05 July 2025

Pager Ayu

Karya: Dede Mudopar

Tadina mah mugen. Horéam milu. Ngan si Uton mani maksa ngajak ngabaturan. Ngabaturan ka ondangan kawinan babaturanana di Maja.

Kuring jeung si Uton datangna rada pandeuri. Teu bareng jeung rombongan pangantén lalaki. Anjog ka tempat nu boga hajat téh balandongan geus pinuh ku tatamu ti pihak lalaki nu nganteurkeun jeung ti pihak awéwé nu nyampakkeun. Lah rék diuk di tukang wé, ceuk pikir. Tapi si Uton ngabebedol leungeun, séséléké ngajak diuk rada di hareup, tukangeun para sesepuh. Méh atra ningali akadna, cenah.

Katingali pangantén lalaki diuk dina korsi panjang diapit ku lebé jeung ajengan. Nyanghareupan méja nu jangkungna méh satuur. Na méja katangén aya surat kawin jeung kado dibungkus ku kertas nu rupana konéng emas. Jigana jerona mas kawin. Hareupeun éta méja aya deui korsi panjang nu kosong kénéh. Keur diuk pangantén awéwé meureun.

MC muka acara. Terus ngamanggakeun ka pangantén awéwé supaya diuk dina tempat nu geus disadiakeun. Korsi panjang téa. Kurunyung pangantén awéwé diaping ku pager ayu di kénca-katuhueunana.

Kuring merhatikeun panganten lalaki nu ngan katempo tonggongna. Katangén naék turun. Rénghap-ranjug. Geumpeur tayohna. Bisi salah ngomong dina waktu ijab kobul.

Pangangguran kuring ngarérét ka pager ayu katuhueun pangantén awéwé. Ké asa wawuh, ceuk pikir. Ngan saha éta? Di mana? Sugan pédah kahalangan nu make up nu kandél, jadi mani hésé nginget nu diteuteup téh. Uleng mikir. Nginget-nginget bari angger teu leupas neuteup si pager ayu. Inget! Gebeg. Ngagebeg. Yati. Geuning Yati. Enya Yati. Moal salah. Yati.

Geus teu kadéngé sora MC nu ngatur acara. Geus teu maliré deui runtuyan acara nu keur dilakonan. Kuring ngadon ngahuleng bari teuteup teu leupas ti si pager ayu. Tapi nu diteuteupna mah bangun teu sadareun, anteng wé tungkul bari ngiplik-ngiplik kipas. Ngipasan pangantén.

Enya Yati, gerentes haté. Yati nu éta. Nu baheula kungsi tapa salila-lila di jero haté. Yati nu tujuh taun katukang ngeusi sanubari tur teu bisa ditukeuran nu inten. Yati nu tungtungna ngajejewet haté kuring. Yati nu tujuh taun katukang ngudar jangjina. Jangji duaan. Jangji hirup babarengan. Yati nu ingkar tina jangji alatan kagoda ku banda. Kagoda ku harta. Kawin jeung harta.

Harita. Tujuh taun katukang. Yati kawin. Sanggeus kawin, tuluy manéhna pindah ti lembur. Ka Jatitujuh cenah pindahna téh. Dibawa ku salakina. Haté peurih. Peurih pisan. Pikeun ngabangbrangkeun haté nu tatu, kuring ngumbara ka Ciamis. Nya di Ciamis pisan kuring panggih jeung Nani. Nani nu anyeuna jadi pamajikan kuring. Nani nu bisa ngagantikeun Yati. Nani nu asih jeung geugeutna bisa matak poho ka Yati. Yati nu jadi indung budak kuring.

Tapi naha anyeuna nu kapikiran téh ngan Yati? Yati nu aya di hareupeun kuring. Lain Nani nu kapikiran téh. Lain. Tapi Yati. Teu inget ka haté nu kungsi raheut ku manéhna. Nu aya na haté téh ngan asih nu baheula leungit, kahilian ku asih nu anyeuna eunteup deui. Jadi deui. Hejo deui. Nyaliara deui.

“Alfatihah...”

Kuring ngarénjag. Sadar tina lamunan. Bakat husu ngalamun teu sadar geus réngsé akad nikah téh. Du’a panutup gé geus bérés. Tuluy dua pangantén diiringkeun asup ka imah... Angger diaping ku para pager ayu. Yati salah sahijina.

MC ngamanggakeun ka para tatamu supaya parasmanan heula. Si Uton, di gigireun cengkat.

“Hayu dahar heula, No!” ceuk si Uton.

“Nam we ti heula,” tembal kuring. Si Uton ngaléos, muru parasmanan. Kuring ngajentul kénéh dina korsi. Ngalamun kénéh. Ngalamunkeun si pager ayu téa. Yati téa. Aya nu noél kana cangkéng, kuring kagebah tina lamunan, barang dilieuk, geuning... Yati. Yati geus diuk di  gigireun.

“Kang Nono?” nanyana bari neuteup. Teuteupna. Teuteup nu baheula.

“Muhun, Yati?” tembal kuring.

“Muhun, Akang geuning aya di dieu? Damang Kang?” Yati imut. Imut nu baheula.

“Ieu nganteur réréncangan. Alhamdulillah damang. Yati bet aya di dieu? Sanés kapungkur basa ngalih téh ka Jatitujuh?” omong kuring.

“Pan dua taun kapengker abdi sareng pun lanceuk téh ngalih ka dieu, ka Maja. Nembé sataun di dieu, pun lanceuk ngantunkeun,” tembal Yati. Tungkul. Paromanna robah. Jadi alum.

“Ngantunkeun? Innalillahi,” ceuk kuring bari neuteup. Yati tungkul kénéh. Geuning Yati téh geus jadi randa, ceuk kuring na haté.

“Eu... Yat, tos kagungan sabaraha putra?” tanya téh, mengpajarkeun jejer omongan.

“Numawi, Kang, abdi mah teu gaduh putra. Ditakdirkeun moal gaduh turunan ku Pangeran. Ari Akang tos kagungan sabaraha?” tanya Yati bari beungeutna cengkat deui. Neuteup deui. Kuring teu langsung némbal. Ngahuleng heula. “Gabug” geuning Yati téh.

“Eu... Akang mah tos gaduh dua. Lalaki sadayana,” témbal kuring.

“Euleuh pameget sadayana? Karasép panginten nya? Jiga ramana,” ceuk Yati. Imut. Imut nu asa béda. Asa ngagoda. Haté jadi teu pararuguh rarasaan.

“Heuheu... muhun atuh,” témbal kuring bari nyéréngéh. Yati ngan imut.

“Euh Kang, sindang atuh ka rorompok, da caket ti dieu téh, tah lebet ka gang nu éta,” Yati nunjuk ka gang peuntaseun imah nu boga hajat.

“Mangga Yat, sanés waktos wé, isin ongkoh,” cekeng.

“Ih, iraha sanés waktos téh? Yu anyeuna wé sindang heula. Jih isin ku saha da teu aya sasaha. Yu Kang ngobrolna cuang di rorompok wé, méh rinéh ongkoh ngobrolna,” Yati néréwéco.

Kuring ngahuleng. Anéh. Haté nu baheula kungsi ngedalkeun “cadu” kudu ngomong deui jeung Yati anyeuna bet léah. Haté nu baheula gorowong ku Yati anyeuna bet jadi cageur ku kabungah. Bungah pédah panggih deui jeung Yati. Yati nu baheula...

“Mangga atuh,” kuring cengkat. Yati cengkat.

“Antosan heula sakedap, Yat!” ceuk kuring bari ngaléos rék néangan si Uton. Kapanggih si Uton keur nyerebung udud na korsi, bérés dahar tayohna.

“Ton, bisi rék balik mah jung wé ti heula. Heug pangbéjakeun ka Nani, kuring balikna peuting, da rék ka Talaga heula, rék nyimpang heula ka Wa Haji, kituh. Peupeujeuh nya Ton béjakeun,” ceuk kuring.

Katingali beungeut si Uton rada kerung. Pinuh kahéran. Kuring langsung ngaléos. Teu ngadagoan jawaban Uton. Muru Yati. Kabetot ku imut Yati. Yati nu baheula... [ ]

 

Jatinangor, 24 Pebruari 2010

 

No comments: