Tina runtuyan
acara Konpěrěnsi Asia Afrika (satuluyna ditulis
KAA), tanggal 24 April 2015 minangka puncakna
acara. Dina prak-prakanna kaběh kepala nagara jeung para delegasina
miěling KAA nu munggaran ku cara Historical Walk anu hartina leumpang bersejarah. Kajadian ěta nu kungsi dilakonan ku Prěsiden Soekarno jeung kepala nagara nu
sějěnna, dimimitian ti Hotěl Savoy Homann nepika Gedung Merděka (baheula mah ngaranna Corcordia).
Ku kituna,
sababaraha juru Kota Bandung těh jadi rada alus meueusan. Di saparat
Jalan Asia Afrika atawa baheula mah ngaranna těh Jalan Raya Timur (de Groote Postwěg), bangku
ngajajar dina trotoar. Aya ogě bola-bola batu nu diukir ku tulisan
ngaran-ngaran nagara Asia jeung Afrika. Atuh lampu-lampu jang nyaangan jalan
jeung jang hiasan gě teu katinggaleun. Lampu-lampu ěta dijieunna makě gaya klasik, nu luhurna aya maung jěngkě nu siga keur ngagaur.
Tihang banděra nu ti baheula ngajajar di hareupeun Gedung Merděka dicět deui. Monuměn Dasasila Bandung nu
mimitina aya di Simpang Lima dipindahkeun ka deukeut Ci Kapundung, teu jauh ti
Gedung Merděka. Ari urut monumen ěta tuluy diganti ku tugu nu aya
ngaran nagara-nagara jeung luhurna aya jam jeung bandera Indonesia. Handapna ěta tugu těh dipapaěs ku jukut sintětis kawas nu di alun-alun.
Urang
Bandung kacida aratoheun pisan ku ayana parobahan-parobahan ěta. Komo pan anyeuna mah keur usum narsis, ampir kaběh jalma raresep dipoto selfie. Atuh puguh wě wewngkon sabudeureun Jalan Asia Afrika těh měh ampir unggal sorě sok pinuh ku jalma nu ngadon rek diparoto. Teu budak teu
kolot, teu awěwě teu lalaki, kaběh raresep ulin ngalanto ka lebah Gedung Merděka.
Tah kusabab
rahayat biasa mah teu bisa asup, nya kaayaan Jalan Asia Afrika těh masih bisa disebut rapih kěněh. Ngan sapoě ti harita, pangpangna mah basa diayakeun acara karnaval,
jalma-jalma ngagalaksak, loba pasilitas nu ngaruksak. Jeung teuing kunaon
leungeunna těh ateul mun teu ruwal-rawel.
Pot-pot
kembang ditarincakan, patung kuya leutik nu dipakě pikeun ngaganjel pot dicarokotan,
atuh puguh wě pot kembang baradag těh barahě da teu saimbang. Lian ti ěta, bangku-bangku nu ngajajar dina trotoar kaina geus loba nu
patotong da ěta gě sarua sok loba nu hanjat. Bandera laleutik
nu němpěl dina bola-bola batu, nu dijieuna
tina alumunium kaběh dicaroplokeun tuluy dibarawa. Ngan
kari hiji nu nyěsa těh nyaěta banděra nagara Bhutan.
Di hareupeun
gedung Nedhandel, nyaěta di bunderan deukeut jalan
pameuntasan, dijieun monumen bola dunia nu sabudeureunna dipasang ngaran-ngaran
nagara Asia Afrika. Bahanna tina alumunium, němpělna padu ngait wungkul dina paku nu
narancěb dina těmbok. Tah ěta gě sarua loba nu ngararad. Sababaraha
ngaran nagara deungeun caroplok jeung leungit, teuing dibarawa kamana.
Nu pang
mahiwalna mah nyaěta di jalan hareupeun Pasar Baru. Di dinya
saměměhna ngahaja dipasang sababaraha
payung nu ngagarantung luhureun jalan. Warnana rupa-rupa, aya hějo, koněng, bulao, beureum, jeung sajabana,
arulus wě pokona mah. Tah ěta payung-payung nu ngagarantung
laluhur těh angger dicarokotan. Malah aya nu ngahaja naěk ka mobil elf sabari jějěngkěan pikeun ngahontal ěta payung. Kabina-bina naker!
Anyeuna dina
mědia sosial, utamana dina twitter jeung facebook, kajadian-kajadian
nu pikakeuheuleun ěta geus sumebar. Malah Pa Walikota
Bandung ku anjeun ngiring ngageunggeureuhkeun ka jalma-jalma nu ngaruksak jeung
nyokotan pasilitas umum ěta. Loba nu gogodeg pědah teu ngarti ku tingkah polah jeung kalakuan sawarěh jalma nu teu miboga rasa ngapimilik kana naon baě nu jadi pasilitas balarěa.
Da ngaranna
gě kadatangan sěmah, atuh kudu aya wě meureun olěh-olěh keur bawaeun balik Ki sěmah mah, komo pan ari urang Sunda mah geus kawěntar soměah hadě ka sěmah. Nya dina raraga ngajěnan sěmah-sěmah ieu, panitia ngahaja nyadiakeun
sababaraha rupa barang pikeun cinderamata. Saur Pa Walikota Bandung mah aya
genep rupa, nyaěta; pin kujang, selěndang Asia Afrika, keramik kandura Cigadung, buku invěstasi Bandung, surat walikota, jeung cincin batu raja ti
Sukabumi jeung Garut.
Ngan aya
hiji nu ngaganjel nu aya pakaitna jeung cinderamata ieu těh. Di Jalan Pangarang, teu pati jauh ti Jalan
Dalem Kaum, aya hiji pengrajin wayang golěk nu kageutahan. Pa Atang jenenganna,
anjeunna putrana Pa Ruhiyat. Ari Pa Ruhiyat těh putrana Abah Soma, salahsaurang
nu sok ngadamel wayang golěk. Janten Pa Atang těh generasi katilu ti kulawarga
pengrajin wayang golěk.
Ari pakaitna
jeung KAA nyaeta kungsi aya EO (Event
Organizer) nu dongkap ka bumi Pa Atang pikeun mesen wayang jang cinderamata
para delegasi. Mimitina mah saur Pa Atang ngan mesen 230 wayang, tuluy pesenan těh nambahan deui 60, jadi jumlah jamlěh 290. Kusabab pesenan lumayan loba jeung waktuna teu pati
luang da puguh gě teu lila deui kana KAA těh, nya Pa Atang tuluy balanja bahan-bahan pikeun nyieun wayang
jeung sawarěh ngaburuhkeun sababaraha pagawě pikeun mantuan anjeunna nyieun
wayang. Tapi teu kungsi lila ěta EO těh datang deui ka Pa Atang pikeun
ngabolaykeun pesenan. Sajongjonanna mah Pa Atang ngajenghok, da puguh gě geus kagok balanja jeung kagok digawě.
Kusabab
ngarasa teu ngeunah meureunan, nya ěta EO těh tungtungna ngaihtiarkeun (tapi teu
jangji) pikeun ngagantian duit Pa Atang nu geus dibalanjakeun. Lamun seug teě mah modal kagantian, memang Pa Atang moal rugi. Ngan
kauntungan nu tadina geus nampeu
dihareupeun ujug-ujug leungit teu puguh ngilesna. Di dieu KAA nu geus měakkeun duit loba pikeun ngabagěakeun sěmah, teu buměla ka rahayat leutik siga Pa Atang nu jelas-jelas geus
ngamumulě budaya sorangan nyaěta wayang golěk.
Tah pikeun
Kota Bandung mah, mun nempo tina paněnjo lokal, dua hal anu geus
didadarkeun di luhur kudu jadi bahan ěvaluasi. Tětěla dina acara nu sakitu rongkahna těh geuning masih aya kěněh rahayat nu can sadar kana pasilitas
umum, jeung aya ogě rahayat nu kudu diperhatikeun dina
raraga ngamumulě seni jeung budaya Sunda. [ ]
--Kungsi dimuat di Majalah Manglě Nomer 2526
Foto : Arsip Irfan TP
No comments:
Post a Comment