Ti baheula,
tapi teu baheula-baheula teuing sabenerna mah, da kakara sakola di Bandung těh taun 2002 ; kuring hayang asup ka komplěk Biofarma. Mun ngaliwat Pasupati tuluy nempo ka belah kalěr, eta gedong Biofarma katempo sakitu aggrěngna. Tapi kusabab dijagaan ku sababaraha satpam, jeung
pantona gě salawasna katempo nutup waě, nyak boro-boro apal itu ieu di
jerona, dalah ngalanto ka buruanna gě teu bisa. Nenjo těh ukur bisa ti kajauhan hungkul.
Nyak kamari
pisan, poě Salasa (17/2/2015) aya ku kabeneran, barudak Komunitas Aleut ulin ka Biofarma, atuh
kuring teu kalěkěd langsung wě milu daptar. Barang jol ka gerbang hareup, satpam geus rajěg, aya kana lima urang mah. Tuluy ketua rombongan měrěkeun surat ijin, teu kungsi lila
bring wě barudak gě milu arasup.
Kuring
saparakanca ditampa di rohangan paragi prěsěntasi, gigireun pisan rohangan paragi
dahar, atuh ka beurangnakeun mah ting pelenghir kadaharan nu geus arasak těh. Enya da kitu, ceuk si ětěh (těh Yuni mun teu salah mah) nu
nerangkeun gě, yěn pagawě Biofarma mah sapopoěna diběrě dahar. Eta gě bisa meuli dahar di luar cenah, ngan tempatna rada anggang
ti kantor.
Sanggeus
diuk sajongjonan, jol urang Biofarma tiluan, tuluy ngabagěakeun. Atuh ti Komunitas
Aleut gě teu kurang-kurang nganuhunkeun. Kang Edwin jenenganna,
anjeunna pisan nu saterasna nerangkeun ngeunaan sajarah Biofarma ti mimiti
jaman Walanda tug dugika kiwari. Kuring jeung barudak pogot pisan ngadangukeun,
da tětěla loba pisan hal anu kakara apal.
Měměh diěcěsjentrěkeun ngeunaan sajarah, widang usaha,
sarta rupa-rupa vaksin jeung sěrum, dipiheulaan heula ku muter vidio
jaman baheula. Barang nembongkeun jalma-jalma nu katarajang panyakit cacar api,
kuring saharita ting puringkak bulu punduk; linu nakěr. Da katempo ěcěs pisan aya sababaraha jalma nu pinuh
saawak-awak ku cacar api. Malah aya ogě budak leutik nu beungeutna tutung.
***
Mang Otten |
Biofarma
diadegkeun taun 1890. Mimitina mah di Batavia, tuluy taun 1923 pindah ka
Bandung. Hal ěta alatan Pamarěntah Walanda ngarasa hariwang, yěn Batavia těh kacida babari pisan upama dijorag ku
musuh. Boh ti darat, laut, atawa udara--kusabab kaayaan lemahna rata euweuh
gunung atawa pasir hiji-hiji acan, nyak hal ieu nu dipikasieun ku Walanda těh.
Saměměh dingaranan Biofarma, ieu tempat
paragi nyieun vaksin jeung sěrum těh ngaranna “Gedung Cacar dan Lembaga
Pasteur”, matak jalan nu dihareupeunna gě dingaranan Jalan Pasteur. Saha atawa
naon ari Pasteur těh?
Louis
Pasteur nyaěta hiji jelema linuhung ku ělmu jembar ku pangabisa, nu babar
jeung maotna di Perancis. Anjeunna nu narěkahan obat pikeun panyakit rabies nu
disababkeun ku anjing ědan. Di sakuliah dunya, kurang leuwih
aya 60 nagara nu miboga Institut Pasteur, salah sahijina di Indonesia, nu
anyeuna ngaranna Biofarma.
