03 April 2015

Kim Jong-un Nungguan di Babakan Ciamis


Kurang leuwih geus dua minggu kuring cicing di dieu, teu jauh ti walungan Ci Kapundung nu kiruh jeung bala ku runtah. Urang deui nyebutna Babakan Ciamis. Mun rěk ka jalan gedě kuring kudu leumpang heula sababaraha meter, mangkě brasna ka Jl. Perintis Kemerděkaan, gigireun pisan gedung Indonesia Menggugat. Cenah ěta gedung těh baheulana urut presiden Indonesia nu munggaran basa macakeun plědoi di hareupeun pangadilan Walanda. Kuring reueus ka mantenna, tětěla dina raraga ngalawan kolonialisme, anjeunna mělaan dipiceun jeung dibui.

Di dieu mah mun teu boga motor atawa mobil sorangan, wayahna mun rěk kamamana těh kudu numpak angkot nu di jerona heurin pisan. Mimitina kuring hěmeng, da kakara pisan numpak mobil jiga kieu, di Korěa belah Kalěr—di nagara kuring, angkutan samoděl kieu těh euweuh. Teuing ari di Korěa belah Kidul mah, kuring teu hayang nyaho, nincak taneuhna gě cadu! Haram keur kuring ari kudu kukulintingan di nagara si nurus tunjung mah!

Kuring kasebut arang langka indit-inditan ka nagara batur, nya ka Bandung těh bisa kasebut nyaba nu munggaran. Ti baheula kuring hayang nganjang ka dieu těh, ngan can pareng waě, ma’lum di nagara sorangan sok loba waě uruskeuneun. Tah, kakara anyeuna laksana kahayang těh. Teu nyalahan, tina bucu-baca na internět, enya we Bandung těh geuning ěndah. Alamna ěndah, komo wanojana mah. Nu disebut geulis těh lain bobohongan. Paingan Kang Doel Sumbang kungsi nyieun lagu nu unggelna kieu :

Kulit kelir koněng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawěr hayam
Panon coklat kopi susu

Apal lagu ěta sotěh pědah tatangga di Babakan Ciamis osok muter. Sorana rada tarik meueusan, jadi sok kareungeu ku kuring. Lila-lila nya lumayan rada apal. Lian ti geulis těh saroměah deuih wanoja di dieu mah, matak betah nenjona. Kungsi harita basa naěk angkot jurusan St. Hall-Ciumbuleuit—basa kuring rěk ka ngawadang di Punclut, aya sababaraha wanoja nu měrě seuri ka kuring sabari naros, “mau pergi ke mana mister?,” duh ěta imutna meni ngagelenyu. Gancang wě ku kuring diwaler, “badě mios ka Punclut, něng.” Maraněhna rareuwaseun, pědah kuring bisa basa Sunda meureun.

Di Punclut kuring manggih kani’mat nu lain lumayan. Enya gě kakara manggih jeung ngasaan jěngkol katut peuteuy, tapi ana pel dina lětah jeung tuluy digayem, kuring geus ngarasa cocog. “Gusti, ngeunah pisan ieu kadaharan těh,” kitu gerentes kuring dina hatě. Ditambah ku sambel tarasi dadakan jeung lauk jambal roti nu dagingna muruhpuy, lain bobohongan kuring kuatka sababarahakali nambah sangu. Si euceu nu jualan mah teu loba catur, jongjon wě ngaladangan sagala paměnta kuring.

Ngan aya hiji nu matak hariwang těh, tětěla di Punclut nu sakitu ěndahna , geus loba pasir nu gundul. Sok paur hiji mangsa beuki loba jalma nu ngabukbak pasir jeung leuweung sabari teu dibarengan ku kanyaah. Apan teu saeutik anyeuna mah jalma těh nu nyarieun hotěl jeung vila di tempat-tempat nu matak ngaganggu sěkě. Atuh balukarna beuki hěsě wě manggaihan cai nu beresih těh.

Ti ka anggangan kuring nempo ka handap, ka dayeuh Bandung. Kota nu baheula urut situ těh anyeuna mah geus kacida gegekna, teu salah ceuk kokolot urang Sunda baheula, yěn Bandung těh cenah baris heurin ku tangtung. Anyeuna geus kabuktian.

***

Enya gě can lila cicing di Bandung těh--pan tadi disebutkeun kakara dua minggu, tapi ampir unggal poě kuring kukurilingan makě angkot mapay-mapay dayeuh Bandung. Dua poě ka tukang kuring ulin ka Jl. Braga jeung Jl. Asia Afrika, sihorěng keur loba nu digawě. Aya nu keur měrěskeun trotoar, aya nu masang lampu, atuh aya ogě nu keur ngecět sababaraha wangunan nu katempona masih tohaga naker.

