26 February 2015

Ngawanohkeun Maněh di Radio Ardan


Poě Seněn kamari, tegesna ping 23 Pěbruari 2015, kuring jeung opat babaturan nu sějěn ti Komunitas Aleut diondang ku Radio Ardan pikeun ngeusi hiji acara nu diběrě jejer #BdgBgt (Bandung Pisan). Saenyana ěta těh lain nu munggaran pikeun Komunitas Aleut mah, sabab saměměhna kungsi ogě diondang ku Ardan dina waktu jeung acara nu sarua, nyaěta ping 28 Oktober 2013.

Naha cenah basana makě “ngawanohkeun” lain “ngenalkeun”? Ceuk pamanggih kuring; dina umur nu geus lumayan lila (ampir salapan taun), Komunitas Aleut pikeun warga Bandung mah pantesna kudu geus aya di tingkat “wanoh” lain kakara di “kenal” wungkul.

Naon alesanna? Kahiji, sabab unggal minggu, tegesna unggal poě Ahad sok aya waě acara ngaleut anu dina prakna tangtu ngulampreng di sababraha juru Kota Bandung, ieu pastina gě sok katempo ku warga Bandung. Nu kadua, apan anyeuna těh jaman geus sakieu majuna, ngawawarkeun běja gě geus teu usum makě toa di masigit (iwal ngumumkeun nu maot), tah hal ieu tangtu diigělan ogě ku Komunitas Aleut ku nyieun sababaraha akun mědia sosial, di antarana waě; twitter, facebook, instagram, path, jeung sajabana.

Ardan těh nyaěta hiji radio nu geus kakoncara pisan di sakuliah Bandung mah, lamun seug aya urang Bandung nu teu apal Ardan tangtu matak hělok. Radio nu miboga frěkuěnsi di 105,9 ieu těh pada dipakarěsěp ku budak ngora utamana dina acara Nightmare Side (carita jurig nu matak purinding puringkak), jeung geus lila deuih ieu acara těh. Kuring gě ti mimiti baheula kuliah di Ciwaruga geus apal kana acara ieu mah.

Atuh basa Komunitas Aleut rěk siaran těh ceuk kuring asa pas pisan. Keur mah nu ngaděngě Ardan těh lolobana budak ngora, katurug-turug deuih hayang ngawanohkeun sajarah ka budak ngora. Dina prakna, nyaěta pukul 10 peuting, barudak katut kuring geus daratang ka Jalan Cipaganti atawa Wiranatakusumah. Di buruan Ardan ngariung sajongjonan. Aya Vecco, Arya, Daniya, Gita, jeung kuring.

Teu lila sup ka jero nu tuluy ditampa ku Kang Handi jeung Těh Eiza. Ngobrol heula sakeudeung sabari maca skrip, tuluy asup wěh ka rohangan nu buni ku kaca pikeun siaran. Rumasa kaasup anyar kěněh jeung can loba kanyaho, kuring mah teu pati loba catur pikeun ngajelaskeun, lolobana mah Arya we jeung Vecco, kajaba kordinator těh maraněhna mah pan geus lila di Komunitas Aleut-na gě, tangtu leuwih rěa kanyahona.

Kurang leuwih 1,5 nepika 2 jam siaran těh, lumayan rada lila, jadi loba ogě běja nu bisa ditepikeun ka “insan muda” (kanca kaum dangu Radio Ardan). Ti mimiti sajarah nepika kumaha carana mun hayang gabung jeung milu ilubiung jeung Komunitas Aleut, kaběh Alhamdulillah katepikeun. Atuh ditempo dina twitter gě teu saeutik nu milu ngabandungan.

Jam 23.59 tengah peuting acara běrěsan. Tuluy dipoto heula jang dokuměntasi. Sanggeus amit atuh bral wě pada balik ka imah sěwang-sěwangan. Kuring balik ka Sarijadi, Vecco balik ka Jl. Logam makě karěta angin atawa sapědah (euweuh kacapě jelema těh). Nu tiluan deui mah teuing baralik ka mana, kuring teu apal.

Nuhun pisan ka Radio Ardan anu tos kersa siaran sareng Komunitas Aleut, mugi kapayun tiasa langkung cool and lovely. [ ]


Foto : Arsip @handiARDAN

No comments: