Asa mineng
pisan ngadangu kecap Kordon těh. Pangpangna mah mun keur naěk angkot jurusan Buahbatu – Kebon Kalapa. Mun aya nu turun,
panumpang těh sabari ngasongkeun ongkos sok sabari ngomong ka supir, “ti
Kordon, kang.” Komo tisaprak kuring nganjrek di wewengkon Buahbatu mah, kecap
Kordon těh geus jadi dadanguan sapopoě. Da ěta wě ibu-ibu sok kadangu keur
ngarobrolkeun barang jeung hahargaan di pasar, ari pasar nu disebutna nyaěta Pasar Kordon. Tapi sabener mah lain pasar hungkul nu aya di
Kordon těh, da aya oge masigit, erěl karěta, jeung curug. Tapi engkě heulaanan, ulah waka ngaguar nu ěta, anyeuna urang paluruh heula naon ari hartina Kondon těh.
Dina KBBI
(Kamus Besar Bahasa Indonesia) Kordon dihartikeun; garis pelindung atawa garis
pertahanan. Mun dina Basa Inggris mah Kordon/Cordon těh hartinana siga kieu; a
line of people, military posts, or ships stationed around an area to enclose or
guard it.
Kusabab
Kordon miboga harti nu aya pakaitna jeung kamilitěran, boh dina Basa Indonesia pon kitu
deui dina Basa Inggris, nya cěk sakaol mah Kordon nu aya di
Buahbatu těh aya patalina jeung kajadian Bandung Lautan Api basa baheula keur jaman rěvolusi. Hiji conto nyaěta nu aya dina buku Tiada Kabar dari Bandung Timur nu
diserat ku Pa R.J. Rusady W., anjeunna salahsahiji anggota Rěsiměn Pelopor nu baheula ngalaman perang
jeung Walanda. Kieu unggelna : “Pada
bulan Juli 1946, di Buahbatu terjadi pertempuran hebat dengan Kompi Ambon
‘Anjing NICA’, yang mengakibatkan puluhan korban di pihak Hizbullah.”
Tapi mun
urang ngahaja tatanya ka kolot-kolot nu aya di Kordon, tětěla geuning harti Kordon těh lain siga nu geus disebutkeun di luhur, hartina euweuh
pakaitna jeung kamilitěran. Kuring ngahaja nanya ka dua
kolot nu kabeneran papanggih di pasar, ngeunaan harti Kordon, katerangan ti dua
kolot ěta sarua pisan. Cenah Kordon těh singkatan tina dua kecap, nyaěta “Cokor” jeung “Ngadon”.
Naha bisa
kitu? Baheula kusabab karěta api nepika Ciwiděy masih kěněh jalan, jeung di palebah Kordon aya
hiji statsion leutik atawa halteu, nya sok loba jelema ti sabudeureun haltě ěta nu ngadon ulin nalongkrong, rěk ngadon nempo karěta api. Jadi raměna těh lain pědah aya pasar, da pasar mah ayana gě rada běh dieu. Tah kusabab kitu wewengkon ěta katelah jadi Kordon.
Lian di
Buahbatu, ngaran Kordon sihorěng aya ogě di daěrah Dago, nyaěta kampung Kordon. Tah lamun seug diakurkeun, Kordon anu di
Dago mah euweuh pakaitna jeung kajadian Bandung Lautan Api. Naha atuh ari kitu
mah bet dingaranan Kordon ogě? Pan meureun ngaran hiji tempat
jeung tempat nu sějěn těh--mun kabeneran sarua, kudu aya
pakaitna. Di Dago gě ngaran Kordon těh lain tina kecap “Cokor” jeung “Ngadon”.
Lamun seug
ku urang dititěnan, antara Kordon di Buahbatu jeung Kordon di Dago sihorěng duanana miboga pintu air nu motong walungan. Pintu air ieu
sigana nu dimaksud garis pelindung těh.
***
Curug Ĕcě
Walungan nu
meulah Kordon di Buahbatu siga ilaharna walungan nu aya di sakaběh Nusantara, nyaěta kotor, bau, jeung loba runtah. Tapi
aya hiji nu matak panasaran pikeun kuring sorangan mah, nyaěta di ěta walungan těh aya hiji curug nu lumayan ka koncara di wewengkon Buahbatu
mah, nyaěta Curug Ĕcě. Ari curugna mah basajan pisan, teu
jangkung-jangkung acan, ngan caina měmang lumayan tarik, matak malidkeun
budak. Jeung deuih ieu mah curugna gě buatan, maksudna pědah aya bendungan saeutik, jadi wěh disebut curug.
