Showing posts with label Sekelimus. Show all posts
Showing posts with label Sekelimus. Show all posts

23 May 2017

Ngaleut Déwata: Tanjakan, Halimun, jeung Béntang




Panon poé geus meleték di belah wétan, basa kuring hudang tuluy gura-giru indit ka cai. Minggu, 30 April 2017, kuring saparakanca rék ngaleut ka Déwata. Indit téh tangtu waé kudu isuk-isuk, da ari pabeubeurang mah pamohalan, teuing boa iraha balik deui ka Buahbatu. Cai karasa nyecep kana awak, malum da teu unggal poé kuring mandi isuk-isuk téh, sasarina mah biasa wé mun geus deukeut ka waktu lohor.

Barudak geus jul-jol, sawaréh aya nu anyar, munggaran milu ngaleut. Kira wanci ngaluluh taneuh, rombongan geus siap, nya teu lila bring waé ka belah kidul. Eureun sajongjonan di POM béngsin Sékélimus, teu lila tuluy méngkol ka arah Batununggal, mapay Mengger, tuluy bras ka Jalan Mohamad Toha. Palasari, Cisirung, Rancamanyar diliwatan. Wahangan Ci Tarum katempo coklat kawas bajigur. Tah, ieu Ci Tarum heubeul, mun itu Ci Tarum anyar, ceuk kuring ka Méy. Nu dibéré nyaho padu ngabetem, sigana keur ngaregepkeun.

Mun momotoran kieu kuring sakapeung sok kapikiran méré ngaran ka motor sorangan nu geus dibabawa kaditu-kadieu. Ti Sedep, Cikajang, Pameungpeuk, Bayah, Cisalak, Brebes, Majenang, jeung patempatan séjénna ku motor kuring geus katincak. Bagéan handapna geus rujad basa diteunggar ku batu sagedé orok di leuweung saméméh Papandayan. Tapi naon kira-kira pingaraneunana? Mun motor Akay geus boga ngaran nyaéta Si Kuya, tapi motor kuring mah nepi ka anyeuna can boga asma. Kungsi kapikiran rék dibéré ngaran “Aya Jalan Komo Meuntas, tapi panjang teuing, jeung asa kurang merenah wé deuih. Cag, tunda heula sual ngaran motor, anyeuna urang tuluykeun carita lalampahanna.  


Ti Rancamayar rombongan mapay Rancamulya, Rancatungku, Bojongkunci, jeung Tanjung, bras wéh ka jalan raya Banjaran. Méméh asup ka jalan raya Banjaran, rombongan eureun heula di tukang kuéh balok nu teu jauh di parapatan. Ari mimitina mah Anggi Cau nu meuli téh, tapi sihoréng barudak nu séjén gé kabaritaeun, atuh tuluy wé mareuli séwang-séwangan. Kuéh balok téh harga hijina ngan ukur sarébu. Haneut kénéh jeung karasa remuy, matak seuseut kana tikotok, éh tikoro.

Saenggeus Nagrak, rombongan méngkol ka arah Banda Sari, ngaliwatan komplék jeung pasar. Basa manggih tanjakan, reg kabéh areureun, teu jauh ti hiji warung leutik. Kusabab sungut geus karasa haseum jeung kohal, kuring meuli rokok sabatang. Malum sajajalan mah kuring teu bisa ngarokok da ulaheun ku urang Rantauprapat, majar téh haseupna keuna ka manéhna cenah. Basa ngeunah ngelepus, katempo Anggi Cau jeung Wa Abang badami, sigana mah keur mastikeun jalan pilampaheun. Kuring ngadeukeutan nu keur badami, teu lila paheut rék méngkol ka belah kénca, ka arah Leuweung Datar.

Jalan beuki leutik jeung beuki renjul. Kénca katuhu nyampak kebon jeung imah warga. Panon poé geus nérékél, panas nyongkab kana awak, malum geus wanci antara rumangsang jeung pecat sawed. Rombongan eureun deui basa manggih tanjakan nu panjang. Kabéh nu mawa motor pada ngawahan, nu dibaroncéng pada turun, da puguh gé tanjakan sakitu mah ceuk itungan moal kauntup. Enya wé, ampir kabéh motor teu kuateun naék, gas geus béak, kapaksa kudu didorong. Komo motor Farhan mah, sok sanajan katempona sonagar jeung pang gagahna, tapi padu bisa ngagerung, leuwih ripuh batan notor nu séjén nu maraké métik. Ngaran wé Leuweung Datar, ari jalan euweuh datar-datarna, kitu ceuk barudak.


Tanjakan panjang téh lain ngan ukur hiji, tapi aya kana opatna. Ka hiji warga nu keur leumpang di sisi jalan kuring nanya ngaran lembur. Ciseupan, pokna. Basa tanjakan geus béak, rombongan reureuh heula di masigit nu aya di lembur Cibubuay. Solat lohor pilih genti, sawaréh mah aya ogé nu jajan batagor jeung meuli cikopi di warung nu patempatanna rada nonggoh. Langit katempo geus rada maleukmeuk, tapi can pati poék.

Kira wanci kalangkang satangtung, rombongan nuluykeun lalampahan ka arah Cisondari. Barang nepi ka jalan raya Ciwidéy, mobil katempo keur rada ngantri. Macét, malum isukna peré tanggal beureum. Loba mobil plat B nu sigana ngadon arulin ka Kawah Putih jeung Rancaupas. Teu jauh ti hiji POM béngsin, kuring méré sén kénca da rék eureun pédah nempo Mang Alex keur meuli béngsin. Sabot arék nyisi, ti tukang kadéngé sora kelakson tarik naker. Aya hiji mobil plat W nu ngagerung ngusir kuring ngarah gancang ka sisi. Nyel téh ambek, supirna ku kuring dipelong sabari dipolototan, sabar atuh goblog! Punten kasar, atuh da kumaha deui, kuring mah skil rendah tapi darah tinggi.

Sok wa tiheula, baé Mang Alex mah ditungguan ku urang, ceuk Agus nu ngabonceng Riri, ngajurungkeun kuring sina tiheula nuturkeun barudak. Teu rada lila, di hiji péngkolan katempo Wa Abang jeung Tintin méré tanda méngkol. Barudak katempo keur narungguan. Kuring milu eureun, tuluy nempo cai nu rada loba di pangumbahan mobil. Sabot jongjon cingogo, barudak silih patanya, Ari si Farhan mana euy? ceuk Yanceu ka nu keur ngariung. Ampir kabéh teu nyaho, iwal Enji jeung Windi. Cenah Farhan tadi asup ka béngkél rék menerkeun kanpas kupling. Yanceu nu ngaboncéng Amanda jeung Agus nu ngaboncéng Riri tuluy balik deui nyusulan Farhan.


Rada lila nungguan téh, lumayan kesel ogé. Ti kajauhan katempo Adya keur ngalamotan Aicé, jorojoy kabita. Méy dijurungkeun sina meuli sabari dikeupeulan. Nu rasa kopi, nya, manéhna ukur imut. Barudak pipilueun meuli. Di sisi jalan sabari diuk, kuring sabatur-batur dipotrét sabari ngalomatan rupa-rupa rasa Aicé. Langit beuki angkeub, gelap geus jojorélatan, tapi nu ditungguan can mucunghul kénéh. Cihujan geus cluk-clak, basa Tintin méré nyaho yén lalampahan geus arék dituluykeun. Sok, geura aranggo jas hujanna, sakedap deui urang berangkat, kitu pokna.

Kakara gé sapuluh méter ngajalankeun motor, breg hujan. Hawa tiis geus karasa nyecep. Jalan alus geus mimiti béak, diganti ku jalan makadam nu renjul jeung batuna sawaréh mah sagedé-gedé orok. Bi Kania jeung Windi nu ngabonceng Enji katempo ripuh, maranéhna usek-usekan ngagaley batu. Eta jalan butut téh lain di tengah kebon atawa leuweung, tapi di pilemburan nu lumayan gegek. Kuring mikir, piraku pakampungan pinuh kieu teu boga jalan nu waras? Teu bogaeun pamaréntah kitu?

Bi Kania katempo eureun sabari nampa telepon. Kuring jeung Méy rada ngaberung tiheula, ras kuring inget basa ngaleut ka Sedep, jalanna teu pati béda jeung anyeuna. Dibéré jalan siga kitu, nu diboncéng riweuh da puguh gé ajrug-ajrugan, tapi kuring mah jongjon wé da geus biasa ieuh. Di hiji warung nu rada gedé, rombongan eureun heula. Sabari nyareundeut roko jeung nungguan nu kacarai, rombongan badami: dituluykeun atau balik deui. Ti tadi gé warga geus ngabejaan, yén ka Déwata téh jauh kénéh sabari jalanna butut.


Geus kieu wé, anyeuna urang tuluykeun heula sakuatna, mun teu kuat kakara balik deu, kitu ceuk Wa Abang. Saréréa sapuk. Hujan masih ngeureunyeuh sanajan teu pati gedé. Pilemburan mimiti jauh, geus katempo rada anggang di tukang. Tapi matak hémeng, barang asup ka leuweung Gunung Tilu nu masih kénéh geledegan, jalan téh karasa jadi alus. Léspar ku aspal jeung coran beton. Ari di pilemburan butut, ari di leuweung alus, pan rada anéh. Tapi kuring teu loba catur, anggur mah kalahka ngahariring lagu Doel Sumbang:

Kuring asa kumalayang / di awang-awang / antara bulan jeung béntang...

Lagu éta dibulak-balik teu eureun-eureun nepika nu diboncéng seuseurian sorangan. Kunaon seuri? ceuk kuring. Puguh gé rada reuwas, di tengah leuweung hieum siga kitu jol aya nu seuseurian sorangan. Atuh da laguna éta waé, siga nu teu aya lagu deui, jawabna.

Turaés geus mimiti raéng. Halimun mayungan leuweung. Di belah kénca jalan dina tangkal kai nu gede, katempo aya tulisan dina papan: Habitat Babi Hutan. Dina tangkal nu séjén aya ogé tulisan Habitat Surili. Tétéla Gunung Tilu téh lain leuweung meueusan, tapi bener-bener leuweung nu masih kénéh réa dicicingan ku sabangsaning sasatoan. Kuring rada teg-tegan, sok sieun ujug-ujug aya bagong ngalanto ka tengah jalan.


Rada ka sorénakeun tetempoan diganti ku kebon entéh nu héjo ngémplo siga karpét masigit. Kuring saparakanca geus nepi di Perkebunan Téh Rancabolang. Barudak ramé pada surak, pédah nempo halimun silih keukeupan jeung kebon entéh. Der pada dipotrét ku rupa-rupa kamonésan gaya. Atuh spanduk Aleut gé teu tinggaleun milu dibébérkeun dina riungan nu rék dipoto.

Seubeuh popotoan, tuluy nyalingker ka warung leutik nu ngajual emih jeung rupa-rupa gogoréngan: aya géhu, ulén, jeung ciréng. Kuring mesen emih maké endog hiji jeung ditambah ulén genep siki, lumayan ngahaneutan beuteung.

Wanci geus deukeut ka sariak layung, barudak geus siap deui dina motorna séwang-séwangan. Kusabab Perkebunan Déwata mah masih kénéh jauh, kira dua jam deui, ahirna rombongan mutuskeun balik ka Buahbatu tapi rencanana rék ngaliwatan Taman Jamur, Patuhawatee, jeung Kawah Putih.

Jalan alus mimiti diganti deui ku jalan butut. Halimun beuki kandel. Ponon poé téréh surup, langit geus mimiti poék. Barang nepi ka Patuhawatee, rombongan eureun heula, da manggihan jalan nyabang. Sabot nu séjén badami, kuring teu kuat hayang ngompol, belecet waé ka sisi kebon nu rada anggang. Sabot nyieun curug, kuring tanggah ka langit, katempo béntang reuteum dipapaés ku bulan sagedé arit, éndah pisan. Di kajauhan katempo aya nu ngempur hurung siga nu kahuruan.

