Eta motor ulah ngalangan sapedah atuh! |
Balěkota di dieu tangtu waě Balěkota Bandung, sabab ti kamari
gě
kuring nulis těh ngeunaan Bandung waě. Iwal ti ěta,
catetan ieu gě saěstuna lain ngan ukur ngomongkeun trotoar wungkul, aya ogě
ngeunaan Cikapayang jeung jambatan pameuntasan, nu sakaběhna kabeneran aya di sabudeureun
balěkota.
Ngeunaan trotoar, kuring kungsi ngalaman sababarahakali
kajadian nu piambekkeun. Lain sakali dua kuring sok hog-hag jeung nu tarumpak
motor, dalah kungsi rěk gelut sagala. Basa kuring masih kěněh digawě di Jakarta, mun kabeneran
keur leumpang di trotoar, tuluy jalan macět, tah ěta nu tarumpak motor těh
saking ku belegug-belegugna sok rajeun naraěk kana trotoar bari nglaksonan
nu keur laleumpang. Mun batur mah sok nyaringkah diusir ku sora klakson těh,
tapi keur kuring cadu. Sabab naon?, da trotoar mah jang leumpang jelema, lain
jalan motor. Tah kusabab ngarasa bener, kuring tara ěpěs měěr.
Tunggul urut tihang |
“Na ari sia teu nyaho yěn trotoar těh
paragi leumpang jelema?”, ceuk kuring setengah nyengor kanu nglaksonan. Tapi da
ěta
mah dasar belegug, dikitukeun těh lainna ngarti kalahka malik
muncereng bari sesentak. Mun teu dihalangan ku nu laleumpang mah boa geus
digaplok tah jelema těh. Tapi alhamdulillah, salila anyeuna kuring cicing di
Bandung mah, pangamalam kitu těh can kungsi ka sorang deui. Mun bisa
mah ulah nepika kaalaman deui.
Kamari poě ahad kuring jeung sababaraha
babaturan ngahaja mapay-mapay trotoar nu aya di sabudeureun balěkota.
Teu kudu dicaritakeun deui ari taman nu di jero mah, sabab saměměhna
kungsi kuring tulis. Mun diteges-teges mah tětěla trotoar těh
aya dua jinis; nu kahiji nu warnana oranyeu (teu caang-caang teuing sabenerna
mah), jeung nu kadua nyaěta nu keur dibangun disagigireun Cikapayang, nu dijieun
tina batu anděsit.
Nu oranyeu mun seug baseuh kahujanan sok matak paur sabab
jadi leueur. Jalma nu laleumpang kudu ati-ati pisan dina kaayaan kitu mah,
sabab mun melěng saeutik waě balukarna matak picilakaeun. Ari sual
kaěndahan
mah nu warna oranyeu těh geus cukup, dan sabenerna mah nu ngaranna trotoar teu
kudu ginding-ginding teuing, basajan gě teu nanaon asal aman jeung genah
dipakěna.
Beusi renjul genep siki |
Ari nu dijieun tina batu anděsit mah leuwih seuseut mun
kahujanan těh.
Hal ěta
kusabab batu anděsit mah aya pori-porian nu matak cai ogě
bisa nyerep. Anyeuna trotoar nu tina batu anděsit karěk ngan ukur nu aya di sagigireun
Cikapayang wungkul, nu sějěnna teuing bakal diganti atawa moal.
Mun dilik-ilik, trotoar sabudeureun Balěkota
mah saěstuna
geus alus jeung lumayan ěndah, ngan hanjakal di sababaraha juru masih kěněh
aya kakurangan nu matak ngabahayakeun ka nu laleumpang. Contona waě
nu deukeut Jalan Merděka, di ěta trotoar aya tunggul urut tihang,
teuing tihang nanahaon, tapi sigana mah urut tihang rambu-rambu lalu lintas. ěta
tunggul těh
diantep waě,
mun aya jalma melěng tuluy titajong, moal boa ngagoak sabari tijolongjong.
Nyak reuwas nyak nyeuri tangtuna gě.
Jalan cai |
Salian ti ěta, aya ogě beusi laleutik nu renjul
sagedě-gedě
ramo. Sanajan jangkungna mah paling gě ngan ukur dua atawa tilu sěnti,
tapi angger wě matak jadi mamala. Komo mun aya nu kabeneran leumpangna
nyěkěr,
tuluy nincak beusi ěta, tangtuna matak bohak dampal sukuna. Teuing urut
nanahaon ěta
beusi těh,
siga cang sapatu měngbal waě koatka genep jumlahna gě. Hal
leutik samodel kieu, nu lolobana mah tara kaperhatikeun, boh ku pamarěntah
atawa ku rahayat biasa, teu bisa diantep waě. Kudu aya lěngkah
nu seurieus pikeun ngabebenah, ěngkě sugan ku kuring rěk
dilaporkeun ah ka walikota, sugan wě diperhatikeun bari tuluy diberěskeun.
Teu jauh ti trotoar, malah mah ngarěnděng pisan, aya sababaraha jalan
aspal nu gigirna ngahaja dibolongan jang jalan cai. Tapi kusabab lombangna teu
ditutupan ku samodel kawat panyaringan, ěta jalan cai teh sawaktu-waktu bisa nyilakakeun.
Da sa sapatueun mah asup ka ěta jalan cai těh. Jelema nu keur leumpang
bisa waě
sabeulah sukuna digebros kana ěta lombang. Alusna mah ditutupan ku
kawat nu jarang, ngarah cai angger bisa kapiceun, nu leumpang ogě
bisa aman.
Tehel nu peupeus |
Aya sababaraha těhel trotoar (nu warna oranyeu těa)
nu peupeus. Tapi kaayaanna ceuk panempo kuring mah teu pati matak nyilakakeun,
ngan baě
katempona teu pati ngeunah, sareukseuk těa meureun ceuk basa Uruguay mah. Lěbar
trotoar nu belah kulon jeung nu belah wětan sihorěng běda. Nu belah wětan mah leuwih leutik, paling loba
gě
ngan ukur cukup jang duaan. Beda jeung nu di belah kulon, di dinya mah rada
lega meueusan, moal pati pasěrěd-sěrěd lamun dipakě
silih kalěng
ku tiluan ogě.
Tapi měmang
trotoar nu anyar mah, nu dijieun tina batu anděsit těa, legana ampir sarua jeung nu
belah kulon.
Ti mimita Pamarěntah Kota Bandung ngayakeun prohram
“Jumaah makě
sapědah”,
di jalan sabudeureun balěkota dijieun jalan heuseus jang nu make sapědah.
Sanajan dijieunna ngan ukur digarisan wungkul ku cět warna bodas, tapi ěcěs
yen ěta
těh
jalan paragi sapědah. Tapi nyak kitu těa di urang mah, kana kasadaran
těh
meni mahal pisan, ěta wě jalan nu geus puguh jang sapědah tapi angger sok aya motor
nu nincak jeung ngahalangan ka nu keur sasapědahan.
Pameuntasan pas pengkolan pisan |
Hal anu penting ogě nyaěta ngeunaan pameuntasan, boh
anu di luhur (jambatan) atawa nu di handap nu katelahna zebra cross těa. Panětěan dina jambatan tětěla
lungkawing pisan. Tong boro jang jalma nu aya kakurangan pisik, malah jang
jalma nu ragana sěhat tur sampurna ogě ěta panětěan těh matak hariwang.
Anapon pameuntasan nu di handap, loba nu posisina lebah
pengkolan pisan. Hal ieu matak ngagokan nu keur tumpak kandaraan, nu antukna
matak nyilakakeun. Tapi aya ogě sebenerna zebra cross nu di jalan lempeng, tapi di urang mah ngahargaan ka nu
laleumpang těh
masih kěněh
kurang. Kuring nyaksian pisan sorangan, aya hiji kulawarga (indung jeung tilu
anakna) nu rěk
meuntas di jalan Merděka, da ěta asa ku hěsě sabab nu marawa kandaraan siga
embung měrě
kasempetan pisan jang nu rěk meuntas.
Mun di belah kulon anyeuna mah aya pameuntasan nu rada alus.
Di ěta
pameuntasan těh aya alat pikeun ngahurungkun lampu jeung sirineu. Jadi lamun
ku urang dipencět ěta alat, teu kungsi lila lampu lalu lintas keur nu
tarumpak mobil jeung motor ngadadak jadi beureum, anu hartina jalma nu leumpang
bisa tuluy meuntas. Tapi duka teuing ku naon, basa kuring jeung babaturan
ngilikan ěta
alat, sihorěng
keur rusak, teu bisa dipakě. Padahal kaitung anyar kěněh pisan ěta
alat těh.
Atuh antukna nu rěk mareuntas kapaksa ngacung-ngacungkeun leungeun jang
ngeureunkeun mobil jeung motor.
Meni hese rek meuntas ge |
Poe Ahad kamari mah di sebrang balěkota, tegesna di jalan Merděka,
aya sababaraha nu daragang kadaharan. ěta wě kaambeu aya nu meuleum satě
sagala. Teuing pědah ku ramě meureun, da saapal kuring ari poe-poe
nu sějěnna
mah tara aya teu sing nu daragang lebah dinya těh. Nyak katempona mah lumayan
ramě
ogě
nu mareuli, keur aralus milik sigana mah tukang dagang těh.
Di saparat trotoar těa, runtah mah měmang aya, ngan saeutik pisan,
malah kaitung beresih sakitu mah trotoar těh. Hal ěta teu aněh
sabab loba wadah runtah nu nyampeu nu bisa dipakě ku nu laleumpang. Alus ari kitu
těa
mah, komo deui pan ieu mah puseur pamarěntahan Kota Bandung, piraku wě
ari kalotorna mah, asa kabina-bina.
Ari nu pang anyarna jeung pang ěndahna nyaěta
trotoar nu ngarěmpět jeung Cikapayang. ěta jalan cai těh
keur dibebenah ku taman nu matak betah nempona. Saliwat mah siga di luar nagri,
da ěta
wě
Cikapayang gě
makě
dipapantěs
ku batu hirup sagala. Ceunah mah batu-batu ěta těh jang ngahěrangkeun
cai, minangka nyaring kokotor meureun. Ari lampu tamanna makě
dipapantes ku patung maung leutik sagala, ěta maung těh
keur jěngkě
sabari ngagaur. Teuing naon hartina, meureun siloka jang Persib ěta
těh,
pan Persib gě
katelahna Maung Bandung. Tapi kudu ditanyakeun engkě ka Mang Emil (so akrab wě
hahaha).
Pra weding sigana mah |
Bakat ku resik, dina bangku nu aya di taman, poě
harita mah koatka aya nu dipoto pra wěding sagala. Enya aya dua nonoman nu
keur silih rěnděng
dina hiji bangku, aya ogě sababaraha baturna nu keur ngalěker ku kaměra,
tuluy jeprět-jeprět
waě
diparoto. Katingali ěstu suka bungah pisan, da puguh gě meureun rek nyorang kahirupan
rumah tangga ěta dua nonoman těh. Hor, naha kuring bras ngomongkeun
nu kieu? Cag ah, urang nyaritakeun Cikapayang deui.
Dina raraga ngabebenah jeung mamantes kota, nyak Cikapayang
nu aya di sagigireun balěkota gě teu kaliwat ngilu didandanan. Trotoarna
dijieun sababaraha umpak, bentukna ogě ting paringkeul, teu lempeng jiga
ilaharna. Teu poho bangku jeung lampu gě disayagikeun pikeun nu rek ngadon
nongkrong sapeupeuting. Ti běh kalěr ěta Cikapayang dibendung ku
gunungan batu hirup, tuluy di belah handapna dijieun dua kokocor sangkan cai
ngalirna rada kabagi. Sabenerna ka belah kidulnakeun gě cai těh dibendung deui ku sababaraha
těmbok,
tapi tangtunganna teu jangkung teuing, padu nyalangkrung wě
siga kaayaan balong.
Bendungan Cikapayang |
Meureun matak dikitukeun gě sangkan cai ngalirna teu
gancang teuing, padu ngeyemeng wě jadi rada ěndah katempona. Tapi sakali
deui ieu pangwangunan těh tacan běrěs, caina ogě
saat jeung kiruh kěněh deuih. Di trotoar nu pas handapeun tangkal badag, aya
hiji pagawě
nu keur natah di hiji pasagi opat, barang ku kuring ditanyakeun sihorěng
ěta pasagi
opat těh
cenah keur ngontrol kaayaan cai. “Hor, naha aya caian nyah?” ceuk kuring. Barang
ditingali ka jero, enya we cai dihandap tarik naker jeung lumayan gedě
deuih. Běda
pisan jeung cai nu teu katutupan ku trotoar.
Lah, sok hayang geura anggeus wě ěta trotoar anyar těh.
Mana teuing rěa jalma nu ngalanto ka dinya. Jadi nambahan deui tempat
ngumpul rahayat těh. Alhamdulillah.
Tah sakitu sababaraha hal anu kasaksian ku sorangan jeung
babaturan těh.
Malah mandar aya manpaatna, boh pikeun nu rek nulis atawa nu ngahaja hayang
nyaho kaayaaan di sabudeureun balěkota. Cag dugi ka dieu, saněs
waktos diteraskeun deui. [ ]
Paranti ngontrol cai
Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi
|
2 comments:
Kereeeeenn jd penulis we atuh runk,resep euy...lila di dayeuh notabene bahasa indo asa poho basa sunda nu koeu da tara dipake apopoe....
Mantaaappppp 👌👌👌👌
kamana atuh dayeuh hehehe...
Post a Comment