Tapi mun diilik-ilik, naha ngan trotoar di dua jalan ieu hungkul nu dibebenah těh? Naha ari trotoar nu di Jl. Riau jeung sajabana mah asa teu kaurus? Pědah rěk nyanghareupan konpěrěnsi meureun matak dibebenah gě? Mun seug enya kitu, meureun di Bandung mah mun rěk hajat gedě hungkul ngabebenah jeung mamantes dayeuh těh. Ari ceuk pamanggih kuring mah teu bisa kitu, da nu ngaranna ngabebenah jeung mapantes dayeuh mah kudu unggal waktu, boh ku pamarěntah pon kitu deui ku rahayatna. Ah, mending mengkě tanyakeun langsung wě ka Kang Ĕmil, měh leuwih ěcěs.

Hawar-hawar kuring ngadangu yěn mangkě Pemkot Bandung baris měrě batu ali ka unggal dělěgasi konpěrěnsi, cenah minangka jang kenang-kenangan. Hal ieu meureun pědah batu ali keur ramě pisan, keur pada mikaresep. Da enyaan atuh, basa kuring ngalanto ka Margahayu Raya jeung Jl. Pungkur, eta mah loba jelema keur ngarariung tukang ngasah batu. Kuring bener-bener teu ngarti, palebah mana alusna makě batu ali? Tapi keun waě kětang, meureun ieu nu ngaranna kabeungharan budaya těh.

Ngan aya ogě kahariwang těh, cenah anyeuna nu raresep kana batu ali těh geus ngagalaksak kana situs-situs sajarah titinggal karuhun. Beu, kacida mun seug enya těh. Mun di nagara kuring rahayatna model kieu, meureun teu digaplokan mah hiji-hiji. Punten kasar, kesel atuhda. Piraku jang nedunan karesep nepika rěk ngorbankeun nu leuwih penting; nyaěta bahan atikan sajarah. Tah di dieu pisan kuring rada kurang panuju jeung Pemkot Bandung, hususna Kang Ridwan Kamil, nu badě maparin olěh-olěh batu ali. Sok sieun alatan kieu, nu ngagalaksak kaditu-kadieu bisi ngarasa diběrě angin ku pamarěntah.

Tong hěmeng, kuring nu dina tipi jeung internět mah kawěntar galak jeung sok jamedud waě, sabenerna mah sarua wě siga jelema nu sějěn, boga rasa jeung sikep nu hadě. Najan kuring sok dijejeleh ku nagara deungeun, atuh hususna ku si nurus tunjung jeung balad-baladna, tapi kuring boga kayakinan, yěn masih loba ogě nagara nu sějěn nu masih ngaajěnan ka kuring jeung nagara kuring.

Ari Indoněsia mah tong diomongkeun deui, apanan geus kabuktian, salila dua minggu kukurilingan di Bandung panampian rahayat di dieu mah kacida hadě pisan. Handap asor jeung děpě-děpě ka sěmah těh. Enyaan kuring ngarasa reuseus, tětěla kalimah “soměah hadě ka sěmah” těh lain ngan ukur dina biwir, tapi bener-bener nembrak dina kahirupan sapopoě.

Nyanghareupan Konpěrěnsěnsi Asia Afrika anu baris diayakeun kurang leuwih dua minggu deui, kuring sabenerna geus loba pisan nyieun agěnda piomongeun. Malah geus aya sababaraha lambar catetan ngeunaan sagala rupa pasualan nu aya pakuat-pakaitna jeung kaayaan di wewengkon Asia jeung Afrika kiwari. Ngan hanjakal, sabab kuring geus rada lila nganjang di Bandung, jeung di nagara sorangan bisi aya uruskeuneun atawa karerepet anu ngadadak, kuring can bisa mastikeun milu atawa henteu kana ěta konpěrěnsi těh.

Upama těa mah kuring teu bisa milu, nya kuring ngaraharepkeun pisan sangkan acarana lancar katut bisa ngahasilkeun sababaraha kaputusan anu aya gunana pikeun kahirupan nagara-nagara Asia jeung Afrika hususna, atuh umumna pikeun kahirupan sakuliah dunya. Sabab lebar mun ieu hajat těh ngan ukur sěrěmonial hungkul. Lebar, sabab dina denget ieu loba pisan pasualan nu kudu gancang  diběrěskeun. Ti mimiti pasěa Israěl-Palěstina, transisi pamarěntah di Mesir, perang di Suriah-Irak jeung ISIS-na, tepika pěrang di Yaman; ěta kaběh ngabutuhkeun jalan kaluar anu hadě pikeun kahirupan nu leuwih tingtrim ka hareupna.

Nya sakitu waě, hampura bisa dina prakna acara kuring teu bisa milu. Lain teu hayang, da kumaha deui atuh geuning kieu ari jadi pamingpin mah, teu weleh sibuk ku agěnda. Cag sakitu waě nya, anyeuna kuring rěk balik heula ka Babakan Ciamis, rěk ngopi heula jeung barudak tatangga di kantor kelurahan sabari lalajo PERSIB. Mangga ah! [ ]   
  
Saperti dicaritakeun ka nu nulis ku Kim Jong-Un (Presiděn Korěa Utara)—di rohang imajinasi.  

Foto : Arsip Irfan TP

No comments: