08 March 2015

Pileuleuyan Toko Buku Djawa


Di Jalan Braga, méh pahareup-hareup pisan jeung réstoran Braga Permai, aya toko buku nu ngaranna Toko Buku Djawa. Kira dua minggu ka tukang, basa babaturan kuring—wanci haneut moyan,  ngaliwat ka hareupeun éta toko, cenah katingali aya sababaraha jalma nu keur ngangkutan buku jeung majalah. Sabab teu pati yakin, nya isukna kuring ningali sorangan ka lebah dinya. Ana nepi, enya wé toko téh geus kosong. Buku, majalah, poto, kartu pos, jeung barang jualeun nu séjénna geus teu nyésa hiji-hiji acan.

Toko buku ieu ditutup alatan nu meuli ka dinya geus langka pisan. Kuring kungsi sababaraha kali balanja buku di dinya. Hiji waktu basa kuring keur nempoan buku jang beulieun, di jero tiiseun pisan. Iwal ti kuring jeung si tétéh nu nungguan toko, euweuh deui jalma séjén nu ngadon ngalanto ka jero. Mun ditempo tina harga, saenyana harga buku-buku di dieu teu béda jeung nu di toko buku gedé. Tapi teuing kunaon asa ku langka-langka teuing nu balanja di dieu mah.

Toko Buku Djawa diadegkeun taun 1955, ampir bareng jeung diayakeunna Konpérénsi Asia Afrika, hartina umur éta toko buku téh geus ampir 60 taun. Dina waktu nu panjang éta, Toko Buku Djawa kungsi ngalaman “géngsi” nu lain lumayan. Maksudna mun warga balanja buku di dinya, bisa disebutkeun leuwih pinunjul batan mun meuli di toko buku nu séjén. Tapi ku lantaran beuki dieu beuki kaséréd ku saingan nu teu saeutik, atuh puguh wé kayaanna beuki ripuh.

Anyeuna toko nu geus kosong téh dijagaan ku dua urang jelema. Ti luar mah sok katempo keur maraén catur. Bakat ku hayang nyaho, nya kuring ngawanikeun manéh asup ka jero, tuluy tatanya ka nu duaan. Dumasar tina katerangan nu ngajagaan toko, nu gaduh toko buku téh saurna Nyonya Tung (yuswana tos 80 taun), anjeunna badé ngalih ka Australia. Éta toko téh kapayunanna baris dijadikeun toko kadaharan atawa sapatu, can pati tangtu saurna.

Mun urang nempoan jalma nu sok ngaradon popotoan di sapaparat Jalan Braga, utamana nu popotoan pikeun kaperluan “Pra Wědding”, Toko Buku Djawa téh minangka kaasup pang minengna dijadikeun “Background” jang dipoto. Hal ieu bisa jadi lantaran lolobana mah di Jalan Braga téh toko kadaharan, kuayana toko buku nyieun hiji kamonésan nu alus pikeun dijieun poto. Katambah deuih wangunanna masih kénéh wangunan jaman baheula, lumayan kauurus, jeung masih tohaga.

Anyeuna toko buku nu nyésa di Jalan Braga kari dua siki deui. Kahiji nu aya palebah péngkolan, nu tokona dicét beureum. Nu Kadua nu gigireun Jalan Kejaksaan, nu témbok wangunanna loba dicurat-corét ku pilok. Teu mustahil dua toko buku ieu gé hiji mangsa mah baris “tilar dunya” kawas Toko Buku Djawa, lamun seug dagangna tuluy-tuluyan tiiseun.

Kang Ridwan Hutagalung (nu nyerat buku Braga, Jantung Parijs van Java) basa diwawancara ku salah saurang wartawan hiji koran gedé sasauran, “Basa hotél nu jangkung di Jalan Braga diadegkeun, kuring jeung babaturan protés ka ditu-ka dieu, sabab naon? Éta hotél téh geus ngagantikeun wangunan-wangunan kolot nu pinuh ku sajarah. Tapi orokaya, euweuh nu ngadéngékeun. Tah, kuring paurna hal siga kitu téh bakal kajadian deui, nu ahirna urang lalaunan ngahapus ingetan sajarah urang sorangan.”

Terus kumaha carana sangkan wangunan-wangunan kolot nu pinuh ku sajarah téh bisa tetep ngadeg? Numutkeun Kang Ridwan mah saurna kedah aya kasadaran ti urang saréréa. Kututupna Toko Buku Djawa téh kudu dijieun pelajaran ku sing saha waé nu paduli kana wangunan-wangunan titinggal jaman baheula. Anjeunna neraskeun, yén cara nu basajan tapi keuna, nyaéta ku meuli barang-barang nu dijual di toko nu nempatan wangunan heubeul.

Ku dibeulianna éta toko, bisa mantuan ngalantarankeun kabutuhan sapopoéna kacumponan. Atuh mun seug beuki loba nu balanjana, tangtu lain ngan ukur kabutuhan sapopoé wungkul, dalah kauntungan pikeun tuluy ngagajih pagawé, mayar séwa jeung pajeg gé tangtu baris lancar.

Tah, ku hal sakituna, ieu luyu sareng sasauran Kang Ridwan, “Loba pisan jalma nu protés jeung ambek-ambekan basa wangunan-wangunan cagar budaya diruntuhkeun, tapi maranéhna teu nyieun lampah nanaon. Ari ngamumulé hayang, tapi carana siga nu teu apal, pan ieu teu adil. Nya minimal beulian atuh toko-toko nu nempatan wangunan heubeul téh. Hal éta basajan katempona, tapi keuna kana tujuan.”

Ti dua minggu ka tukang nepi ka hareupna (teuing nepi iraha), Toko Buku Djawa téh baris ngan ukur panineungan. Masih inget kénéh basa kuring meuli buku ngeunaan komplék candi nu kapanggih di Karawang: barang kuring asup ka toko, si tétéh nu nungguan katempo keur ngalamun, meureun dina panyawanganna éta toko buku téh moal lila deui. Teu sangka anyeuna geus ninggang di mangsa. Pileuleuyan Toko Buku Djawa. [irf]



Foto : Arsip Irfan TP

1 comment:

Mumun said...

Terima kasih untuk blog ini! Lagi! Lagi! Karena Toko Buku Djawa sudah jadi cafe, bikin review lagi dalam bahasa Sunda!