25 June 2025

Eunteung (Bagian 1)



Karya Dede Mudopar


Mani horéam sabenerna mah. Tiris. Tapi da kawajiban. Ngaronda. Kabagéan ngaronda. Tabuh sapuluh kakara turun ti imah. Sajajalan ti imah ka garduh mani tiiseun. Jempling. Sora gaang jeung jangkrik nambahan simpéna peuting. Geus pada sararé jigana. Carapéeun. Ma’lum usum gawé. Usum macul.

Ti jauh geus katingali di garduh aya nu cindukul. Ngan sorangan jigana téh. Saha nya ceuk pikir. Geus deukeut karék atra. Si Emus horéng. Si Emus keur cindukul diharudum sarung. Ngahareupan goréng ulén sapiring, térmos, jeung gelas tilu na baki nu geus aya kopian.

“Aéh geuning Emus? Iraha balik ti kota, Mus?” ceuk kuring bari asup ka garduh. Solongkrong ngajak sasalaman. Si Emus rada reuwaseun. Kagebah.

“Tadi Kang, tabuh salapan, da ngéndong heula di Talaga. Kapeutingan puguh di jalan, Kang,” témbal si Emus bari ngasongkeun leungeun. Tuluy nangkeup tuur.

“Oh. Enya mending meuting wé heula, daripada kana ojég. Mahal. Jaba sok maksa deuih,” omong kuring. Gék diuk gigireunana.

“Muhun atuh Kang,” tembalna bari angger nangkeup tuur.

Katingalina rada nguyung si Emus téh. Nu biasana sok resep heureuy. Anéh, ceuk haté.

“Éh, nya kamarana batur, Mus? Éta Mang Dasim jeung Mang Suma, pan bagéan ronda éta ogé,” ceuk kuring bari ngarongkong térmos jeung baki. Rék ninyuh kopi. Sugan rada haneut ari bari nginum kopi mah.

“Mang Dasim mah teu ngareunah awak, cenah. Tadi budakna ka dieu bari éta nganteurkeun kopi jeung térmosna. Ari Mang Suma mah iang domba ka Cikolé, cenah. Tadi pamajikanana ka dieu, nganteurkeun éta goréng ulén,” ceuk si Emus bari angger teu robah diukna.

“Euleuh atuh urang ngan duaan nya, Mus. Ngopi Mus?” ceuk kuring nawaran kopi ka si Emus. Manéhna ngan gideug. Kuring teu nawaran dua kali. Can hayangeun meureun. Kusiwel kuring ngaluarkeun roko tina saku.

“Tah atuh udud wé Mus,” ceukeng. Si Emus ngan ngarérét. Geus. Euweuh deui nu ngomong. Kuring ngadon ngopi jeung udud. Si Emus angger nangkeup tuur. Gadona diteueulkeun kana tungtung tuur. Teuteup ka hareup. Kosong. Anteng ngalamun. Jempling euweuh nu lémék.

“Jang Emus téh nyabana di Bandung nya?” kuring pok deui.

Da teu ngareunah atuh ari paheneng-heneng téh. Asa waé euweuh batur.

“Muhun,” témbalna pondok.

“Kana naon, Mus?”

“Cuanki.”

“Ramé Mus kana cuanki?” ceuk kuring bari nyuruput kopi.

Lumayan, Kang. Ramé.”

“Atuh naha ari keur ramé ngadon balik?”

“Puguh bet teu ngeunah raraosan, Kang. Émut baé ka lembur.”

“Teu ngareunah rarasaan? Kitu aya naon, Mus?” ceukéng bari kerung. Tapi haté mah geus teg waé ka pamajikanana.

“Ah teu aya nanaon, Kang,” pokna bari menerkeun sarungna nu méh ngoléséd. Nangkeup tuur deui. Neuteup ka hareup deui. Kosong. Jempling deui. Sora bueuk ngueuk na tangkal nangka nu ngaroyom kana garduh. Atra kadéngé. Matak keueung.

Jigana soal pamajikanana, Nyi Wiwi, nu dipikiran ku si Emus téh. Meureun geus nyahoeun si Emus kana kalakuan Nyi Wiwi mun si Emus keur nyaba ka Bandung téh. Pan geus jadi sabiwir hiji. Geus teu anéh deui. Di unggal golodog ogé anu diaromongkeun téh ngan Nyi Wiwi. Pajar tadi peuting Nyi Wiwi geus ngampihan deui si Ohim. Pajar téh cenah, mun si Ohim karék asup ka imahna, lampu sok langsung dipareuman. Duku enya duka jijieunan éta téh, da kuring mah can nangénan sorangan. Éta deui pamajikan kuring gé mani sok ngomong waé ka kuring. Si Wiwi mah teu boga pipikiran, euweuh-euweuheun salingkuh jeung si Ohim. Jalma bangsat purah babadog. Pagawéan mabok waé, ceuk pamajikan kuring bari sok jebéng-jebéng waé. Gandéng ah, tong ngomongkeun batur. Doraka. Paling némbal kitu ka pamajikan téh.

Enya atuh ari kana kituna mah. Si Ohim téh jalma teu bener. Kuring kungsi ningali manéhna nampiling pamajikanana di hareupeun warung Ceu Haji. Heug lobaan batur. Teuing masalahna mah teu pati apal. Da harita kuring kaburu ngaléos. Sok watir ningali nu kitu téh. Watir ka pamajikanana. Jaba tara dibéré napakah cenah pamajikan jeung budakna téh. Budakna reuay. Jang dahar sapopoéna, pamajikanana sok buburuh ngarit ka tatanggana.

Sok mabok deuih si Ohim téh. Jigana teu kaur boga duit, dibeulikeun kana inuman. Di saung pupudunan nu ka walungan sok mabokna téh. Kungsi kuring gé manggihan. Di saung éta. Isuk-isuk. Kuring rék ka sawah Cibanyusari. Ngaliwat ka dinya. Si Ohim keur ngajoprak waé. Di gigireunana botol inuman sadua-dua. Geus saraat. Harita kuring bari gogodeg. Cenah da meutingna ogé sok di dinya waé. Tara balik ka imahna. Meureun balik ti imah Nyi Wiwi ogé sok ka dinya.

Beg! Kuring ngarénjag. Aya nu panas kana ramo. Nyundut ramo. Bedus roko geus pondok. Seuneuna antel kana ramo. Nyundut. Ngagebah lamunan. Ngarérét jam tangan. Geus jam sawelas. Rét ka si Emus. Angger..nangkeup tuur. Huluna diantelkeun kana tuurna. Ngalamun kénéh.

“Mus, nguriling yu!” cekeng bari cengkat. Manéhna teu némbal. Milu cengkat. Kuring kaluar ti garduh. Leumpang ka kulonkeun. Manéhna nuturkeun di tukang.

Nguriling téh ka kulon heula. Mapay-mapay jalan leutik di antara paimahan. Nepi ka tungtung kulon lembur. Deukeut pupudunan nu brasna ka walungan. Hawar-hawar kadéngé séahna cai walungan. Rada reuwas ogé barang nepi ka dinya, ngadéngé sora incuing. Ngajerit. Matak nambahan keueung.

Ti tungtung kulon lembur, méngkol ka kidulkeun. Nanjak ka jajalanan nu brasna ka masjid. Terus ngétan. Ngaliwat ka warung Ceu Haji. Geus tutup. Di wétaneun warung panggih jeung Wa Lili. Rék néang cai. Ngarandeg heula da Wa Lili ménta heula udud. Teu ngobrol heula. Katingalina Wa Lili rada rurusuhan. Sieun kaburu aya nu mendet cai. Nuluykeun deui nguriling. Méngkol ka kalér. Mudun ka jajalan nu ka pasantrénkeun. Jajalanan ka imah si Emus. Sapapanjang nguriling. Taya nu ngomong. Teu ngobrol sakecap-kecap acan. Tiiseun deui. Ngan sora bangkong réang ti pasawahan kiduleun lembur. Tamba tiiseun, unggal manggih tihang listrik sok ditakolan ku batu. Méh teu combrék teuing.

Kuring angger leumpang di hareup. Si Emus nuturkeun di tukang. Geus deukeut imah si Emus, kira-kira kahalangan ku dua imah, aya nu ngojéngkang ka pipir imah Mang Hadi. Kuring ngarandeg. Kuring ngalieuk ka si Emus. Manéhna kerung. Curuk diteueulkeun kana biwir. Bari merong ka si Emus.


(Bersambung)

  

    


No comments: