Tuluy
kuring ngojéngkang ka pipir imah Mang Suma. Gigireun imah Mang Hadi.
Dodongkoan. Si Emus nuturkeun. Datang ka pipir. Cingogo deukeut tatapakan. Kaayaan
rada caang. Kasorot ku lampu ti gigireun imah Mang Suma. Hulu dielolkeun. Si
Emus pindah ka gigireun. Ngelolkeun sirahna. Atra ka dapurna imah si Emus.
Kaayaan
pipirna remeng-remeng. Ngan kacaangan ku lampu ti pipir imah Mang Hadi.
Katingali aya jalma nangtung hareupeun panto dapur si Emus. Si Ohim. Teu salah.
Dedeganna ogé. Tuluy manéhna keketrok. Keketrok sababara kali. Can aya nu muka.
Kuring ngarérét heula ka si Emus. Beungeutna geuneuk. Huntuna kekerot. Kulutrak
panto dapur si Emus aya nu muka. Nyi Wiwi jigana. Sup si Ohim asup. Kuring teu
lemék. Hate bet milu heneg. Milu kekerot.
“Mus,
kumaha ieu? Naha cuang buburak waé ku urang?”
Nu
ditanya teu némbal. Kabayang kumaha rarasaan si Emus harita.
“Buburak
wé lah,” ceuk kuring bari nguniang. Nangtung. Can gé ngaléngkah, si Emus kaburu
metot leungeun.
“Ulah
Kang! Keun waé,” si Emus ngomong bari milu nguniang nangtung. Tuluy ngaléos.
Kuring kerung. Anéh. Héran. Asa hayang ambek. Keuheul ku si Emus! Euweuh
peujitan kitu si Emus téh? Gerentes kuring. Kapaksa kuring nuturkeun. Keun
hayang nyaho, rék kumaha cenah. Dituturkeun téh ngadon ka garduh. Nangkeup tuur
deui. Kuring milu diuk gigireunana. Ibun mimiti nyaab. Hawa peuting nu biasana
tiis teu karasa. Ngahéab nu aya. Kalah hareudang. Kakara rék pok ngomong, si
Emus miheulaan.
“Kang,
ulah waka lapor ka RT nya! Keun waé. Éta mah urusan kuring jeung Nyi Wiwi jeung
si Ohim,” pokna.
Kuring
teu némbal. Heneg. Da tadi téh rék ngomong rék lapor ka RT. Ari anyeuna si Emus
ngomong kitu. Lain lalaki sia mah Mus! Mun ku aing mah geus dicacag tah si
Ohim! Dipeuncit ku aing mah! Cekeng na jero haté.
Sora
bueuk dina tangkal nangka teu eureun-eureun. Katambahan ku sora daun awi nu
katebak angin peuting. Tangkalna milu kaoyagkeun. Ngaréot paadu jeung papadana.
Sorana lir jalma nu patingcorowok. Kuring ngadon ngajaranteng. Asup kana lamunan
séwang-séwangan.
Geus
kadéngé aya nu tahrim di masjid. Si Emus ujug-ujug ngaléos. Teu ngomong heula. Kuring
ngan nyérangkeun di tempat diuk. Kuring gé balik. Dibaturan ku nyecepna ibun
janari. Nu angger teu karasa tiis. Teu matak niiskeun.
Datang
ka imah langsung gogoléran. Teu bisa saré. Kabayang waé kajadian tadi. Kabayang
waé beungeut si Emus. Nu geuneuk. Napsu. Tapi euweuh kawani. Si Emus nu euweuh
peujitan. Lain lalaki! Danten sia mah Mus! Haté néréwéco waé. Tungtungna mah
reup teu inget bumi alam.
Kuring
kahudangkeun ku nu garandéng di jalan hareupeun imah. Ngarérét heula kana jam
dinding. Geus tabuh sapuluh geuning. Kuring buru kaluar. Aya pamajikan keur
guntreng waé jeung tatangga. Di jalan loba jalma lalumpatan ka kulonkeun. Aya ogé
nu leumpang rurusuhan. Ka kulonkeun.
“Nyai,
aya naon mani asa riweuh kieu?” cekeng nangtung dina golodog.
“Si
Ohim aya nu meuncit, Kang!” témbalna rada ngagorowok. Kuring reuwas. Buru turun
kana golodog.
“Di
mana?”
“Di
saung deukeut walungan. Tuh mayitna gé di ditu kénéh. Buru ka ditu! Geus aya
pulisi malahan mah, anyeuna ogé geus bung-beng pulisi mah naréangan si Emus,
curigauen ka si éta da ti isuk geus euweuh. Cenah mah tadi isuk-isuk aya nu
manggihan di Talaga. Naék mobil jurusan Bandung. Rurusuhan,” pamajikan néréwéco.
Kuring
teu némbal. Asup deui ka imah. Buru disalin. Hareupeun eunteung. Neuteup kalangkang
kuring na eunteung. Kolébat si Emus. Kolébat Nyi Wiwi. Kolébat si Ohim. Kolébat
bedog. Patingkolébat. Na eunteung. Gidig kuring kaluar. Rurusuhan. [ ]
Jatinangor,
16 Maret 2010
(*)
Mahasiswa Sastra Sunda Unpad tur aktif di Institut Nalar Jatinangor.
No comments:
Post a Comment