Sajarah Bandung éstu loba dituliskeun dina buku-buku. Ti jaman
Walanda tug nepi ka anyeuna réa deuih penulis nu alihtiar pikeun ngumpulkeun
singsakur pustaka anu aya patula-patalina jeung kaayaan anu ngandelkeun
katerangan-katerangan narasumber boh lisan boh tulisan.
Anyeuna mah, hususna nu keur mikarep jeung mikaresep bacaan
sabudeureun sajarah Bandung, tangtu hamo bireuk kana buku-buku “Sang Kuncén
Bandung” Haryoto Kunto saperti Semerbak
Bunga di Bandung Raya jeung Wajah
Bandoeng Tempo Doeloe. Eta dua buku euyeub pisan ku data kaayaan Bandung
alam béh ditu.
Lian ti éta, réa kénéh buku-buku ngeunaan Bandung nu ditulis
ku pangarang séjénna. Bari lain waé winangun karya nonfiksi deuih, dalah karya
nu sipatna rékaan atawa karya sastra gé bisa disebutkeun balatak ku nyaritakeun
kaayaan Bandung téh. Salah sahijina nyaéta buku Atheis karangan Achdiat Karta Mihardja.
Atheis sanajan wangunana karangan fiksi,
tapi patempatan nu dijieun kasang carita lolobana di Bandung. Pon kitu deui carita
nu ditepikeun saeutik gedéna ngagambarkeun kaayaan Bandung baheula, tegesna
dina mangsa Walanda serah bongkokan ku Jepang.
Lian ti nyebutkeun sababaraha patempatan, di antarana waé
saperti Jalan Léngkong Besar, Jalan Sasakgantung, Jalan Kebon Manggu, Bojongloa,
Alun-alun, jeung sajabana, pangarang gé nembrakkeun kaayaan para nonoman
Bandung mangsa harita nu aya patalina jeung robahna pamadegan katut kayakinana.
Geura tokoh utamana, Hasan. Manéhna teh nonoman Garut nu
nyiar élmu di MULO Bandung jeung sanggeus tamat sekolah tuluy digawé di Jawatan
Air Kotapraja Bandung. Ti leuleutik Hasan dididik ku kolotna sangkan taat kana
agama. Teu beurang teu peuting, Hasan diomat-omatan sangkan getol solat jeung
ngaji. Atuh carita ngeunaan sawarga jeung naraka gé remen pisan dibalikan
deui-balikan deui didongengkeun ku kolotna.
Indung bapana kungsi diajar élmu tarékat di Banten, anu satuluyna
hirup dina pamadegan éta. Sapopoé ngajalankeun naon baé anu geus diguratkeun
dina jalan tarékat, anu dipiyakin ku maranéhna.
Hiji mangsa basa Hasan geus mimiti boga pagawéan, manéhna
nyarita ka kolotna, minangka ménta idin sangkan manéhna milu nalungtik jeung
ngajalankeun tarékat nu ku kolotna geus dijalankeun. Asa kagunturan madu
karagragan menyan putih, kolotna patingsalegruk bakating ku bagja yén anakna nu
dipikanyaah, nu masih ngora kénéh tétéla hayang milu neuleuman bagbagan élmu
agama.
Gancangna carita, Hasan ditepungkeun jeung guru tarékat nu
baris ngawaris élmu. Dina derna, aya ritual nu kudu dicumponan ku Hasan. Di antarana
waé kudu mandi 40 kali di walungan Cikapundung dina jero sapeuting, puasa tujuh
poé, jeung kudu ngerem manéh di kamar salila tilu poé. Sanggeus kitu, Hasan
panceg dina kayakinana, paréntah agama sasat jadi cecekelan pageuh.
Tapi kituna téh tétéla teu lila. Ari nu jadi cukang
lantaranana Hasan tepung jeung Rusli, babaturanana basa sekolah di HIS
Tasikmalaya. Rusli téh nonoman nu boga pamikiran jeung pamadegan nu
patonggong-tonggong jeung Hasan. Ti leuleutik manéhna kaasup budak bangor,
tukang ngaheureuyan kolot-kolot nu keur sarolat di masigit. Ieu pasipatan kabawa
nepi ka gedé. Keur mah eukeur didikan ti kolotna saaya-aya, katurug-turug geus
sawawa loba campur gaul jeung rupa-rupa jalma, nu boga pamikiran katut ideologi
anu béda-béda.
Samalah apan Rusli téh kakolom anggota partéy nu ampir sakabéh
babaturanana sapamadegan jeung manéhna, nyaéta ngagungkeun akal dina kahirupan
sapopoéna. Pangeran jeung agama dianggap candu nu euweuh dina kamus kahirupan
maranéhanana. Manggihan hal ieu tangtu waé Hasan reuwas naker. Salila hirup manéhna
kakara pinanggih jeung jalma-jalma nu béda pamadeganana dina sual agama.
Mimitana Hasan aya niat ngada’wahan Rusli katut babaturanana,
tapi dina derna, lain babaturanana nu kabaud kana pamadegan Hasan, kalah
tibalik, manéhna kasedot sarta antukna milu kana ulekan pamadegan babaturanana.
Hiji mangsa basa kantorna libur, Hasan jeung hiji
babaturanana balik ka Garut. Peuting panungtungan méméh Hasan mulang deui ka
Bandung, manéhna paséa rongkah jeung bapana, pakeukeuh-keukeuh ngeunaan
kayakinan jeung pamadeganana. Sanggeus duanana surti yén kayakinana moal bisa
deui dihijikeun, nya paséa éta ahirna reureuh. Hasan geus jadi atheis, nyieun
pigeusaneun papisah salawasna jeung nu jadi kolotna.
Tah, dina raraga maca sakaligus ngarawatan sajarah Bandung,
Komunitas Aleut ngayakeun sawala buku Atheis
dina Saptu, 29 Juli 2017. Ieu sawala téh mangrupa bagian tina kagiatan rutin
unggal poé Saptu ti mimiti Juni 2015, nu sok disebut Kelas Literasi. Nu
disawalakeunna teu jauh tina sual buku, nulis, jeung maca. Minangka nu sok jadi
pangjejer nyaéta barudak Aleut sorangan, tapi sakapeung mah sok ngondang
penulis katut éditor buku sangkan bisa babagi kanyaho jeung élmuna.
Kagiatan lolobana diayakeun di Jalan Solontongan Nomor 20-D,
di wewengkon Buahbatu, da di dinya pisan Komunitas Aleut téh matuhna. Tapi sababaraha
waktu ka tukang mah kungsi ogé sok diayakeun di taman-taman Kota Bandung,
ngider piliganti ti hiji taman ka taman séjénna.
Palebah ngabedah novel Atheis,
nyaéta basa Kelas Literasi geus asup minggu ka-103, kabeneran nu jadi
pangjejerna téh kuring sorangan salaku anggota Komunitas Aleut. Harita nu
haladir lolobana barudak ngora nu munggaran wawanohan jeung novel Atheis. Nu diobrolkeunana nyaéta eusining
éta novel bari dipuseurkeun kana sakur patempatan di Bandung nu kasabit-sabit
di dinya. Hal ieu minangka aya patalina jeung kagiatan rutin Komunitas Aleut séjénna,
nyaéta Ngaleut.
Ari acara Ngaleut nu biasana diayakeun unggal poé Minggu téh
mimiti diayakeunana ti 2006, tegesna ti basa Komunitas Aleut diadegkeun ku
nonoman Kota Bandung nu mikatineung kana sajarah kotana. Ti danget harita,
unggal Minggu sok ayakeun acara nyukcruk sajarah Kota Bandung ku jalan ngaleut
ngadatangan sakur tempat di suklak-di siklukna ieu kota anu dalit pisan
patula-patalina jeung sajarah kamekaran Bandung.
Nya, sabada acara sawala Atheis
éta, isukan Komunitas Aleut ngayakeun kagiatan rutin nyaéta Ngaleut Atheis minangka lajuning lakuna.
Dina éta kagiatan, barudak Komunitas Aleut nyungsi patempatan nu disebutkeun
dina buku. Da najan kasebutna karangan fiksi, tapi ku sabab diadumaniskeun
jeung sajarah, nya teu kagok dina prakprakanna ngaleut téh ngadatangan sababaraha
imah nu disebut dina buku, saperti Léngkong Besar 27, Sasakgantung 18, Kebon
Manggu 11, jeung sajabana.
Tina éta dua kagiatan, Komunitas Aleut sugan baé kakolomkeun
kana nu naratas ngaguar karya sastra bari dipatalikeun jeung sajarah, hususna
sajarah Bandung, dibarung ku derna nyukcruk patempatanana. Ku jalan kitu,
sugan-sugan sasieureun sabeunyeureun aya manpaatna keur balaréa. [irf]
Tayang di Harian Pikiran Rakyat, rubrik Kalam
Edisi Senin, 21 Agustus 2017
No comments:
Post a Comment