bu Haji nu tadi darěhděh ngadadak jamědud, pědah kuring meulina teu loba meureun. Keur mah meuli ngan ukur dua siki, katurug-turug wani nawar deuih. Kuring mawa dua siki, tuluy ngasongkeun duit limarěbu. Bu Haji tuluy nyelengkeung, “Pa, tah pulangan tilurěbu.” Paromanna semu baeud, malah mikeun pulangan gě makě leungeun kěnca sagala. Teu mabrur siah haji těh!, ceuk kuring dina jero hatě, punten bakat ku kesel.

Aya oge nu dagang deungeun sangu
Eta nu daragang těh datang ti subuh mula, ngamimitianna jam lima nepika jam dalapan, tapi mun poě Ahad mah běrěsna rada beurang meueusan, bisa nepika jam sapuluh. Teuing ti iraha mimitina ěta pasar těh, da jelas barětona mah wangunan nu geus teu ka urus těh siga urut ruko. Ceuk salah saurang tukang parkir, cenah barěto mah kira taun 2004, nu dagang kueh těh ngan ukur duaan, tapi tuluy ngalobaan nepika teu kurang ti limapuluh urang anyeuna mah.

Salian jang jualeun deui, nu butuh kuěh jang acara rapat di kantor atawa acara ngumpul kulawarga gě loba pisan nu balanja di deui. Atuh da ěta ku rupa-rupa jeung murah hargana. Di toko mah bisa dua atawa tilu kali lipet hargana gě. Mun butuh loba pisan wayahna datangna kudu rada isuk, sabab bisi kaběakeun. Nu meulina ongkoh loba pisan, nepika ngagelek di pasar těh.

Barang kuring motoan kuěh, hasilna kurang jelas sabab ěta pasar těh ditutupan ku terpal, nu matak kurang caang. Sieun hujan meureun matak ditutupan ogě. Ngarasa geus cukup, nya tungtungna mah kuring balik sabari mawa kěrěsěk nu eusina kuěh hungkul. Tuluy eureun di tukang kopi, kabeneran di gigireunna aya tukang koran. Aya ku tegep; kuěh amis dibaturan cikopi ěncěr, sabari maca koran jeung udud! [ ]




Foto : Arsip ITP

26 February 2015

Ngawanohkeun Maněh di Radio Ardan


Poě Seněn kamari, tegesna ping 23 Pěbruari 2015, kuring jeung opat babaturan nu sějěn ti Komunitas Aleut diondang ku Radio Ardan pikeun ngeusi hiji acara nu diběrě jejer #BdgBgt (Bandung Pisan). Saenyana ěta těh lain nu munggaran pikeun Komunitas Aleut mah, sabab saměměhna kungsi ogě diondang ku Ardan dina waktu jeung acara nu sarua, nyaěta ping 28 Oktober 2013.

Naha cenah basana makě “ngawanohkeun” lain “ngenalkeun”? Ceuk pamanggih kuring; dina umur nu geus lumayan lila (ampir salapan taun), Komunitas Aleut pikeun warga Bandung mah pantesna kudu geus aya di tingkat “wanoh” lain kakara di “kenal” wungkul.

Naon alesanna? Kahiji, sabab unggal minggu, tegesna unggal poě Ahad sok aya waě acara ngaleut anu dina prakna tangtu ngulampreng di sababraha juru Kota Bandung, ieu pastina gě sok katempo ku warga Bandung. Nu kadua, apan anyeuna těh jaman geus sakieu majuna, ngawawarkeun běja gě geus teu usum makě toa di masigit (iwal ngumumkeun nu maot), tah hal ieu tangtu diigělan ogě ku Komunitas Aleut ku nyieun sababaraha akun mědia sosial, di antarana waě; twitter, facebook, instagram, path, jeung sajabana.

Ardan těh nyaěta hiji radio nu geus kakoncara pisan di sakuliah Bandung mah, lamun seug aya urang Bandung nu teu apal Ardan tangtu matak hělok. Radio nu miboga frěkuěnsi di 105,9 ieu těh pada dipakarěsěp ku budak ngora utamana dina acara Nightmare Side (carita jurig nu matak purinding puringkak), jeung geus lila deuih ieu acara těh. Kuring gě ti mimiti baheula kuliah di Ciwaruga geus apal kana acara ieu mah.

Atuh basa Komunitas Aleut rěk siaran těh ceuk kuring asa pas pisan. Keur mah nu ngaděngě Ardan těh lolobana budak ngora, katurug-turug deuih hayang ngawanohkeun sajarah ka budak ngora. Dina prakna, nyaěta pukul 10 peuting, barudak katut kuring geus daratang ka Jalan Cipaganti atawa Wiranatakusumah. Di buruan Ardan ngariung sajongjonan. Aya Vecco, Arya, Daniya, Gita, jeung kuring.

Teu lila sup ka jero nu tuluy ditampa ku Kang Handi jeung Těh Eiza. Ngobrol heula sakeudeung sabari maca skrip, tuluy asup wěh ka rohangan nu buni ku kaca pikeun siaran. Rumasa kaasup anyar kěněh jeung can loba kanyaho, kuring mah teu pati loba catur pikeun ngajelaskeun, lolobana mah Arya we jeung Vecco, kajaba kordinator těh maraněhna mah pan geus lila di Komunitas Aleut-na gě, tangtu leuwih rěa kanyahona.

Kurang leuwih 1,5 nepika 2 jam siaran těh, lumayan rada lila, jadi loba ogě běja nu bisa ditepikeun ka “insan muda” (kanca kaum dangu Radio Ardan). Ti mimiti sajarah nepika kumaha carana mun hayang gabung jeung milu ilubiung jeung Komunitas Aleut, kaběh Alhamdulillah katepikeun. Atuh ditempo dina twitter gě teu saeutik nu milu ngabandungan.

Jam 23.59 tengah peuting acara běrěsan. Tuluy dipoto heula jang dokuměntasi. Sanggeus amit atuh bral wě pada balik ka imah sěwang-sěwangan. Kuring balik ka Sarijadi, Vecco balik ka Jl. Logam makě karěta angin atawa sapědah (euweuh kacapě jelema těh). Nu tiluan deui mah teuing baralik ka mana, kuring teu apal.

Nuhun pisan ka Radio Ardan anu tos kersa siaran sareng Komunitas Aleut, mugi kapayun tiasa langkung cool and lovely. [ ]


Foto : Arsip @handiARDAN

25 February 2015

Silih Beulit jeung Oray Naga


“Bangsa urang jeung Cina téh harita mah asa dalit pisan. Bisa jadi pédah hirupna sarua papada susah. Anyeuna mah beunang disebutkeun euweuh Cina nu daragang ngider atawa ngawarung gowěngan těh. Bisa jadi anakna atawa turunna jaradi jalma jugala.” (Us Tiarsa dina buku Basa Bandung Halimunan)

Naha enya kitu tina urusan ěkonomi nu ngajadikeun bangsa urang jeung bangsa Tionghoa nu maratuh di lemah cai těh jadi pajauh? Bisa waě bener ěta pamendak Pak Us Tiarsa těh, tapi mun ceuk kuring mah lain ngan saukur ěta pasualanna. Loba pisan anu bisa diteuleuman ku urang jang ngaguar pasualan gaul hirup sapopoě antara bangsa urang jeung bangsa deungeun, hususna bangsa Tionghoa. Ieu mah minangka ngabagěakeun Imlěk baě, perkara eusina mah tangtu loba pisan kakuranganna, ulah kapameng rumojong, diantos kamandang kadang wargi kana ieu seratan.

***

Taun 1662 Walanda teu bisa ngarebut Taiwan sabab diělěhkeun ku urang Tionghoa nu dipingpin ku Koxinga (Zhěng Chenggong). Frěděrick Coyětt nu harita jadi Gebernur Jěndral Walanda nu cicing di Taiwan, ngalaporkeun ěta kajadian nu diběrě jejer “t’Verwaerloosde Formosa” nu hartina “Pohokeun Formosa”. Hal ěta diuningakan deui ku Walikota Singkawang, Hasan Karman, dina buku nu jejerna Sejarah Kongsi di Kalimantan Barat, nu mědal taun 2014 di Bandung.

Pangalaman pait ěta nimbulkeun kasieun ka Walanda dina nyanghareupan bangsa kulit koněng. Leuwih sieun deui mun seug Tionghoa dalit jeung bangsa pribumi, sabab hal ěta bakal nyieun kakuatan anu lain bantrak-bantrakeun. Hal sakituna, bisa jadi ěta pisan alesan nu nyieun Walanda ngala pati ka rěbuan bangsa Tionghoa di Batavia dina taun 1740.

200 taun ti harita, Walanda masih kěněh ngarasa sieun jeung hariwang ka bangsa Tionghoa. Sigana mah kajadian di Taiwan tacan leungit tina ingetan maraněhna. Atuh basa datang laporan ti Penning Nieuwland nu harita mingpin Kalimantan Barat, maněhna ngarasa pondok harepan. Ka Guberneur Jendral, maněhna aya roman jang mohokeun Borneo, sarua siga basa ělěh di Formosa. Harita nu pangdipikasieun ku Walanda těh nyaěta Kongsi Lanfang nu lolobana Tionghoa-Hakka, jeung Kongsi Hěstun Zongting nu geus kawěntar liat jeung lain bantrak-bantrakeun.

Mun di impleng deui, meureun ieu nu ngajadikeun Walanda nyieun kampung-kampung dumasar kana suka bangsa těh. Apanan urang geus pada apal, yěn ti baheula Walanda misah-misahkeun bangsa dina kampung-kampung sagemplek sewang. Aya Kampung Cina atawa nu katelah Pacinan, Kampung Arab, Kampung Melayu, jeung sajabana.

Tangtu jijieunan ieu těh amběh gampang nalingakeunna. Pan geus puguh Walanda mah sieun ku bangsa Tionghoa těh. Tah, tina hal ieu urang bisa nempo lumayan ěcěs, yěn bangsa Tionghoa těh měmang tohaga jeung toh-tohan dina lebah paguntreng jeung ngaběla harga dirina mah, atuh ieu ogě teu mustahil nu ngajadikeun maraněhna pogot kana digawě, utamana di urang mah kana widang dagang. Pan saur Pak Us Tiarsa gě seueur nu jugala jaradi konglomerat.

Tapi nu baris dibeunjeurběaskeun (alakadarna meureun) ku kuring man lain ngeunaan ieu, leuwih kana papisahna atawa anggangna kahirupan maraněhna jeung bangsa urang. Saloba-lobana gě nu ngumbara, pasti loba kěněh kaom pribumi. Atuh teu aněh mun di sakuliah Nusantara bangsa Tionghoa mah sok jadi bangsa nu pang saeutikna atawa minoritas. Keur mah saeutik, katurug-turug dipisahkeun ku Walanda, atuh puguh wě rada hěsě rěk campur gaul jeung nu sějěn těh.

Ti jaman Walanda, Soekarno, tuluy Soeharto, ampir kaběh kungsi teu ngaajěnan ka bangsa Tionghoa. Sanajan dina seratan Pak Us Tiarsa diuningakeun yěn baheula mah kungsi dalit, tapi angger we sikep bangsa urang mah ngarasa rada anggang. Ngarobah hiji kabiasaan nu geus lumangsang mangtaun-taun, tangtu lain perkara gampang. Enya gě mun dina widang ěkonomi bisa ngaraketkeun, tapi dina widang pulitik mah can tangtu. Apanan urang geus pada apal, mineng pisan bangsa Tionghoa těh dibuburak malah ka nepi diala pati basa aya kajadian riweuh di nagara urang.

Naon sabab? Katugenah jeung sangkaan bangsa urang ka bangsa Tionghoa těh siga tuluy-tuluyan diwariskeun. Matak teu kaop aya kajadian leutik bisa ger jari rongkah, malah bisa ngocorkeun getih sagala. Nu pang haneutna mah tangtu taun 1998, leuh mun urang nitenan deui kajadian jaman harita, matak watir jeung ginggiapeun. Atuh ěta wě, dina sababaraha koran mah diberitakeun loba awěwě bangsa Tionghoa nu digadabah sagala, ku lobaan deuih, asa euweuh ras-rasan pisan.

Basa Gus Dur naěk jadi Prěsiděn, kaayan kieu těh rada lumayan ngurangan. Imlěk jeung kabudayaan Tionghoa nu ti baheula teu meunang diayakeun jeung dimumulě; kayaning barongsai, wayang potěhi, jeung sajabana, dina jaman Gus Dur mah teu diulah-ulah deui. Atuh puguh wě asa kokoro manggih mulud lebaran manggih puasa, bangsa Tionghoa galumbira pisan, malah sababara golongan mah aya nu měrě sebutan “Bapa Tolěransi” sagala ka Gus Dur těh.

Ti luhur jambatan
Kaayaan robahna di widang kabudayaan ieu, nu katempo ku kuring mah teu pati loba nyieun parobahan dina katugenah bangsa urang. Majarkeun těh, tuh deuleu loba pisan bangsa urang nu ngadon bubujang ka urang Tionghoa, tuluy loba nu ku dununganna teu diajěnan. Hal ieu ceuk kuring geus asup kana hukum ěkonomi, di mana-mana gě pasti jalma nu teu boga bakal kula-kuli ka jalma nu jugala jeung beunghar ku harta. Apan lolobana ti bangsa urang mah jaradi pagawě, arang langka nu jadi pangusaha mah.

Atuh ari soal teu ngaajěnan mah lain ngan ukur bangsa Tionghoa waě nu sok  ngalampahan kitu těh, dalah bangsa urang ogě teu saeutik nu kitu. Jadi alesan ieu mun dipakě teu resep jeung cua, angger teu bisa dibenerkeun. Omat ulah gorěng sangka, kuring lain ngaběla hiji bangsa, tapi panyangka gorěng jeung katugenah alusna mah ulah hantem dikukut. Apan ceuk kolot gě urang těh kudu akur jeung dulur, enya apan sakur-sakur rahayat Indonesia těh masih kěněh dulur, kaasup urang Tionghoa jeung turunnana.

***

Poě Ahad kamari kaping 22/2/2015, dina raraga Imlěk, kuring jeung babaturan ngaleut maluruh tempat-tempat nu disebut asup kana wilayah Pacinan. Di Bandung mah tětěla nu disebut Pacinan těh běda jeung di kota-kota nu sějěn. Ari di luar kota mah pacinan těh ngariung sagemplekan nu eusina nya kaběh urang Tionghoa atawa disebut ogě Cina; boh imahna, tempat usahana, paragi ibadah ka pangeranna, jeung sajabana. Pokona dina ěta kampung těh urang Cina wěh lolobana mah.

Tah di Bandung mah teu kitu, malah teu boga lawang gapura sagala, matak rada hěsě nangtukeun wates-wates Pacinan těh. Najan kitu, tapi kamari mah nya nyobaan maluruh saeutik-saeutik. Mimitina ti Masjid Al Imtizaj nu aya di Jalan ABC belah wětan (deukeut wangunan urut Matahari Dept. Store), masjid ěta saenyana wangunan anyar jadi tacan boga sajarah nu panjang jang dicaritakeun, tapi ku sabab langka nu ngaranna masigit urang Tionghoa mah, nya ěta masigit těh minangka dijadikeun wates paling wětan Pacinan Bandung.

Naha cenah asa rada hěmeng meunang aya urang Tionghoa nu ngagem Islam sagala? Tong salah, Laksamana Cheng Ho ku anjeun těh kapanan Islam ogě. Anjeunna kaasup urang Tionghoa nu munggaran datang ka Nusantara. Di Bandung mah lain ti ěta masigit, aya ogě Masjid Lautze di Jalan Tamblong deukeut pengkolan pisan, teu jauh ti patung Ajat mah, malah ampir pahareup-hareup pisan. Masigit ěta mah kagungan Yayasan Karim Oey.

Ti sainget, atawa ti saprak kuring nincakeun suku di Bandung, nu ngaranna Jalan ABC mah tara ieuh tiiseun ku nu daragang. Da ěta we toko těh meni ngajajar, lolobana mah toko ělěktronik kayaning nu ngajual tipi, kulkas, mesin cuci, DVD player, jeung sajabana. Atuh di trotoar jeung di sisi jalan gě teu kurung nu nu daragang kacamata, tukang ngoměan jam, katut mangrupa-rupa inuman jeung kadaharan. Kuring kungsi meuli es pisang hějo di dinya, mangkaning poě keur meungpeung panas ěrěng-ěrěngan, leuh kacida ni’matna, sagelas těh ngan sasěak.

Di tempo saliwat gě ěta nu daragang di toko těh lolobana mah urang Tionghoa. Katempo da ti jalan gě koko atawa cici keur dariuk nyanghareupan měja nu biasana mah paranti nunda duit. Ari nu purah nawarkeun jeung laladang mah angger wě rěa bangsa urang. Mun měngkol ka belah katuhu, nyaeta ka Jalan Alkateri; di dinya aya hiji warung kopi anu geus heubeul, atuda ngadegna ti taun 1930, sigana kolot kěněh warung ěta jeung aki kuring gě! Ceuk babaturan kuring mah (Mang Arya), di ěta warung těh kaayaanna gancang loma jeung batur. Cenah mun aya hiji jalma anyar nu munggaran ngopi di dinya, tuluy inditna sorangan atawa teu boga batur, ěta jalma těh baris diajakan ku kolot-kolot nu geus ngalanggan pikeun milu ngobrol jeung maraněhna. Stok kopi di ěta warung nyokotna ti Pabrik Kopi Aroma nu aya di Jalan Banceuy.  

Asa ku kabeneran, barang kuring jeung barudak keur ngariung sabari silih tukeur kanyaho, na ari lol těh bapak-bapak urang Tionghoa kaluar ti warung kopi Purnama, ěh tapi geus laěr kětang, aki-aki meureun kasebutna; saurna mah anjeunna těh nu kagungan Pabrik Kopi Aroma. Sababaraha ti barudak aya nu wawuh ka anjeunna, atuh rada pancakaki heula sajonjonan mah, jalmana katempo soměah naker, nu disebut darěhděh těh enyaan.

Tukang mih ayam
Di tungtung jalan ABC aya hiji jambatan pameuntasan di luhureun Jalan Otista, ti luhur mah Pasar Baru těh katempo ěcěs pisan. Ti dinya tuluy eureun di hareupeun toko jamu Babah Kuya nu ti baheula geus kaconcara di sakuliah Bandung. Di dinya aya hiji akang-akang nu saliwat mah paroman jeung buukna siga Joni Iskandar, tinggal kacamatana dirantěan wě eta mah, pasti ceplěs pisan. Horěng ěta si akang těh nyaěta pagawě Babah Kuya nu sapopoěna purah ngaracik sabangsaning jajamuan. Tapi kusabab poě Ahad mah perě, jadi anjeunna poě harita mah markiran mobil jeung motor.

Dumasar katerangan ti si akang, toko jamu Babah Kuya geus asup ka generasi nu ka opat; nu gaduhna anyeuna mah Pak Iwan jenenganna tě. Aya dua toko sabenerna mah, tapi hu hiji mah teu ngalayanan ngaracik, ukur ngajual jamu nu geus jadi hungkul. Tapi cenah nu bogana mah běda, tapi masih kěněh barayana Pak Iwan.

Ti Babah Kuya tuluy mapay-mapay gang, bras wěh ka jalan gedě. Di sisi Jalan Kebonjati, kurang leuwih limapuluh měter ti parapatan Pasirkalili-Kebonjati-Gardujati, aya wangunan heubeul nu baheulana dipakě ku Hotel Surabaya pikeun para panumpang karěta api nu rěk ngadon ngarereb. Ayeuna ngaran hotelna geus ganti jeung leuwih modern deuih, minangka ngigelan jaman meureun. Di gigirna pisan hotel aya warung kopi Javaco, kaasup produsěn kopi heubeul eta javaco těh. Cenah mah mun kopi Javaco ditinyuh seungitna melengseng, sawarěh aya nu nyebut kawas seungit esbonbon, sawarěh deui aya nu nyebut sengitna kawas kuěh.

Sabab hayang nempo kelentěng, tapi panonpoě keur meungpeung nojo pisan kana emun-emunan, atuh ti Kebonjati těh měngkol ka kěnca, barang manggih aya plang badag nu tulisanna ngaran pasantren, tuluy asup kadinya. Lain bobohongan, enya gě ari ngaděngě mah geus ti baheula, tapi ari nincak mah karěk harita pisan ka Saritem těh. Leuh asa ngimpi bisa nincak di daerah jual beuli pabinihan. Tapi lain jual beuli meureun ngaranna, apanan ukur “nyěwa” sakerejep hungkul. Ceuk barudak kudu jempě, ulah rěa omong ngeunaan “daging atah” di dinya mah, kudu pada-pada apal wě cenah.

Di Jalan Kelentěng měmang aya kelentěng, lain ngan ukur ngaran jalan. Tapi hanjakal kusabab loba nu keur ibadah jadi wěh teu diidinan asup, bisi kaganggu meureun. Surti ari kitu těa mah, da maraněhna gě sarua we jiga urang ari masakah ibadah mah hayang husu. Sabab panonpoě masih kěněh barangasan, nya tungtungna ngiuhan heula di deukeut vihara. Barang keur ngariung, na atuh ari gantawang těh aya nu gělo kokolowokan. Geus kolot katempona mah jalamana těh, sorana jenger naker, pěpěrěpětan kawas tongěrět. Untung wě barudak teu tuluy riab. Teu ngaganggu teuing ari kitu těa mah, ngan orokaya wě matak reuwas sajongjonan.

Tuluy ka Jalan Cibadak, di dinya gě aya vihara dua siki, biasa wě dicět beureum. Di hiji pěngkolan deukeut toko buku Mearukě aya tukang bakmie atawa mih ayam, nu meulina kacida loba pisan, koatka ngantri sagala. Tadina mah kuring rěk nyobaan meuli, ngan pasti lila, teu tulus tungtungna mah. Nu meuli těh katempona mah loba urang Tionghoa, bangsa urang gě loba kětang, nyampur wě sabari ngarobrol.

Manggih nu kieu di Jl. Cibadak
Sapanjang Jl. Cibadak loba lampion nu digantungkeun luhureun jalan makě tapi rapia. Aya ogě gapura beureum paragi mapaěs acara Culinary Night nu hartina kurang leuwih icikibung barangdahar ti peuting. Aya ogě urut garduh listrik jaman baheula, wangunanna tohaga naker. Sabenerna di jalan ěta gě loba gang nu ngaranna kakara apal kuring mah, resep sigana mun ditalumtik hiji-hiji těh. Engkě sugan mun aya waktu rěk dipaluruh ah.

***

Tina ngaleut ěta, kuring manggihan sababara hal, di antarana nyaěta sabenerna urang Tionghoa těh katempona mah bisa layeut jeung bangsa urang těh. Nu kadua, kuring jadi panasaran saha sabenerna nu měrě ngaran “Pacinan”, maraněhna atawa bangsa urang? Lamun seug bangsa urang nu měrě ěta ngaran, hal ieu ceuk kuring siga hiji batas nu dijieun ku sorangan, da ěta ngaran těh karasa atawa henteu geus nyien hiji lolongkrang jang misahkeun urang jeung maraněhna. Komo pan anyeuna mah loba pisan kota nu miboga kawasan pa-Cina-an těh, tuluy sok dijadikeun tempat wisata ku balarěa. Hal ieu lila-lila asa jiga děrěnten atawa kebon binatang.

Ceuk kuring, kaayaan nu geus aya memang fakta sajarah nu teu bisa diulah-ulah, tapi mun tuluy-tuluyan dijieun hiji “kaaněhan” tangtu lila-lila bakal ngandelan deui tembok pamisah antara bangsa urang jeung bangsa maraněhna.

Urut gardu listrik
Tah, sakumaha nu geus dijelaskeun di mimiti ieu tulisan, dalit atawa henteuna antara urang jeung maraněhna těh jelas lain ngan ukur tina kaayaan ekonomi; nyondong atawa henteu. Tapi salahsahiji ogě tina cara urang mirosěa ka tempat-tempat nu aya hubunganna jeung sajarah bangsa Tionghoa.

Kuring ngahaja měrě jejer tulisan těh ku kecap “silih beulit”—kuring teu apal kumaha kaayaan lamun oray keur gelut—tapi maksud kuring lamun seug enya cara gelutna kitu, ieu těh minangka hiji siloka yěn bangsa urang jeung bangsa Tionghoa těh mineng pisang guntrengna. Tapi lamun “silih beulit” nandakeun kahaděan siga jalma nu keur sasalaman, nya ieu pisan nu baris dimumulě ku urang sarěrěa.

Wilujeng Imlěk, wilujeng nyorang taun embě kai, mudah-mudahan kahareupna rijki beuki ngocor loba, sing sararěhat, nu utamana bisa leuwih dalit jeung bisa leuwih silih ngajenan jeung papada bangsa nu sějěn. Cag! [ ]



Foto : Arsip Irfan TP

18 February 2015

Ulin ka Rumah Sakit Anjing Edan


Ti baheula, tapi teu baheula-baheula teuing sabenerna mah, da kakara sakola di Bandung těh taun 2002 ; kuring hayang asup ka komplěk Biofarma. Mun ngaliwat Pasupati tuluy nempo ka belah kalěr, eta gedong Biofarma katempo sakitu aggrěngna. Tapi kusabab dijagaan ku sababaraha satpam, jeung pantona gě salawasna katempo nutup waě, nyak boro-boro apal itu ieu di jerona, dalah ngalanto ka buruanna gě teu bisa. Nenjo těh ukur bisa ti kajauhan hungkul.

Nyak kamari pisan, poě Salasa (17/2/2015) aya ku kabeneran, barudak Komunitas Aleut ulin ka Biofarma, atuh kuring teu kalěkěd langsung wě milu daptar. Barang jol ka gerbang hareup, satpam geus rajěg, aya kana lima urang mah. Tuluy ketua rombongan měrěkeun surat ijin, teu kungsi lila bring wě barudak gě milu arasup.

Kuring saparakanca ditampa di rohangan paragi prěsěntasi, gigireun pisan rohangan paragi dahar, atuh ka beurangnakeun mah ting pelenghir kadaharan nu geus arasak těh. Enya da kitu, ceuk si ětěh (těh Yuni mun teu salah mah) nu nerangkeun gě, yěn pagawě Biofarma mah sapopoěna diběrě dahar. Eta gě bisa meuli dahar di luar cenah, ngan tempatna rada anggang ti kantor.

Sanggeus diuk sajongjonan, jol urang Biofarma tiluan, tuluy ngabagěakeun. Atuh ti Komunitas Aleut gě teu kurang-kurang nganuhunkeun. Kang Edwin jenenganna, anjeunna pisan nu saterasna nerangkeun ngeunaan sajarah Biofarma ti mimiti jaman Walanda tug dugika kiwari. Kuring jeung barudak pogot pisan ngadangukeun, da tětěla loba pisan hal anu kakara apal.

Měměh diěcěsjentrěkeun ngeunaan sajarah, widang usaha, sarta rupa-rupa vaksin jeung sěrum, dipiheulaan heula ku muter vidio jaman baheula. Barang nembongkeun jalma-jalma nu katarajang panyakit cacar api, kuring saharita ting puringkak bulu punduk; linu nakěr. Da katempo ěcěs pisan aya sababaraha jalma nu pinuh saawak-awak ku cacar api. Malah aya ogě budak leutik nu beungeutna tutung.

***

Mang Otten
Biofarma diadegkeun taun 1890. Mimitina mah di Batavia, tuluy taun 1923 pindah ka Bandung. Hal ěta alatan Pamarěntah Walanda ngarasa hariwang, yěn Batavia těh kacida babari pisan upama dijorag ku musuh. Boh ti darat, laut, atawa udara--kusabab kaayaan lemahna rata euweuh gunung atawa pasir hiji-hiji acan, nyak hal ieu nu dipikasieun ku Walanda těh.

Saměměh dingaranan Biofarma, ieu tempat paragi nyieun vaksin jeung sěrum těh ngaranna “Gedung Cacar dan Lembaga Pasteur”, matak jalan nu dihareupeunna gě dingaranan Jalan Pasteur. Saha atawa naon ari Pasteur těh?

Louis Pasteur nyaěta hiji jelema linuhung ku ělmu jembar ku pangabisa, nu babar jeung maotna di Perancis. Anjeunna nu narěkahan obat pikeun panyakit rabies nu disababkeun ku anjing ědan. Di sakuliah dunya, kurang leuwih aya 60 nagara nu miboga Institut Pasteur, salah sahijina di Indonesia, nu anyeuna ngaranna Biofarma.

Baheula mangsa rahayat katarajang panyakit cacar api nu pinuh saawak-awak, aya sababara jelema nu pagawěanna purah meres susu sapi, teu ngilu katěpaan. Nempo kaayaan ieu sababaraha jelema pinter ngarasa hěran, naha bet bisa kieu? Nyak antukna mah jang miceun kapanasaran, tuluy ditalumtik. Eta nanah tina cacar api těh disuntikkeun ka sapi, tuluy sanggeus kitu tina sapi dibawa deui cai, tah ěta cai těh disuntikkeun ka budak leutik; ěta budak salamet tina cacar api! Ti dieu mimitina dijieun vaksin cacar api těh.

Anyeuna panyakit cacar api geus euweuh di sakuliah dunya, matak vaksinna gě geus teu dijieun deui, tapi ari virusna mah aya kěněh diteundeun di WHO. Cenah panyakit polio gě sakeudeung deui bakal tumpur salilana jeung di sakuliah dunya. Da ěta we anyeuna mah geus jarang pisan aya budak nu keuna ku panyakit polio těh.

Kumaha carana nangtukeun hiji panyakit geus tumpur? Ceuk Kang Edwin nu ti Biofarma těa, nyaěta mun dina jero lima taun kahareup di sakuliah dunya geus euweuh deui nu katarajang, nyak ěta patokanna yěn panyakit těh geus disebut tumpur. Aya hiji conto, dina sababaraha taun ka tukang panyakit polia geus rěk disebut leungit, ngan dina taun 2010 aya hiji budak di Sukabumi nu katarajang, tungtungna teu tulus disebut “bebas polia” těh. Tapi insyaAlloh mun nepika taun 2018 di sakuliah dunya euweuh deui nu keuna ku polio, ěta panyakit těh baris “dipangsiunkeun” ka WHO, jeung vaksin-na moal dijieun deui.

Kira taun 1950-an katompernakeun, basa keur ramě anjing ědan nu matak nyieun rabiěs, ampir kaběh jelema nu kulawargana digěgěl anjing, pasti sok langsung dibawa ka Biofarma. Matak baheula mah Biofarma těh katelah “Rumah Sakit Anjing Edan”. Memang harita gě serum jang rabiěs geus aya, jadi teu melang teuing mun direwěg anjing ědan těh.

Kiwari vaksin jeung sěrum geus dijieun loba jeung rupa-rupa. Aya keur hěpatitis, flu, tětanus, polio, campak (tampek), jeung sajabana. Sasatoan nu dibutuhkeun jang nyieun sěrum, baheula mah aya kandangna di komplek Biofarma Jl. Pasteur, tapi anyeuna mah kusabab lebah dinya gě geus gegek pisan, matak sakur-sakur kandang sasatoan dipindahkeun ka Cisarua. Mun ti arah Lědeng atawa Jl. Koloněl Masturi mah saměměh Rumah Sakit Jiwa.   

Lapang mengbal
Mun urang nitěnan ngaran-ngaran jalan di sabudeureun Biofarma jeung Rumah Sakit Hasan Sadikin, urang tangtu baris manggihan nu ngaranna Jalan Ottěn jeung Jalan Nylan. Tah dua ngaran ěta jalan těh dumasar kana ngaran dua urang Walanda nu baheula kungsi mingpin Biofarma. Foto-fotona aya di Musium Biofarma, malah Ottěn mah aya patungna sagala.

***

Saba’da nerangkeun sajarah jeung rupa-rupa vaksin katut sěrum, Kang Edwin sareng si tětěh tuluy mawa kuring saparakanca ngurilingan komplěk Biofarma. Di dieu teu meunang sagawayah moto, sabab aya sababaraha tempat anu teu meunang, contona waě tempat produksi. “Punten nyak, engkin di tempat produksi mah teu kenging moto, margi seueur pisan cctv. Pami kayahoan tantos abdi sareng Kang Edwin nu diseuseulan,” saur si tětěh.

Bral wě rombongan indit. Nu mimiti ditempo těh nyaěta plakat nu ngajelaskeun yěn wangunan Biofarma těh salah sahiji cagar budaya nu ditangtayungan ku pamarěntah. Di deukeutna aya ukiran Dr. Nylan warna hideung.

Ti dinya tuluy ka musium nu di jerona aya poto-poto pamingpin Biofarma ti jaman walanda mula. Aya ogě sababaraha oray jeung bayongbong nu diair keras. Leuh, matak gila saliwat mah. Da ěta wě bayongbongna gě koatka gedě naker. Teu kaliwat aya ogě alat-alat urut penelitian baheula, lumayan lengkep. “Ah ieu mah da nu karawatan hungkul, janten teu patos seueur. Nanging sakieu gě atos uyuhan,” saur si tětěh.

Di dinya gě aya patung Dr. Ottěn nu jangkungna sadada, cenah mah anjeunna těh urut pamaěn BIVB (Persib anyeuna mah) nu munggaran. Asa kaingetan, di ieu komplek těh aya hiji lapang měngbal paragi maěn pagawě nu di tengahna aya hiji tangkal gedě. Teuing tangkal nanahaon, Ki Hujan sigana mah, da ěta wě meni badag jangkung tur ariuh. Kuring sajongjonan ngabayangkeun, kumaha mun keur pogot měngbal tuluy jalma poho yěn di dinya těh aya tangkal gedě, sok paur diadu wě jeung tangkal, kacipta pohara nyerina meureun.
Sanggeus seubeuh motoan nu aya di jero musium, tuluy rombongan neruskeun ka tempat produksi. Leuh aya ku reuwas, barang kuring jeung barudak keur jongjon leumpang, na ari beledug-beledug těh sora kawas karbit dibeuleum tina paralon leutik, jaba ngaluarkeun haseup deuih. Ceuk si tětěh tong sieun, da ěta mah haseup nu teu bahaya cenah.

Pas ngaliwatan tempat produksi mah wayahna kuring saparakanca teu boga dokuměntasi pikeun arsip. Tapi aya hiji nu lumayan nyieun bungah, nyaěta di tukang deukeut lapang měngbal, handapeun tangkal sawo pisan aya hiji tutunggul. Saurna mah ěta těh tutunggul urang Jepang nu baheulana milu ulukutek dina ngarojong Biofarma. Basa anjeunna maot, sateuacan ngantunkeun, cenah aya hiji wasiat; měnta sawarěh lebuna diawurkeun di Indonesia. Tah nu nyieun bungah těh pědah ěta tutunggul mah meunang dipoto.

Samet dinya rombongan baralik deui ka tempat mimiti. Barang keur laleumpang, di beulah katuhu jalan aya kulkas garedě. Lain kulkas siga nu di imah, ieu mah kulkasna gě siga kandang, baradag jeung tohaga naker. Suhuna antara dua nepika dalapan darajat cělcius. Dina palebah pantona aya tulisan “maksimal di dalam 15 menit (paling lila di jero 15 menit)”, bisi kabulusan tuluy jengker meureun matak ditulisan kitu gě.


Saměměh mulang ka imah sěwang-sěwangan, rombongan dipoto heula hareupeun wangunan nu pang alusna. Aya meureun genep kali mah. Leuh Alhamdulillah, kabul kahayang těh. Geus teu panasaran deui ka Rumah sakit Anjing Edan těh anyeuna mah. Nuhun pisan ka Biofarma sarěngrěngan nu tos masihan widi kanggo kukurilingan, utamina kanggo Kang Edwin sareng si tětěh nu nganggo anderok beureum, nuhun pisan. Cag! [ ] 

Tutunggul urang Jepang