21 March 2015

Mari Bung Rebut Kembali!

Stilasi nomer hiji di Jl. Dago-Jl. Sultan Agung
69 taun ka tukang, tegesna ping 24 Maret 1946, di Bandung kungsi aya kajadian rongkah basa rahayat Bandung perang jeung ngaduruk kota dina raraga mertahankeun kamerdékaan nu geus diproklamasikeun sataun saacanna di Jakarta. Kajadian ieu pikeun bangsa Indonesia--hususna urang Bandung, tangtu geus pada apal nyaéta; Bandung Lautan Api! Harita basa kajadian, aya hiji wartawan nu nyaksian ti Garut, cenah enya wé katempo ti kajauhan gé Bandung téh hurung ngagedur.  
Jéndral Nasution nu harita mingpin TKR badami jeung tentara nu séjén, kumaha carana sangkan kota Bandung anu rék ditinggalkeun sabab diancam ku Inggris téh, teu dipaké markas pasukan musuh. Lain teu wani ngalawan, tapi kaayaanna basa éta teu saimbang. TKR jeung rahayat Bandung nu milu perang teu miboga pakarang nu cukup pikeun ngagempur pasukan musuh. Hal ieu mun dipaksakan baris nyangsarakeun rahayat nu séjén.

Nya tina hasil badami téh ahirna ngahasilkeun hiji kaputusan; rahayat katut TKR baris ngungsi ka Bandung belah kidul. Tah saméméh arindit ka pangungsian, kota Bandung diduruk heula sangkan teu nguntungkeun pihak musuh. Mun macaan buku ngeunaan kajadian ieu, urang tangtu ngarasa ketir jeung reueus. Ketir kusabab rébuan rahayat kapaksa ninggalkeun imah katut harta bandana, sabari teu boga kapastian iraha bisa balik deui. Ari nu nyieun reueus nyaéta ku teuneung jeung ludeungna pajoang urang dina nyanghareupan musuh nu pakarang perangna leuwih lengkep.

Stilasi nomer lima di Jl. Kautamaan Istri
Tah dina raraga miéling jeung ngajénan perjoangan tentara katut rahayat Bandung tina kajadian éta, nya dina taun 1997 hiji komunitas nu boga kaayah ka Bandung, tur dirojong ku sababaraha sponsor, nyieun sapuluh stilasi Bandung Lautan Api. Naon ari stilasi téh? Basa basajanna mah kurang leuwih; tugu leutik pikeun pangéling hiji kajadian.

Stilasi nu nomer hiji nyaéta di pengkolan Jl. Ir. H.Djuanda (Dago) nu ka arah Jl. Sultan Agung, tegésna di gigireun trotoar nu hareupeun gedung BTPN. Gedung éta geus aya ti taun 1937, baheulana urut Kantor Berita Doméi nu dipaké ku Jepang. Numutkeun catetan sajarah, di gedung éta pisan proklamasi kamerdékaan Indonesia dibacakeun ku rahayat Bandung.

Ti dinya, pikeun nyaho stilasi nu nomer dua, urang kudu ka belah kidul. Di hareupeun gedung Bank Jabar Banten nu di Jl. Braga, stilasi nomer dua diadegkeun. Gedung BJB téh baheulana urut Bank Dénis. Di gedung éta, dina bulan Oktober 1945 dua pejoang Bandung nyaéta Moeljono jeung E. Karmas kungsi nyoékeun bendéra Walanda nu warna biruna sangkan nyésa warna beureum jeung bodas wungkul.

Ti dinya tuluy leumpang deui ka belah kidul, nyaéta di deukeut gedung Asuransi Jiwasraya Jl. Asia Afrika, tegesna di belah kalér alun-alun, aya stilasi nomer tilu. Baheula gedung nu diadegkeun taun 1922 éta téh digunakeun jang markas resimén 8. Numutkeun katerangan kol. TNI. H. Daéng Kosasih Ardiwinata, ping 13 Oktober 1945 pingpinan TKR kungsi rapat di gedung éta.

Stilasi nu nomer opat leuwih ngidul deui, nyaéta di Jl. Simpang—teu jauh ti Jl. Déwi Sartika. Stilasi ieu ayana di gigireun hiji imah nu baheula kungsi dipaké jang mutuskeun ngaduruk Bandung. Paréntah sangkan ninggalkeun Bandung gé dikomandona ti imah ieu pisan. Kusabab rada nyumput, stilasi ieu rada hésé ditempona.

Stilasi nomer dalapan di Jl. Lengkong Besar
Ngidul saeutik ka arah Jl. Kautamaan Istri, urang baris manggihan stilasi nu nomer lima. Stilasi ieu tegesna aya di simpang Jl. Kautamaan Istri jeung Jl. Ciguriang, deukeut hiji sakola. Baheula sakola ieu téh dijieun dapur umum ku ibu-ibu jeung pamuda pikeun ngarojong perjoangan nu perang ngalawan musuh.

Balik deui ka Jl. Déwi Sartika, di dinya aya stilasi nomer genep. Baheula mah jalan éta téh ngaranna Regěntwěg. Stilasi éta diadegkeun di trotoar hareupeun hiji imah nu kungsi dijieun markas komanda Divisi III Siliwangi nu dipingpin ku Jéndral Nasution. Ngan hanjakal ayeuna imah éta geus dibongkar, diganti ku toko jeung kios kadaharan.

Jang manggihan stilasi nomer tujuh, ti dinya urang kudu ka wétan ngaliwatan Jl. Sasakgantung. Engké brasna ka simpang Jl. Léngkong Tengah jeung Jl. Lengkong Dalam. Di dinya pisan stilasi téh diadegkeunna. Cenah di dinya téh baheulana urut imah indo Walanda, ngan hanjakal kuring teu manggihan katerangan; saha éta indo Walanda téh? Naha milu ka pihak musuh tuluy dijorag ku tentara republik, atawa milu ka pihak Indonesia nu tuluy ancrub kana perjoangan.

Teu pati jauh ti dinya, sanggeus nyebrang walungan Cikapundung, urang baris manggihan stilasi nu nomer dalapan. Di gigireun Jl. Lengkong Besar aya hiji jalan leutik nu ngaranna Jl. Jembatan Baru, tah di tungtung jalan leutik éta, gigireun pisan hiji jambatan stilasi téh ayana. Daérah éta mangrupakeun salahsahiji garis pertahanan para pajoang basa kajadian perang rongkah di daérah Léngkong. Méméh mundur ka belah kidul, di deukeut jambatan éta pejoang Bandung nahan serangan musuh ti jam dalapan isuk nepika jam dua beurang.

Nu nomer salapan lebahna di SD Asmi Jl. Moch. Toha, asupna ti gang Asmi pisan nu sakiduleun ITC Kebon Kalapa. Wangunan sakola teu loba parobahan, di dinya baheula dipaké jang markas para pamuda pejoang, saacan kajadian Bandung Lautan Api.

Stilasi nomer sapuluh di Jl. Moch. Toha
Terahir nyaéta stilasi nomer sapuluh, ayana masih di Jl. Moch Toha kénéh, ngan rada ka kidul, tegesna di hareupeun hiji garéja. Lain diburuan garéja, tapi di gigireun trotoar sebrangeun garéja. Garéja éta baheulana urut radio NIROM nu dipaké jang ngawawarkeun proklamasi kamerdékaan ka sakuliah Indonesia jeung sakuliah dunya. Nya deukeut pisan ti stilasi éta aya tugu gedé Bandung Lautan Api di Tegallega.

Di kabéh stilasi, luhureunna aya kembang patrakolama nu jieun tina beusi, minangka kembang éta téh cicirén has Bandung. Kaayaan kabéh stilasi alus kénéh ngan kurang kaurus, contona nu di Léngkong Tengah mah péta jeung kembang dina stilasi téh geus coplok jeung leungit teuing ka mana. Tina sapuluh stilasi éta mudah-mudahan ku urang bisa dijieun sabab jang leuwih ngajénan para pahlawan, jeung eunteung pikeun nyorang tangtangan kahirupan ka hareupna. [ ] 


Foto : Arsip Irfan TP

No comments: