Ditempo ti hareup |
Poe anyeuna
mah (28/2/2015) teu siga sasari, hudang sarě těh bet parait lětah. Lain pědah can ngosok huntu, ieu mah parait
siga rěk gering, malah aya muriang sagala. Sanggeus nganteurkeun alo
sakola ka SD Cijagra, ngadadak asa hayang kuěh balok. Kabayang amis jeung ni’matna
mun seug nyaneutna sabari dibaturan ku cikopi nu rada ěncěr. Atuh ti sakola těh teu langsung balik ka imah, tapi kukurilingan heula něangan nu dagang kuěh balok.
Sapaparat Jalan
Buahbatu nyasat teu kapanggih. Tadina mah rěk langsung balik, tapi barang nempo
loba nu ngagimbung, kuring eureun. Di handapeun wangunan nu geus teu pati
kaurus, tegesna deukeut hiji toko donat made
in Aměrika, aya pasar kuěh baseuh. Asa ku kabeneren, ti tadi gě kuring těh parait lětah, barang asup ka jero pasar kasampak loba pisan kuěh nu aramis kayaning dadar gulung, jalabria, bolu kukus, kueh
lapis, donat gula pasir, papais cau, jeung sajabana. Atuh puguh we kuring atoh
naker, katambah marurah deuih hargana, lolobana teu leuwih ti sarěbu rupia hiji kuěh těh.
Tiasa balanja sarupaning kueh baseuh |
Tapi barang
nempo batur nu mareuli loba, kuring asa-asa rěk balanja těh. Da ěta wě batur mah měh ngaratus meulina gě, siga jang jualeun deui. Mun meuli hijian bakal diladangan moalnya?,
kitu gerentes hatě kuring. Ah tungtungna mah
ngawanikeun maněh wě. “Ari ieu sabarahaan, kang?,” ceuk
kuring sabari nunjuk jalabria. “Sarěbuan,” waler tukang dagang. “Kěnging měsěr hijian, maksadna moal seueur kuring
mah balanjana,” tukang dagang tuluy pok ngajawab, “mangga”
Jalabria
meuli tilu, dadar gulung dua. Lumayan teu loba kaluar duit. Barang diasaan, duh
kacida kareueutna ieu jalabria těh. Tapi kusabab kuěh těh rupa-rupa pisan, nya kuring ngarasa
kurang kěněh. Piraku ngan ukur dua rupa? Pan kueh těh loba, kitu kahayang nu rewog mah. Tuluy
kuring datang deui ka tukang dagang nu běda, ibu-ibu nu dagangna těh, batur mah nyebutna gě “Bu Haji”. Teuing geus ka Mekah
teuing acan, nyaho teuing ah!
“Pami ieu
sabarahaan Bu Haji?”, ceuk kuring barang nempo kuěh lapis. “Sarěbu duaratus sěp.” Naha beda jeung nu si akang
tadi?, nu ieu mah rada mahal. “Manawi těh sarěbuan?”, ceuk kuring nyobaan nawar. “Badě nyandak sabaraha puluh kitu sěp?,” sabab kuring mah da euweuh niat
jang jualeun deui, atuh pok wě, “Ah teu seueur, mung badě měsěr dua siki baě.” Paroman Bu Haji nu tadi darěhděh ngadadak jamědud, pědah kuring meulina teu loba meureun.
Keur mah meuli ngan ukur dua siki, katurug-turug wani nawar deuih. Kuring mawa
dua siki, tuluy ngasongkeun duit limarěbu. Bu Haji tuluy nyelengkeung, “Pa,
tah pulangan tilurěbu.” Paromanna semu baeud, malah
mikeun pulangan gě makě leungeun kěnca sagala. Teu mabrur
siah haji těh!,
ceuk kuring dina jero hatě, punten bakat ku kesel.
Aya oge nu dagang deungeun sangu |
Eta nu daragang těh datang ti subuh
mula, ngamimitianna jam lima nepika jam dalapan, tapi mun poě Ahad mah běrěsna
rada beurang meueusan, bisa nepika jam sapuluh. Teuing ti iraha mimitina ěta
pasar těh, da jelas barětona mah wangunan nu geus teu ka urus těh siga urut
ruko. Ceuk salah saurang tukang parkir, cenah barěto mah kira taun 2004, nu
dagang kueh těh ngan ukur duaan, tapi tuluy ngalobaan nepika teu kurang ti
limapuluh urang anyeuna mah.
Salian jang jualeun deui, nu butuh kuěh
jang acara rapat di kantor atawa acara ngumpul kulawarga gě loba pisan nu balanja
di deui. Atuh da ěta ku rupa-rupa jeung murah hargana. Di toko mah bisa dua atawa
tilu kali lipet hargana gě. Mun butuh loba pisan wayahna datangna kudu rada
isuk, sabab bisi kaběakeun. Nu meulina ongkoh loba pisan, nepika ngagelek di pasar
těh.
Barang kuring motoan kuěh, hasilna
kurang jelas sabab ěta pasar těh ditutupan ku terpal, nu matak kurang caang. Sieun
hujan meureun matak ditutupan ogě. Ngarasa geus cukup, nya tungtungna mah
kuring balik sabari mawa kěrěsěk nu eusina kuěh hungkul. Tuluy eureun di tukang
kopi, kabeneran di gigireunna aya tukang koran. Aya ku tegep; kuěh amis
dibaturan cikopi ěncěr, sabari maca koran jeung udud! [ ]
Foto : Arsip ITP
No comments:
Post a Comment