Ku:
Cecep Burdansyah
Kang Ajip mémang galak. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. Taun 2016 asana mah, déét kénéh. Aya nu seja ngawawancara Kang Ajip, hiji mojang ngora kénéh, jeung timna aya kana tiluan. Mun ku jaman ayeuna mah disebutna talkshow téa. Wawancara bari dirékam ku vidéo.
Saméméh ngawawancara Kang Ajip, Si Nénéng anu ngakuna utusan ti Kemendikbud téh ngawawancara heula kuring di kantor di Sékélimus, ngeunaan karya-karya Kang Ajip jeung sosokna.
Terus isukna ngawawancara Kang Ajip di perpustakaanana di Jalan Garut.
Geus timbul kamelang saenyana mah, ieu Si Nénéng paur diseukseukan ku Kang Ajip. Ari masalahna, Si Nénéng teu boga pisan bekel ngeunaan Kang Ajip, malah teu apaleun judul buku karya Kang Ajip. Lantaran kuring mah jalma teu tégaan, ah diladénan wé najan pertanyaanana matak pikaseurieun gé.
Isukna kuring ngahaja ka Jalan Garut nepungan Kang Ajip, panasaran duméh terus rasa bakal aya kajadian. Kasampak anjeuna tos calik di rohang biasa ngumpul. Anjeuna daréhdéh ngabagéakeun, da anjeuna sok bingaheun mun aya batur ngobrol téh.
"Rék aya nu ngawawancara Akang, duka saha ngan sigana proyék ti Kemendikbud, proyék biografi sastrawan. Saenyana mah Akang leuwih panuju ku Ahda Imran, tapi nyao saha nu meunang proyék ti Kemendikbudna," saurna.
Kuring ngahaminan bari nyebutkeun, muhun kamari gé ngawawancara abdi soal Akang, pok téh.
Teu lila kurunyung nu rék ngawawancara téh, Si Nénéng téa, jeung timna lalaki tiluan. Si Nénéng neda widi rék nyéting kaméra sapuratina kayaning lampu lihting. Kang Ajip ngahempékkeun. Malum wawancara keur vidéo, jadi butuh waktu rada lila. Salila nu rék ngawawancara nyéting, Kang Ajip anteng ngobrol jeung kuring, nyalsé pisan.
"Pak, sudah siap," ceuk Si Nénéng ngagentraan.
"Sok, rék nanya naon?" Saur Kang Ajip. Nu teu apal adat mah jawaban kitu matak nyorodcod tuur.
Caritana siap wawancara, calikna digenah-genah. Atuh nu midéo ngatur bloking sangkan sieup katingalina. Kuring nyisi sangkan teu karékam.
Kuring hemar-hemir lantaran geus apal kana bekel Si Nénéng jeung apal pisan kana adat Kang Ajip. Apan Budi Rahayu Tamsyah gé pundungna katutuluyan da diségag ku Kang Ajip jaman diskusi soal pantun di Paguyuban Pasundan taun 1990. Ti harita Budi Rahayu asana teu kungsi daék tepung deui jeung Kang Ajip.
"Pak, apa saja judul buku-buku yang Bapak tulis?" ceuk Si Nénéng.
Barang nguping patarosan kitu, Kang Ajip langsung tutunjuk bari nyarios bedas pisan.
"Pulang!" saurna.
Si Nénéng molohok mata simeuteun, kitu deui batur nu ngarékam vidéo. Kuring élékésékéng teu genah cicing.
"Kamu tidak tahu saya. Pulang! Buat apa wawancara!" saurna deui.
Si Nénéng masih can percaya kana situasi. Ngajengjen bari rarayna pias. Antukna Kang Ajip sasauran deui kalayan tandes, nitah kaluar ti perpustakaan.
Kaciri reuwas tur soak. Si Nénéng ngincid kaluar, atuh baturna sibuk mérésan deui alat-alat rékaman. kang Ajip terus gegelendeng awahing ku keuheul ka nu rék wawancara tapi teu nyaho nanaon pisan.
"Boro-boro maca buku Akang, judulna waé teu nyaho. Nanaonan kementerian ngutus nu kitu patut," saurna kalayan soanten teugeug.
Teu lila, ponsél Kang Ajip ngirining. Kabandungan, sigana Kang Ajip nuju sasauran perkara rékaman, ngan duka jeung saha. Ngan unina kieu, "Saya tahu, bagi kementerian kualitas tidak penting, yang penting asal ada dan anggaran keluar, tidak peduli dengan kualitas. Saya tidak butuh wawancara dengan kualitas pewawancara seperti itu," saurna.
Nu sasauran dina telepon ulet ngalobi Kang Ajip. Tapi batan léah, Kang Ajip malah tambih amarah. Anjeuna langsung mareuman teleponna. Kénging sababara menit ponsélna disada deui, tapi ku Kang Ajip diantep.
"Budak téh ngadu meureun ka kementerian, ti kementerian bieu nelepon Akang sangkan daék diwawancara jeung kudu ngamalum ka nu ngawawancara. Sangeunahna pisan. Maranéhna mah tara mikiran kumaha kualitasna, da nu dipikiran proyékna," saurna.
Kuring ukur ngabandungan, tur nyarita dina haté, deuh kajadian ogé anu disawang ti saméméhna téh. Kuring panuju kana sikepna anu tandes. Kudu kitu mémang ngadidik mah, sangkan nu dididikna mikir. Sanajan, dina haté, mangkarunyakeun ogé. [ ]
No comments:
Post a Comment