Baheula
mangsa rahayat katarajang panyakit cacar api nu pinuh saawak-awak, aya sababara
jelema nu pagawěanna purah meres susu sapi, teu ngilu
katěpaan. Nempo kaayaan ieu sababaraha jelema pinter ngarasa hěran, naha bet bisa kieu? Nyak antukna mah jang miceun
kapanasaran, tuluy ditalumtik. Eta nanah tina cacar api těh disuntikkeun ka sapi, tuluy sanggeus kitu tina sapi dibawa
deui cai, tah ěta cai těh disuntikkeun ka budak leutik; ěta budak salamet tina cacar api! Ti dieu mimitina dijieun
vaksin cacar api těh.
Anyeuna panyakit cacar api geus euweuh
di sakuliah dunya, matak vaksinna gě geus teu dijieun deui, tapi ari virusna
mah aya kěněh diteundeun di WHO. Cenah panyakit polio gě sakeudeung deui bakal
tumpur salilana jeung di sakuliah dunya. Da ěta we anyeuna mah geus jarang
pisan aya budak nu keuna ku panyakit polio těh.
Kumaha carana nangtukeun hiji panyakit
geus tumpur? Ceuk Kang Edwin nu ti Biofarma těa, nyaěta mun dina jero lima taun
kahareup di sakuliah dunya geus euweuh deui nu katarajang, nyak ěta patokanna
yěn panyakit těh geus disebut tumpur. Aya hiji conto, dina sababaraha taun ka
tukang panyakit polia geus rěk disebut leungit, ngan dina taun 2010 aya hiji
budak di Sukabumi nu katarajang, tungtungna teu tulus disebut “bebas polia”
těh. Tapi insyaAlloh mun nepika taun 2018 di sakuliah dunya euweuh deui nu
keuna ku polio, ěta panyakit těh baris “dipangsiunkeun” ka WHO, jeung vaksin-na
moal dijieun deui.
Kira taun 1950-an katompernakeun, basa
keur ramě anjing ědan nu matak nyieun rabiěs, ampir kaběh jelema nu kulawargana
digěgěl anjing, pasti sok langsung dibawa ka Biofarma. Matak baheula mah
Biofarma těh katelah “Rumah Sakit Anjing Edan”. Memang harita gě serum jang
rabiěs geus aya, jadi teu melang teuing mun direwěg anjing ědan těh.
Kiwari vaksin jeung sěrum geus dijieun
loba jeung rupa-rupa. Aya keur hěpatitis, flu, tětanus, polio, campak (tampek),
jeung sajabana. Sasatoan nu dibutuhkeun jang nyieun sěrum, baheula mah aya
kandangna di komplek Biofarma Jl. Pasteur, tapi anyeuna mah kusabab lebah dinya
gě geus gegek pisan, matak sakur-sakur kandang sasatoan dipindahkeun ka
Cisarua. Mun ti arah Lědeng atawa Jl. Koloněl Masturi mah saměměh Rumah Sakit
Jiwa.
Lapang mengbal |
Mun urang nitěnan ngaran-ngaran jalan
di sabudeureun Biofarma jeung Rumah Sakit Hasan Sadikin, urang tangtu baris manggihan
nu ngaranna Jalan Ottěn jeung Jalan Nylan. Tah dua ngaran ěta jalan těh dumasar
kana ngaran dua urang Walanda nu baheula kungsi mingpin Biofarma. Foto-fotona
aya di Musium Biofarma, malah Ottěn mah aya patungna sagala.
***
Saba’da nerangkeun sajarah jeung
rupa-rupa vaksin katut sěrum, Kang Edwin sareng si tětěh tuluy mawa kuring
saparakanca ngurilingan komplěk Biofarma. Di dieu teu meunang sagawayah moto,
sabab aya sababaraha tempat anu teu meunang, contona waě tempat produksi. “Punten
nyak, engkin di tempat produksi mah teu kenging moto, margi seueur pisan cctv.