Anu matak
panasaran těh nyaěta ku ngaranna, naha bet dingaranan
Curug Ĕcě? Sanggeus tatanya ka sababara kolot
di dinya, kuring meunang dua katerangan ngeunaan ngaran curug ěta těh. Nu kahiji nyaěta yěn baheula aya bapa-bapa tengah tuwuh
nu pikiranna rada kaganggu, ngaranna Ĕcě. Eta mang Ĕcě pagawěanna unggal poě ulin di deukeut curug. Kaběh masarakat geus pada ngama’lum. Hiji
poě, mang Ĕcě kapanggih geus ngambang di deukeut
curug, gancang layonna dipirosěa ku warga. Tah tina kajadian ěta cenah mah mimitina dingaranan Curug Ĕcě těh.
Tapi cěk sakaol mah lain kitu caritana, tapi kieu : cenah mah aya
dua jawara nu ngadu jajatěn ku cara palila-lila teuleum di
walungan nu deukeut curug. Nu hiji urang Sěkělimus, nu hiji deui urang Buahbatu nu
ngaranna Ĕcě. Dina prak-prakanna ěta dua jawara těh lep wěh tareuleum. Meunang sababaraha waktu
ana pucunghul těh jawara nu urang Sěkělimus, ari jawara ti Buahbatu, nyaěta Ĕcě těa teu mucunghul deui nepika anyeuna,
teuleum salilala di ěta curug. Dingaranan Curug Ĕcě těh pědah kitu cenah kajadianna. Teuing
mana nu bener.
Cag tunda
heula ngeunaan Curug Ĕcě mah, nu pasti Kordon měmang dibeulah ku walungan nu ngalir ka belah kidul. Di deukeut
Jalan Batununggal, ěta walungan těh dipotong ku hiji alat panyaringan nu lumayan gedě. Panyaringan těh dibangun di deukuet pos Dinas
Kebersihan nu ayana di gigireun walungan, jeung deukeut pamiceunan runtah ogě. Kabeneran harita
basa kuring ngalanto ka lebah dinya aya pagawě nu purah ngumpulkeun runtah ti
warga. Cěk kateranganna ěta panyaringan těh geus teu dipake sabab batan manpaat mah kalahka nyilakakeun.
Naha bisa
kitu? Kusabab panyaringan těh kerep pisan kawas serit, nya antukna
runtah nu palid ti girang kasaring kaběh. Ngan kulantaran ngangkat runtahna
teu puguh jadwal, tungtungna runtah těh kalahka ngabendung cai. Atuh puguh wě beuki lila mah cai těh beuki naěk, anu antukna limpas ka pakampungan warga, banjir teu bisa
ditahan. Kajadian ieu nyieun warga ngamuk. Ĕta panyaringan těh diruksak. “Serit”na diangkat měh cai jeung runtah tuluy palid ka
hilir ka belah kidul, nyaěta ka Mengger. Anyeuna panyaringan těh sawarěh ngajugrug di deukeut runtah nu pating
rungkunuk di gigireun walungan.
***
Pasar jeung Masigit
Tah anyeuna
kumaha sejarahna ari Pasar Kordon? Kira taun 70-an katompěrnakeun, aya urang Pangalěngan nu jenenganna Pa Ruhiyat.
Anjeunna muka toko beusi atawa matrial jeung dagang minyak tanah di deukeut erěl karěta api nu cenah geus teu dipakě, nu watesna ku pager kawat. Kusabab usahana rada maju, nya ěta wates kawat těh dibuka keur ngalegaan tempat usaha. Lila-lila
loba warga nu pipilueun dagang di deukeut warung Pa Ruhiyat. Hiji jadi dua, dua
jadi tilu, tilu jadi opat, jeung saterusna, anu tungtungna jadi hiji pasar anu
rada gedě kawas anyeuna. Cěk katerangan kolot di dinya, kusabab
taneuh pasar těh nu bogana kulawarga Pa Ruhiyat, atuh nu daragang di dinya těh mayar retribusina dua kali; ka dinas nu ngurus pasar, jeung
ka kulawarga Pa Ruhiyat.
Di jero
pasar nepika anyeuna aya kěněh urut erěl karěta api nu manjang nepika Ciwiděy. Statsion atawa halteuna mah geus euweuh sěsana, ngan cenah tempatna těh nu anyeuna aya di Jalan Puskěsmas, ti Pasar Kordon mah rada ka belah kidul. Lian ti ěta, di jero pasar těh aya ogě hiji tugu nu rada gedě, nu cenah baheulana tanda wates
antara Kota jeung Kabupatěn.
Mun
kabeneran ngaliwat ka Pasar Kordon, boh dina motor atawa dina angkot, nu
pangmimitina katempo těh nyaěta cau nu ngagarantung, ngajajar di
sababaraha lapak, ampir tungtung ka tungtung. Rupa-rupa pisan, aya Cau Raja Serěh, Cau Ambon, Cau Lampěněng, Cau Lampung, Cau Kapas, Cau
Bangka, jeung sajabana. Cau geus jadi hiji barang dagangan anu diandelkeun di Pasar
Kordon mah. Cau-cau ieu dibawana loba anu ti luar Bandung, salahsahijina nyaěta ti Sukabumi. Lian ti cau, aya ogě bubuahan lokal nu anyeuna mah geus rada hesě, sabangsaning kesemek, kokosan, jeung samolo.
Di pipir
pasar aya sababaraha tukang jeroan hayam nu keur meresihan peujit, hatě, jeung burih. Pědah jongkona gigireun pisan walungan,
atuh nu daragang těh asa geunah pisan miceunan kokotor
jeung runtah langsung wě ka walungan. Barang ku kuring dikěker ku kaměra, maraněhna katempo rada teu jongjon, ting balieur sabari jamedud.
Teu jauh ti
pasar, ngěsěr ka kidul saeutik aya hiji masigit gedě, nyaěta Masjid Agung Buahbatu. Dina těmbok luar aya hiji plakat heubeul nu nětělakeun yěn ěta masigit těh diadegkeunna di taun 1939 ku rěngrěngan ais pangampih jeung para ulama,
urang Ĕropahna mah ngan ukur tukang ngagambar.
Di dinya
ditulis yěn masang batu nu munggaran těh nyaěta ping 17 Ramadlan 1357 H, atawa
ping 10 Novemběr 1938, jam 10 isuk-isuk. Nu hadir di antarana waě aya Dalem Raděn Haji A.A. Wiratakoeoema (Bupati
Bandung), Raděn Demang Wiriadinata (Patih Bandung), Raděn Haji Abdul Kadir (Penghulu Bandung), Raděn Moehammad Enoch (Dirěctur R.R. Bandung), jeung Raděn Wiriadipoetra (Wedana Ujungberung). Mun ditempo tina anu
hadir waě geus kanyahoan yěn ieu masigit těh lain masigit leutik, tapi hiji masigit anu gedě dina jamanna.
Anyeuna bangunanna
geus teu nyěsakeun arsitektur heubeul, hal ieu ku sabab masigit těh kungsi diruag ku Pamarěntah Kota Bandung sababaraha taun ka
tukang. Plakat heubeul nu anyeuna ditěmpělkeun dina tembok luar gě sabenerna mah kungsi rěk dipiceun, da ěta wě saměměh kapanggih ku wartawan hiji koran
mah ěta plakat těh ngagolěr wě di gudang, teu dipirosěa pisan, malah mah di hiji juruna geus aya nu semplak. Sok padahal
ěta plakat těh gedě pisan nilai sejarahna, da puguh gě titinggal kolot baheula dina mangsa ngabangun masigit.
***
Sok sanajan
teu pati lila maluruh Kordon těh, tapi keur kuring mah hal ieu geus
měrě hiji kanyaho anyar, yěn sabenerna patempatan di sabudeureun kuring sorangan gě loba pisan ajěn sejarahna. Atuh lian ti ěta, aprak-aprak di Kordon gě nembrakkeun hiji kanyataan yěn sing saha waě nu ngarasa nyaah ka lingkunganna sorangan,
kudu miboga kasadaran dina ngahargaan sejarah ku jalan ngamumulě naon waě titinggal kolot baheula, jeung teu
poho dina prak-prakanna gě angger kudu narěkahan kumaha carana sangkan lingkungan sorangan karasa
geunaheun dicicinganna. [ ]
Foto : Arsip Irfan TP
No comments:
Post a Comment