Di Jalan Braga, méh pahareup-hareup pisan jeung réstoran Braga Permai, aya toko buku nu ngaranna Toko Buku
Djawa. Kira dua minggu ka tukang, basa babaturan kuring—wanci haneut moyan, ngaliwat ka hareupeun éta toko, cenah katingali aya sababaraha jalma nu keur ngangkutan
buku jeung majalah. Sabab teu pati yakin, nya isukna kuring ningali sorangan ka
lebah dinya. Ana nepi, enya wé toko téh geus kosong. Buku, majalah, poto,
kartu pos, jeung barang jualeun nu séjénna geus teu nyésa hiji-hiji acan.
Toko buku ieu ditutup alatan nu meuli ka dinya geus langka
pisan. Kuring kungsi sababaraha kali balanja buku di dinya. Hiji waktu basa
kuring keur nempoan buku jang beulieun, di jero tiiseun pisan. Iwal ti kuring
jeung si tétéh nu nungguan toko, euweuh deui jalma
séjén nu ngadon ngalanto ka jero. Mun
ditempo tina harga, saenyana harga buku-buku di dieu teu béda jeung nu di toko buku gedé. Tapi teuing kunaon asa ku
langka-langka teuing nu balanja di dieu mah.
Toko Buku Djawa diadegkeun taun 1955, ampir bareng jeung
diayakeunna Konpérénsi Asia Afrika, hartina umur éta toko buku téh geus ampir 60 taun. Dina waktu nu
panjang éta, Toko
Buku Djawa kungsi ngalaman “géngsi” nu lain lumayan. Maksudna mun warga balanja
buku di dinya, bisa disebutkeun leuwih pinunjul batan mun meuli di toko buku nu
séjén. Tapi ku lantaran beuki dieu beuki kaséréd ku saingan nu teu saeutik, atuh puguh wé kayaanna beuki
ripuh.
Anyeuna toko nu geus kosong téh dijagaan ku dua urang jelema. Ti luar mah sok katempo keur
maraén catur. Bakat ku hayang nyaho, nya
kuring ngawanikeun manéh asup ka jero, tuluy tatanya ka nu duaan. Dumasar tina
katerangan nu ngajagaan toko, nu gaduh toko buku téh saurna Nyonya Tung (yuswana tos 80
taun), anjeunna badé ngalih ka
Australia. Éta toko téh kapayunanna baris dijadikeun toko kadaharan atawa sapatu,
can pati tangtu saurna.
Mun urang nempoan jalma nu sok ngaradon popotoan di sapaparat
Jalan Braga, utamana nu popotoan pikeun kaperluan “Pra Wědding”, Toko
Buku Djawa téh minangka
kaasup pang minengna dijadikeun “Background”
jang dipoto. Hal ieu bisa jadi lantaran lolobana mah di Jalan Braga téh toko kadaharan, kuayana toko buku
nyieun hiji kamonésan nu
alus pikeun dijieun poto. Katambah deuih wangunanna masih kénéh wangunan jaman
baheula, lumayan kauurus, jeung masih tohaga.
Anyeuna toko buku nu nyésa di Jalan Braga kari dua siki deui. Kahiji nu aya palebah péngkolan, nu tokona dicét beureum. Nu Kadua nu gigireun Jalan
Kejaksaan, nu témbok wangunanna loba dicurat-corét ku pilok. Teu mustahil dua toko buku ieu gé hiji mangsa mah baris “tilar dunya”
kawas Toko Buku Djawa, lamun seug dagangna tuluy-tuluyan tiiseun.
Kang Ridwan Hutagalung (nu nyerat buku Braga, Jantung Parijs van Java) basa diwawancara ku salah saurang
wartawan hiji koran gedé sasauran, “Basa hotél nu jangkung di Jalan Braga diadegkeun, kuring jeung
babaturan protés ka
ditu-ka dieu, sabab naon? Éta hotél téh geus ngagantikeun wangunan-wangunan kolot nu pinuh ku
sajarah. Tapi orokaya, euweuh nu ngadéngékeun. Tah, kuring paurna hal siga kitu téh bakal kajadian deui, nu ahirna urang
lalaunan ngahapus ingetan sajarah urang sorangan.”
Terus kumaha carana sangkan wangunan-wangunan kolot nu pinuh
ku sajarah téh bisa
tetep ngadeg? Numutkeun Kang Ridwan mah saurna kedah aya kasadaran ti urang saréréa. Kututupna Toko Buku Djawa téh kudu dijieun pelajaran ku sing saha waé nu paduli kana wangunan-wangunan
titinggal jaman baheula. Anjeunna neraskeun, yén cara nu basajan tapi keuna, nyaéta ku meuli barang-barang nu dijual
di toko nu nempatan wangunan heubeul.
Ku dibeulianna éta toko, bisa mantuan ngalantarankeun kabutuhan sapopoéna kacumponan. Atuh mun seug beuki
loba nu balanjana, tangtu lain ngan ukur kabutuhan sapopoé wungkul, dalah kauntungan pikeun
tuluy ngagajih pagawé, mayar séwa jeung pajeg gé tangtu baris lancar.
Tah, ku hal sakituna, ieu luyu sareng sasauran Kang Ridwan, “Loba
pisan jalma nu protés jeung
ambek-ambekan basa wangunan-wangunan cagar budaya diruntuhkeun, tapi maranéhna teu nyieun lampah nanaon. Ari ngamumulé hayang, tapi carana siga nu teu
apal, pan ieu teu adil. Nya minimal beulian atuh toko-toko nu nempatan wangunan
heubeul téh. Hal éta basajan katempona, tapi keuna kana
tujuan.”
Ti dua minggu ka tukang nepi ka hareupna (teuing nepi iraha),
Toko Buku Djawa téh baris
ngan ukur panineungan. Masih inget kénéh basa
kuring meuli buku ngeunaan komplék candi nu kapanggih di Karawang: barang kuring asup ka toko,
si tétéh nu nungguan katempo keur ngalamun, meureun dina
panyawanganna éta toko
buku téh moal
lila deui. Teu sangka anyeuna geus ninggang di mangsa. Pileuleuyan Toko Buku
Djawa. [irf]
Foto : Arsip Irfan TP
1 comment:
Terima kasih untuk blog ini! Lagi! Lagi! Karena Toko Buku Djawa sudah jadi cafe, bikin review lagi dalam bahasa Sunda!
Post a Comment