Saanggeus tatanya ka warga jeung nempo GPS, ahirna rombongan tuluy ka belah katuhu. Jalan rada nanjak, batu-batu laleutikna can neteg kana taneuh, antukna motor kabanting-banting teu puguh tincakeun. Kuring kabagéan di tukang maturan Agus, Yanceu, jeung Gistha. Kakara sapuluh méter maju, ti hareup kadéngé aya nu ngajorowok, Euy, balik deui, jalanna ripuh pisan!


Saréréa tungtungna muterkeun motorna séwang-séwangan. Nu pangtukangna jadi panghareupna, pon kitu sabalikna. Barang tepi deui ka tempat eureun nu tadi, hawar-hawar kadéngé aya nu ceurik balilihan. Kuring luak-lieuk néangan datangna sora. Sihoréng salah sahiji babaturan ceurik kusabab cenah nempo hiji lalaki nu lain rombongan Aleut teu jauh ti panempo manéhna, jeung aya sora nu anéh. Siak téh kulit punduk asa kandel. Nya bayangkeun wé, peuting di tengah kebon entéh, jauh kaditu-kadieu, hawa keur meujeuhna nyecep, jol aya nu nempo jeung ngadéngé sora taeun.

Saréréa tuluy pada nenangkeun. Tapi dipikir deui ku sorangan, ah da asa teu nempo sasaha iwal ti barudak mah, ari sora mémang aya tapi éta mah sora nu pupujian ti masigit di pilemburan. Boa teuing ngan ukur satempo-tempona jeung sadéngé-dengéna, halusinasi téa meureun mun ceuk basa Indonesia téa mah.

Bring rombongan balik deui ka arah Rancabolang, antara motor hu hiji jeung nu séjén teu pati anggang. Mun aya nu tinggaleun atawa nu mogok, saréréa pada ngahurungkeun kelakson, atuh sakapeung mah kebon entéh nu simpé téh jadi raéng. Di warung nu pasosoré ngadon jajan eureun deui. Di dinya Suci siga nu kabulusan, katempo ngadégdég sabari leuleus lungsé. Cenah keur manjing poé munggaran halangan, katambah-tambah hawa tiis jeung kajadian ahéng tadi.

Sabari nungguan Suci rada meueusan, barudak pada mesen emih jeung kopi. Sawaréh deui aya nu siduru deukeut ruhak nu ngagunduk dina dreum. Kira wanci sareureuh budak, kabéh geus siap indit deui. Gancangna carita, rombongan tepi deui ka Buahbatu téh basa wanci geus arék deukeut ka indung peuting.

Di kedéy tuluy silih tukeur carita. Riri gé bisaeun ningali taeun eung. Tadi basa ngaliwat Patuhawatee omat-omatan ka urang, cenah tong nempo ka tukang. Ah, urang mah ngalieuk wé, pas ditempo mah da euweuh nanaon, ceuk Agus daria naker.

Sigana Riri teu apaleun, lain nu di tukang guriang mah, tapi nu di hareup, nu ngaboncéng manéhna. [irf]

27 May 2015

Maluruh Kordon


Asa mineng pisan ngadangu kecap Kordon těh. Pangpangna mah mun keur naěk angkot jurusan Buahbatu – Kebon Kalapa. Mun aya nu turun, panumpang těh sabari ngasongkeun ongkos sok sabari ngomong ka supir, “ti Kordon, kang.” Komo tisaprak kuring nganjrek di wewengkon Buahbatu mah, kecap Kordon těh geus jadi dadanguan sapopoě. Da ěta wě ibu-ibu sok kadangu keur ngarobrolkeun barang jeung hahargaan di pasar, ari pasar nu disebutna nyaěta Pasar Kordon. Tapi sabener mah lain pasar hungkul nu aya di Kordon těh, da aya oge masigit, erěl karěta, jeung curug. Tapi engkě heulaanan, ulah waka ngaguar nu ěta, anyeuna urang paluruh heula naon ari hartina Kondon těh.

Dina KBBI (Kamus Besar Bahasa Indonesia) Kordon dihartikeun; garis pelindung atawa garis pertahanan. Mun dina Basa Inggris mah Kordon/Cordon těh hartinana siga kieu; a line of people, military posts, or ships stationed around an area to enclose or guard it.

Kusabab Kordon miboga harti nu aya pakaitna jeung kamilitěran, boh dina Basa Indonesia pon kitu deui dina Basa Inggris, nya cěk sakaol mah Kordon nu aya di Buahbatu těh aya patalina jeung kajadian Bandung Lautan Api basa baheula keur jaman rěvolusi. Hiji conto nyaěta nu aya dina buku Tiada Kabar dari Bandung Timur nu diserat ku Pa R.J. Rusady W., anjeunna salahsahiji anggota Rěsiměn Pelopor nu baheula ngalaman perang jeung Walanda. Kieu unggelna : “Pada bulan Juli 1946, di Buahbatu terjadi pertempuran hebat dengan Kompi Ambon ‘Anjing NICA’, yang mengakibatkan puluhan korban di pihak Hizbullah.”

Tapi mun urang ngahaja tatanya ka kolot-kolot nu aya di Kordon, tětěla geuning harti Kordon těh lain siga nu geus disebutkeun di luhur, hartina euweuh pakaitna jeung kamilitěran. Kuring ngahaja nanya ka dua kolot nu kabeneran papanggih di pasar, ngeunaan harti Kordon, katerangan ti dua kolot ěta sarua pisan. Cenah Kordon těh singkatan tina dua kecap, nyaěta “Cokor” jeung “Ngadon”.  

Naha bisa kitu? Baheula kusabab karěta api nepika Ciwiděy masih kěněh jalan, jeung di palebah Kordon aya hiji statsion leutik atawa halteu, nya sok loba jelema ti sabudeureun haltě ěta nu ngadon ulin nalongkrong, rěk ngadon nempo karěta api. Jadi raměna těh lain pědah aya pasar, da pasar mah ayana gě rada běh dieu. Tah kusabab kitu wewengkon ěta katelah jadi Kordon.

Lian di Buahbatu, ngaran Kordon sihorěng aya ogě di daěrah Dago, nyaěta kampung Kordon. Tah lamun seug diakurkeun, Kordon anu di Dago mah euweuh pakaitna jeung kajadian Bandung Lautan Api. Naha atuh ari kitu mah bet dingaranan Kordon ogě? Pan meureun ngaran hiji tempat jeung tempat nu sějěn těh--mun kabeneran sarua, kudu aya pakaitna. Di Dago gě ngaran Kordon těh lain tina kecap “Cokor” jeung “Ngadon”.

Lamun seug ku urang dititěnan, antara Kordon di Buahbatu jeung Kordon di Dago sihorěng duanana miboga pintu air nu motong walungan. Pintu air ieu sigana nu dimaksud garis pelindung těh.

***

Curug Ĕcě

Walungan nu meulah Kordon di Buahbatu siga ilaharna walungan nu aya di sakaběh Nusantara, nyaěta kotor, bau, jeung loba runtah. Tapi aya hiji nu matak panasaran pikeun kuring sorangan mah, nyaěta di ěta walungan těh aya hiji curug nu lumayan ka koncara di wewengkon Buahbatu mah, nyaěta Curug Ĕcě. Ari curugna mah basajan pisan, teu jangkung-jangkung acan, ngan caina měmang lumayan tarik, matak malidkeun budak. Jeung deuih ieu mah curugna gě buatan, maksudna pědah aya bendungan saeutik, jadi wěh disebut curug.

Anu matak panasaran těh nyaěta ku ngaranna, naha bet dingaranan Curug Ĕcě? Sanggeus tatanya ka sababara kolot di dinya, kuring meunang dua katerangan ngeunaan ngaran curug ěta těh. Nu kahiji nyaěta yěn baheula aya bapa-bapa tengah tuwuh nu pikiranna rada kaganggu, ngaranna Ĕcě. Eta mang Ĕcě pagawěanna unggal poě ulin di deukeut curug. Kaběh masarakat geus pada ngama’lum. Hiji poě, mang Ĕcě kapanggih geus ngambang di deukeut curug, gancang layonna dipirosěa ku warga. Tah tina kajadian ěta cenah mah mimitina dingaranan Curug Ĕcě těh.

Tapi cěk sakaol mah lain kitu caritana, tapi kieu : cenah mah aya dua jawara nu ngadu jajatěn ku cara palila-lila teuleum di walungan nu deukeut curug. Nu hiji urang Sěkělimus, nu hiji deui urang Buahbatu nu ngaranna Ĕcě. Dina prak-prakanna ěta dua jawara těh lep wěh tareuleum. Meunang sababaraha waktu ana pucunghul těh jawara nu urang Sěkělimus, ari jawara ti Buahbatu, nyaěta Ĕcě těa teu mucunghul deui nepika anyeuna, teuleum salilala di ěta curug. Dingaranan Curug Ĕcě těh pědah kitu cenah kajadianna. Teuing mana nu bener.

Cag tunda heula ngeunaan Curug Ĕcě mah, nu pasti Kordon měmang dibeulah ku walungan nu ngalir ka belah kidul. Di deukeut Jalan Batununggal, ěta walungan těh dipotong ku hiji alat panyaringan nu lumayan gedě. Panyaringan těh dibangun di deukuet pos Dinas Kebersihan nu ayana di gigireun walungan, jeung deukeut pamiceunan runtah ogě. Kabeneran  harita basa kuring ngalanto ka lebah dinya aya pagawě nu purah ngumpulkeun runtah ti warga. Cěk kateranganna ěta panyaringan těh geus teu dipake sabab batan manpaat mah kalahka nyilakakeun.

Naha bisa kitu? Kusabab panyaringan těh kerep pisan kawas serit, nya antukna runtah nu palid ti girang kasaring kaběh. Ngan kulantaran ngangkat runtahna teu puguh jadwal, tungtungna runtah těh kalahka ngabendung cai. Atuh puguh wě beuki lila mah cai těh beuki naěk, anu antukna limpas ka pakampungan warga, banjir teu bisa ditahan. Kajadian ieu nyieun warga ngamuk. Ĕta panyaringan těh diruksak. “Serit”na diangkat měh cai jeung runtah tuluy palid ka hilir ka belah kidul, nyaěta ka Mengger. Anyeuna panyaringan těh sawarěh ngajugrug di deukeut runtah nu pating rungkunuk di gigireun walungan.

***

Pasar jeung Masigit

Tah anyeuna kumaha sejarahna ari Pasar Kordon? Kira taun 70-an katompěrnakeun, aya urang Pangalěngan nu jenenganna Pa Ruhiyat. Anjeunna muka toko beusi atawa matrial jeung dagang minyak tanah di deukeut erěl karěta api nu cenah geus teu dipakě, nu watesna ku pager kawat. Kusabab usahana rada maju, nya ěta wates kawat těh dibuka keur ngalegaan tempat usaha. Lila-lila loba warga nu pipilueun dagang di deukeut warung Pa Ruhiyat. Hiji jadi dua, dua jadi tilu, tilu jadi opat, jeung saterusna, anu tungtungna jadi hiji pasar anu rada gedě kawas anyeuna. Cěk katerangan kolot di dinya, kusabab taneuh pasar těh nu bogana kulawarga Pa Ruhiyat, atuh nu daragang di dinya těh mayar retribusina dua kali; ka dinas nu ngurus pasar, jeung ka kulawarga Pa Ruhiyat.

Di jero pasar nepika anyeuna aya kěněh urut erěl karěta api nu manjang nepika Ciwiděy. Statsion atawa halteuna mah geus euweuh sěsana, ngan cenah tempatna těh nu anyeuna aya di Jalan Puskěsmas, ti Pasar Kordon mah rada ka belah kidul. Lian ti ěta, di jero pasar těh aya ogě hiji tugu nu rada gedě, nu cenah baheulana tanda wates antara Kota jeung Kabupatěn.

Mun kabeneran ngaliwat ka Pasar Kordon, boh dina motor atawa dina angkot, nu pangmimitina katempo těh nyaěta cau nu ngagarantung, ngajajar di sababaraha lapak, ampir tungtung ka tungtung. Rupa-rupa pisan, aya Cau Raja Serěh, Cau Ambon, Cau Lampěněng, Cau Lampung, Cau Kapas, Cau Bangka, jeung sajabana. Cau geus jadi hiji barang dagangan anu diandelkeun di Pasar Kordon mah. Cau-cau ieu dibawana loba anu ti luar Bandung, salahsahijina nyaěta ti Sukabumi. Lian ti cau, aya ogě bubuahan lokal nu anyeuna mah geus rada hesě, sabangsaning kesemek, kokosan, jeung samolo.

Di pipir pasar aya sababaraha tukang jeroan hayam nu keur meresihan peujit, hatě, jeung burih. Pědah jongkona gigireun pisan walungan, atuh nu daragang těh asa geunah pisan miceunan kokotor jeung runtah langsung wě ka walungan. Barang ku kuring dikěker ku kaměra, maraněhna katempo rada teu jongjon, ting balieur sabari jamedud.

Teu jauh ti pasar, ngěsěr ka kidul saeutik aya hiji masigit gedě, nyaěta Masjid Agung Buahbatu. Dina těmbok luar aya hiji plakat heubeul nu nětělakeun yěn ěta masigit těh diadegkeunna di taun 1939 ku rěngrěngan ais pangampih jeung para ulama, urang Ĕropahna mah ngan ukur tukang ngagambar.

Di dinya ditulis yěn masang batu nu munggaran těh nyaěta ping 17 Ramadlan 1357 H, atawa ping 10 Novemběr 1938, jam 10 isuk-isuk. Nu hadir di antarana waě aya Dalem Raděn Haji A.A. Wiratakoeoema (Bupati Bandung), Raděn Demang Wiriadinata (Patih Bandung), Raděn Haji Abdul Kadir (Penghulu Bandung), Raděn Moehammad Enoch (Dirěctur R.R. Bandung), jeung Raděn Wiriadipoetra (Wedana Ujungberung). Mun ditempo tina anu hadir waě geus kanyahoan yěn ieu masigit těh lain masigit leutik, tapi hiji masigit anu gedě dina jamanna.  

Anyeuna bangunanna geus teu nyěsakeun arsitektur heubeul, hal ieu ku sabab masigit těh kungsi diruag ku Pamarěntah Kota Bandung sababaraha taun ka tukang. Plakat heubeul nu anyeuna ditěmpělkeun dina tembok luar gě sabenerna mah kungsi rěk dipiceun, da ěta wě saměměh kapanggih ku wartawan hiji koran mah ěta plakat těh ngagolěr wě di gudang, teu dipirosěa pisan, malah mah di hiji juruna geus aya nu semplak. Sok padahal ěta plakat těh gedě pisan nilai sejarahna, da puguh gě titinggal kolot baheula dina mangsa ngabangun masigit.

***


Sok sanajan teu pati lila maluruh Kordon těh, tapi keur kuring mah hal ieu geus měrě hiji kanyaho anyar, yěn sabenerna patempatan di sabudeureun kuring sorangan gě loba pisan ajěn sejarahna. Atuh lian ti ěta, aprak-aprak di Kordon gě nembrakkeun hiji kanyataan yěn sing saha waě nu ngarasa nyaah ka lingkunganna sorangan, kudu miboga kasadaran dina ngahargaan sejarah ku jalan ngamumulě naon waě titinggal kolot baheula, jeung teu poho dina prak-prakanna gě angger kudu narěkahan kumaha carana sangkan lingkungan sorangan karasa geunaheun dicicinganna. [ ] 

Foto : Arsip Irfan TP