“Bangsa urang jeung Cina téh harita mah asa dalit pisan. Bisa jadi pédah hirupna sarua
papada susah. Anyeuna mah beunang disebutkeun euweuh Cina nu daragang ngider
atawa ngawarung gowěngan těh. Bisa jadi anakna atawa turunna jaradi jalma jugala.” (Us Tiarsa dina buku Basa Bandung Halimunan)
Naha enya
kitu tina urusan ěkonomi nu ngajadikeun bangsa urang
jeung bangsa Tionghoa nu maratuh di lemah cai těh jadi pajauh? Bisa waě bener ěta pamendak Pak Us Tiarsa těh, tapi mun ceuk kuring mah lain ngan saukur ěta pasualanna. Loba pisan anu bisa diteuleuman ku urang jang
ngaguar pasualan gaul hirup sapopoě antara bangsa urang jeung bangsa
deungeun, hususna bangsa Tionghoa. Ieu mah minangka ngabagěakeun Imlěk baě, perkara eusina mah tangtu loba
pisan kakuranganna, ulah kapameng rumojong, diantos kamandang kadang wargi kana
ieu seratan.
***
Taun 1662 Walanda
teu bisa ngarebut Taiwan sabab diělěhkeun ku urang Tionghoa nu dipingpin
ku Koxinga (Zhěng Chenggong). Frěděrick Coyětt nu harita jadi Gebernur Jěndral Walanda nu cicing di Taiwan,
ngalaporkeun ěta kajadian nu diběrě jejer “t’Verwaerloosde Formosa” nu
hartina “Pohokeun Formosa”. Hal ěta diuningakan deui ku Walikota
Singkawang, Hasan Karman, dina buku nu jejerna Sejarah Kongsi di Kalimantan Barat, nu mědal taun 2014 di Bandung.
Pangalaman pait
ěta nimbulkeun kasieun ka Walanda dina nyanghareupan bangsa
kulit koněng. Leuwih sieun deui mun seug Tionghoa dalit jeung bangsa
pribumi, sabab hal ěta bakal nyieun kakuatan anu lain
bantrak-bantrakeun. Hal sakituna, bisa jadi ěta pisan alesan nu nyieun Walanda
ngala pati ka rěbuan bangsa Tionghoa di Batavia dina
taun 1740.
200 taun ti
harita, Walanda masih kěněh ngarasa sieun jeung hariwang ka
bangsa Tionghoa. Sigana mah kajadian di Taiwan tacan leungit tina ingetan maraněhna. Atuh basa datang laporan ti Penning Nieuwland nu harita
mingpin Kalimantan Barat, maněhna ngarasa pondok harepan. Ka Guberneur
Jendral, maněhna aya roman jang mohokeun Borneo, sarua siga basa ělěh di Formosa. Harita nu
pangdipikasieun ku Walanda těh nyaěta Kongsi Lanfang nu lolobana
Tionghoa-Hakka, jeung Kongsi Hěstun Zongting nu geus kawěntar liat jeung lain bantrak-bantrakeun.
Mun di
impleng deui, meureun ieu nu ngajadikeun Walanda nyieun kampung-kampung dumasar
kana suka bangsa těh. Apanan urang geus pada apal, yěn ti baheula Walanda misah-misahkeun bangsa dina
kampung-kampung sagemplek sewang. Aya Kampung Cina atawa nu katelah Pacinan,
Kampung Arab, Kampung Melayu, jeung sajabana.
Tangtu jijieunan
ieu těh amběh gampang nalingakeunna. Pan geus
puguh Walanda mah sieun ku bangsa Tionghoa těh. Tah, tina hal ieu urang bisa nempo
lumayan ěcěs, yěn bangsa Tionghoa těh měmang tohaga jeung toh-tohan dina
lebah paguntreng jeung ngaběla harga dirina mah, atuh ieu ogě teu mustahil nu ngajadikeun maraněhna pogot kana digawě, utamana di urang mah kana widang dagang.
Pan saur Pak Us Tiarsa gě seueur nu jugala jaradi konglomerat.
Tapi nu
baris dibeunjeurběaskeun (alakadarna meureun) ku kuring
man lain ngeunaan ieu, leuwih kana papisahna atawa anggangna kahirupan maraněhna jeung bangsa urang. Saloba-lobana gě nu ngumbara, pasti loba kěněh kaom pribumi. Atuh teu aněh mun di sakuliah Nusantara bangsa Tionghoa mah sok jadi
bangsa nu pang saeutikna atawa minoritas. Keur mah saeutik, katurug-turug dipisahkeun
ku Walanda, atuh puguh wě rada hěsě rěk campur gaul jeung nu sějěn těh.
Ti jaman
Walanda, Soekarno, tuluy Soeharto, ampir kaběh kungsi teu ngaajěnan ka bangsa Tionghoa. Sanajan dina seratan Pak Us Tiarsa
diuningakeun yěn baheula mah kungsi dalit, tapi angger we sikep bangsa urang
mah ngarasa rada anggang. Ngarobah hiji kabiasaan nu geus lumangsang
mangtaun-taun, tangtu lain perkara gampang. Enya gě mun dina widang ěkonomi bisa ngaraketkeun, tapi dina
widang pulitik mah can tangtu. Apanan urang geus pada apal, mineng pisan bangsa
Tionghoa těh dibuburak malah ka nepi diala pati basa aya kajadian riweuh
di nagara urang.
Naon sabab? Katugenah
jeung sangkaan bangsa urang ka bangsa Tionghoa těh siga tuluy-tuluyan diwariskeun. Matak
teu kaop aya kajadian leutik bisa ger jari rongkah, malah bisa ngocorkeun getih
sagala. Nu pang haneutna mah tangtu taun 1998, leuh mun urang nitenan deui
kajadian jaman harita, matak watir jeung ginggiapeun. Atuh ěta wě, dina sababaraha koran mah
diberitakeun loba awěwě bangsa Tionghoa nu digadabah sagala,
ku lobaan deuih, asa euweuh ras-rasan pisan.
Basa Gus Dur
naěk jadi Prěsiděn, kaayan kieu těh rada lumayan ngurangan. Imlěk jeung kabudayaan Tionghoa nu ti
baheula teu meunang diayakeun jeung dimumulě;
kayaning barongsai, wayang potěhi, jeung sajabana, dina jaman Gus Dur mah teu diulah-ulah deui. Atuh puguh
wě asa kokoro manggih mulud lebaran manggih puasa, bangsa
Tionghoa galumbira pisan, malah sababara golongan mah aya nu měrě sebutan “Bapa Tolěransi” sagala ka Gus Dur těh.
Ti luhur jambatan |
Kaayaan
robahna di widang kabudayaan ieu, nu katempo ku kuring mah teu pati loba nyieun
parobahan dina katugenah bangsa urang. Majarkeun těh, tuh deuleu loba pisan bangsa urang nu ngadon bubujang ka
urang Tionghoa, tuluy loba nu ku dununganna teu diajěnan. Hal ieu ceuk kuring geus asup kana hukum ěkonomi, di mana-mana gě pasti jalma nu teu boga bakal
kula-kuli ka jalma nu jugala jeung beunghar ku harta. Apan lolobana ti bangsa
urang mah jaradi pagawě, arang langka nu jadi pangusaha mah.
Atuh ari
soal teu ngaajěnan mah lain ngan ukur bangsa Tionghoa waě nu sok ngalampahan kitu těh, dalah bangsa urang ogě teu saeutik nu kitu. Jadi alesan ieu
mun dipakě teu resep jeung cua, angger teu bisa dibenerkeun. Omat ulah
gorěng sangka, kuring lain ngaběla hiji bangsa, tapi panyangka gorěng jeung katugenah alusna mah ulah hantem dikukut. Apan ceuk
kolot gě urang těh kudu akur jeung dulur, enya apan sakur-sakur
rahayat Indonesia těh masih kěněh dulur, kaasup urang Tionghoa jeung
turunnana.
***
Poě Ahad kamari kaping 22/2/2015, dina raraga
Imlěk, kuring jeung babaturan ngaleut maluruh tempat-tempat nu disebut asup
kana wilayah Pacinan. Di Bandung mah tětěla nu disebut Pacinan těh běda jeung
di kota-kota nu sějěn. Ari di luar kota mah pacinan těh ngariung sagemplekan nu
eusina nya kaběh urang Tionghoa atawa disebut ogě Cina; boh imahna, tempat
usahana, paragi ibadah ka pangeranna, jeung sajabana. Pokona dina ěta kampung těh
urang Cina wěh lolobana mah.
Tah di Bandung mah teu kitu, malah teu
boga lawang gapura sagala, matak rada hěsě nangtukeun wates-wates Pacinan těh. Najan
kitu, tapi kamari mah nya nyobaan maluruh saeutik-saeutik. Mimitina ti Masjid
Al Imtizaj nu aya di Jalan ABC belah wětan (deukeut wangunan urut Matahari
Dept. Store), masjid ěta saenyana wangunan anyar jadi tacan boga sajarah nu
panjang jang dicaritakeun, tapi ku sabab langka nu ngaranna masigit urang
Tionghoa mah, nya ěta masigit těh minangka dijadikeun wates paling wětan
Pacinan Bandung.
Naha cenah asa rada hěmeng meunang aya
urang Tionghoa nu ngagem Islam sagala? Tong salah, Laksamana Cheng Ho ku anjeun
těh kapanan Islam ogě. Anjeunna kaasup urang Tionghoa nu munggaran datang ka
Nusantara. Di Bandung mah lain ti ěta masigit, aya ogě Masjid Lautze di Jalan
Tamblong deukeut pengkolan pisan, teu jauh ti patung Ajat mah, malah ampir
pahareup-hareup pisan. Masigit ěta mah kagungan Yayasan Karim Oey.
Ti sainget, atawa ti saprak kuring
nincakeun suku di Bandung, nu ngaranna Jalan ABC mah tara ieuh tiiseun ku nu
daragang. Da ěta we toko těh meni ngajajar, lolobana mah toko ělěktronik
kayaning nu ngajual tipi, kulkas, mesin cuci, DVD player, jeung sajabana. Atuh
di trotoar jeung di sisi jalan gě teu kurung nu nu daragang kacamata, tukang
ngoměan jam, katut mangrupa-rupa inuman jeung kadaharan. Kuring kungsi meuli es
pisang hějo di dinya, mangkaning poě keur meungpeung panas ěrěng-ěrěngan, leuh
kacida ni’matna, sagelas těh ngan sasěak.
Di tempo saliwat gě ěta nu daragang di
toko těh lolobana mah urang Tionghoa. Katempo da ti jalan gě koko atawa cici
keur dariuk nyanghareupan měja nu biasana mah paranti nunda duit. Ari nu purah
nawarkeun jeung laladang mah angger wě rěa bangsa urang. Mun měngkol ka belah
katuhu, nyaeta ka Jalan Alkateri; di dinya aya hiji warung kopi anu geus
heubeul, atuda ngadegna ti taun 1930, sigana kolot kěněh warung ěta jeung aki
kuring gě! Ceuk babaturan kuring mah (Mang Arya), di ěta warung těh kaayaanna
gancang loma jeung batur. Cenah mun aya hiji jalma anyar nu munggaran ngopi di
dinya, tuluy inditna sorangan atawa teu boga batur, ěta jalma těh baris
diajakan ku kolot-kolot nu geus ngalanggan pikeun milu ngobrol jeung maraněhna.
Stok kopi di ěta warung nyokotna ti Pabrik Kopi Aroma nu aya di Jalan Banceuy.
Asa ku kabeneran, barang kuring jeung
barudak keur ngariung sabari silih tukeur kanyaho, na ari lol těh bapak-bapak
urang Tionghoa kaluar ti warung kopi Purnama, ěh tapi geus laěr kětang, aki-aki
meureun kasebutna; saurna mah anjeunna těh nu kagungan Pabrik Kopi Aroma.
Sababaraha ti barudak aya nu wawuh ka anjeunna, atuh rada pancakaki heula
sajonjonan mah, jalmana katempo soměah naker, nu disebut darěhděh těh enyaan.
Tukang mih ayam |
Di tungtung jalan ABC aya hiji
jambatan pameuntasan di luhureun Jalan Otista, ti luhur mah Pasar Baru těh
katempo ěcěs pisan. Ti dinya tuluy eureun di hareupeun toko jamu Babah Kuya nu
ti baheula geus kaconcara di sakuliah Bandung. Di dinya aya hiji akang-akang nu
saliwat mah paroman jeung buukna siga Joni Iskandar, tinggal kacamatana
dirantěan wě eta mah, pasti ceplěs pisan. Horěng ěta si akang těh nyaěta pagawě
Babah Kuya nu sapopoěna purah ngaracik sabangsaning jajamuan. Tapi kusabab poě
Ahad mah perě, jadi anjeunna poě harita mah markiran mobil jeung motor.
Dumasar katerangan ti si akang, toko
jamu Babah Kuya geus asup ka generasi nu ka opat; nu gaduhna anyeuna mah Pak
Iwan jenenganna tě. Aya dua toko sabenerna mah, tapi hu hiji mah teu ngalayanan
ngaracik, ukur ngajual jamu nu geus jadi hungkul. Tapi cenah nu bogana mah
běda, tapi masih kěněh barayana Pak Iwan.
Ti Babah Kuya tuluy mapay-mapay gang,
bras wěh ka jalan gedě. Di sisi Jalan Kebonjati, kurang leuwih limapuluh měter
ti parapatan Pasirkalili-Kebonjati-Gardujati, aya wangunan heubeul nu baheulana
dipakě ku Hotel Surabaya pikeun para panumpang karěta api nu rěk ngadon
ngarereb. Ayeuna ngaran hotelna geus ganti jeung leuwih modern deuih, minangka
ngigelan jaman meureun. Di gigirna pisan hotel aya warung kopi Javaco, kaasup
produsěn kopi heubeul eta javaco těh. Cenah mah mun kopi Javaco ditinyuh
seungitna melengseng, sawarěh aya nu nyebut kawas seungit esbonbon, sawarěh
deui aya nu nyebut sengitna kawas kuěh.
Sabab hayang nempo kelentěng, tapi
panonpoě keur meungpeung nojo pisan kana emun-emunan, atuh ti Kebonjati těh měngkol
ka kěnca, barang manggih aya plang badag nu tulisanna ngaran pasantren, tuluy
asup kadinya. Lain bobohongan, enya gě ari ngaděngě mah geus ti baheula, tapi
ari nincak mah karěk harita pisan ka Saritem těh. Leuh asa ngimpi bisa nincak
di daerah jual beuli pabinihan. Tapi lain jual beuli meureun ngaranna, apanan
ukur “nyěwa” sakerejep hungkul. Ceuk barudak kudu jempě, ulah rěa omong
ngeunaan “daging atah” di dinya mah, kudu pada-pada apal wě cenah.
Di Jalan Kelentěng měmang aya kelentěng,
lain ngan ukur ngaran jalan. Tapi hanjakal kusabab loba nu keur ibadah jadi wěh
teu diidinan asup, bisi kaganggu meureun. Surti ari kitu těa mah, da maraněhna
gě sarua we jiga urang ari masakah ibadah mah hayang husu. Sabab panonpoě masih
kěněh barangasan, nya tungtungna ngiuhan heula di deukeut vihara. Barang keur
ngariung, na atuh ari gantawang těh aya nu gělo kokolowokan. Geus kolot
katempona mah jalamana těh, sorana jenger naker, pěpěrěpětan kawas tongěrět.
Untung wě barudak teu tuluy riab. Teu ngaganggu teuing ari kitu těa mah, ngan
orokaya wě matak reuwas sajongjonan.
Tuluy ka Jalan Cibadak, di dinya gě
aya vihara dua siki, biasa wě dicět beureum. Di hiji pěngkolan deukeut toko
buku Mearukě aya tukang bakmie atawa mih ayam, nu meulina kacida loba pisan,
koatka ngantri sagala. Tadina mah kuring rěk nyobaan meuli, ngan pasti lila,
teu tulus tungtungna mah. Nu meuli těh katempona mah loba urang Tionghoa,
bangsa urang gě loba kětang, nyampur wě sabari ngarobrol.
Manggih nu kieu di Jl. Cibadak |
Sapanjang Jl. Cibadak loba lampion nu
digantungkeun luhureun jalan makě tapi rapia. Aya ogě gapura beureum paragi
mapaěs acara Culinary Night nu
hartina kurang leuwih icikibung barangdahar ti peuting. Aya ogě urut garduh
listrik jaman baheula, wangunanna tohaga naker. Sabenerna di jalan ěta gě loba
gang nu ngaranna kakara apal kuring mah, resep sigana mun ditalumtik hiji-hiji těh.
Engkě sugan mun aya waktu rěk dipaluruh ah.
***
Tina ngaleut
ěta, kuring manggihan sababara hal, di antarana nyaěta sabenerna urang Tionghoa těh katempona mah bisa layeut jeung
bangsa urang těh. Nu kadua, kuring jadi panasaran saha sabenerna nu měrě ngaran “Pacinan”, maraněhna atawa bangsa urang? Lamun seug bangsa urang nu měrě ěta ngaran, hal ieu ceuk kuring siga
hiji batas nu dijieun ku sorangan, da ěta ngaran těh karasa atawa henteu geus nyien hiji lolongkrang jang misahkeun
urang jeung maraněhna. Komo pan
anyeuna mah loba pisan kota nu miboga kawasan pa-Cina-an těh, tuluy sok dijadikeun
tempat wisata ku balarěa. Hal ieu lila-lila asa jiga děrěnten atawa kebon
binatang.
Ceuk kuring, kaayaan nu geus aya
memang fakta sajarah nu teu bisa diulah-ulah, tapi mun tuluy-tuluyan dijieun hiji
“kaaněhan” tangtu lila-lila bakal ngandelan deui tembok pamisah antara bangsa
urang jeung bangsa maraněhna.
Urut gardu listrik |
Tah, sakumaha nu geus dijelaskeun di
mimiti ieu tulisan, dalit atawa henteuna antara urang jeung maraněhna těh jelas
lain ngan ukur tina kaayaan ekonomi; nyondong atawa henteu. Tapi salahsahiji ogě
tina cara urang mirosěa ka tempat-tempat nu aya hubunganna jeung sajarah bangsa
Tionghoa.
Kuring ngahaja měrě jejer tulisan těh ku
kecap “silih beulit”—kuring teu apal kumaha kaayaan lamun oray keur gelut—tapi maksud
kuring lamun seug enya cara gelutna kitu, ieu těh minangka hiji siloka yěn
bangsa urang jeung bangsa Tionghoa těh mineng pisang guntrengna. Tapi lamun “silih
beulit” nandakeun kahaděan siga jalma nu keur sasalaman, nya ieu pisan nu baris
dimumulě ku urang sarěrěa.
Wilujeng Imlěk, wilujeng nyorang taun
embě kai, mudah-mudahan kahareupna rijki beuki ngocor loba, sing sararěhat, nu
utamana bisa leuwih dalit jeung bisa leuwih silih ngajenan jeung papada bangsa
nu sějěn. Cag! [ ]
Foto : Arsip Irfan TP
No comments:
Post a Comment