Pami kayahoan tantos abdi sareng Kang Edwin nu diseuseulan,” saur si tětěh.
Bral wě rombongan indit. Nu mimiti
ditempo těh nyaěta plakat nu ngajelaskeun yěn wangunan Biofarma těh salah
sahiji cagar budaya nu ditangtayungan ku pamarěntah. Di deukeutna aya ukiran
Dr. Nylan warna hideung.
Ti dinya tuluy ka musium nu di jerona
aya poto-poto pamingpin Biofarma ti jaman walanda mula. Aya ogě sababaraha oray
jeung bayongbong nu diair keras. Leuh, matak gila saliwat mah. Da ěta wě
bayongbongna gě koatka gedě naker. Teu kaliwat aya ogě alat-alat urut
penelitian baheula, lumayan lengkep. “Ah ieu mah da nu karawatan hungkul,
janten teu patos seueur. Nanging sakieu gě atos uyuhan,” saur si tětěh.
Di dinya gě aya patung Dr. Ottěn nu
jangkungna sadada, cenah mah anjeunna těh urut pamaěn BIVB (Persib anyeuna mah)
nu munggaran. Asa kaingetan, di ieu komplek těh aya hiji lapang měngbal paragi
maěn pagawě nu di tengahna aya hiji tangkal gedě. Teuing tangkal nanahaon, Ki
Hujan sigana mah, da ěta wě meni badag jangkung tur ariuh. Kuring sajongjonan
ngabayangkeun, kumaha mun keur pogot měngbal tuluy jalma poho yěn di dinya těh aya
tangkal gedě, sok paur diadu wě jeung tangkal, kacipta pohara nyerina meureun.
Sanggeus seubeuh motoan nu aya di jero
musium, tuluy rombongan neruskeun ka tempat produksi. Leuh aya ku reuwas,
barang kuring jeung barudak keur jongjon leumpang, na ari beledug-beledug těh
sora kawas karbit dibeuleum tina paralon leutik, jaba ngaluarkeun haseup deuih.
Ceuk si tětěh tong sieun, da ěta mah haseup nu teu bahaya cenah.
Pas ngaliwatan tempat produksi mah
wayahna kuring saparakanca teu boga dokuměntasi pikeun arsip. Tapi aya hiji nu
lumayan nyieun bungah, nyaěta di tukang deukeut lapang měngbal, handapeun
tangkal sawo pisan aya hiji tutunggul. Saurna mah ěta těh tutunggul urang
Jepang nu baheulana milu ulukutek dina ngarojong Biofarma. Basa anjeunna maot,
sateuacan ngantunkeun, cenah aya hiji wasiat; měnta sawarěh lebuna diawurkeun
di Indonesia. Tah nu nyieun bungah těh pědah ěta tutunggul mah meunang dipoto.
Samet dinya rombongan baralik deui ka
tempat mimiti. Barang keur laleumpang, di beulah katuhu jalan aya kulkas
garedě. Lain kulkas siga nu di imah, ieu mah kulkasna gě siga kandang, baradag jeung
tohaga naker. Suhuna antara dua nepika dalapan darajat cělcius. Dina palebah pantona
aya tulisan “maksimal di dalam 15 menit (paling lila di jero 15 menit)”, bisi
kabulusan tuluy jengker meureun matak ditulisan kitu gě.
Saměměh mulang ka imah sěwang-sěwangan,
rombongan dipoto heula hareupeun wangunan nu pang alusna. Aya meureun genep
kali mah. Leuh Alhamdulillah, kabul kahayang těh. Geus teu panasaran deui ka
Rumah sakit Anjing Edan těh anyeuna mah. Nuhun pisan ka Biofarma sarěngrěngan
nu tos masihan widi kanggo kukurilingan, utamina kanggo Kang Edwin sareng si tětěh
nu nganggo anderok beureum, nuhun pisan. Cag! [ ]
Tutunggul urang Jepang |
No comments:
Post a Comment