Ujunggenteng |
Enya gé teu pati jauh ka Ujunggenténg téh, da teu nepi sajam-sajam
acan mun ti imah mah, tapi da kusabab ngumbara téa, nya heubeul ogé
tara ulin ka dinya téh. Sainget mah, terahir ka dinya teh baheula basa
perpisahan madrasah. Aya meureun dalapan welas taun ka tukang. Éta
gé
osok ari balik mah ka lembur, cacak sataun sakali gé, tapi memang dasarna kuring
mah teu pati beuki ulin ka laut. Lain nanaon, enya gé éndah nempo basisir jeung ombak
nu pating jelegur, tapi kuring mah sok teu kuat ku hawana nu panas bayeungyang.
Genep bulan ka tukang kuring kungsi digawé di Pangandaran, rek naliti
kahirupan masarakat Cigugur katut sajarah karuhunna. Kaitung rada jauh di
basisir éta
kacamatan téh,
tapi angger keur kuring mah karasana ngahéab matak teu betah.
Dina mangsa mudik nu kakara liwat tilu minggu ka tukang,
kuring nyobaan deui indit ka Ujunggenténg. Indit téh pasosorangan baé,
da babaturan keur leutik geus areuweuh, atuh nu jadi dulur boga acarana séwang-séwangan.
Indit téh
lain ngahaja rék nempo kaéndahan basisir, tapi ku dijurung niat
rék
nulis catetan lalampahan sakotrét dua kotrét mah. Lampah kuring ieu teu
bisa leupas tina hirup-gaul sapopoé jeung Komunitas Aleut di Bandung. Komunitas
ieu geus nyieun kuring migoba hiji kasadaran yén nu ngarana hirup téh
teu bisa leupas tina alam lingkungan sabudeureun di mana taneuh nu kuring keur
ditincak. Nya itung-itung mapalérkeun éta kayakinan, ari ku cara
bura-béré
mah kuring can bisa, atuh ari nulis-nulis waé mah piraku teu bisa.
Sapoé sabada lebaran, kira jam sawelas beurang, kuring indit ka
Ujunggenteng. Teu mawa nanaon lian buku leutik jeung pulpen mangsi hideung jang
kutrat-kotrét.
Indit gé
maké
sandal jepit-sendal jepit acan. “Téh, badé ka laut heula, tos lami teu
ningal basisir. Uihna kin sateuacan magrib,” kitu ceuk kuring pamit kanu jadi
lanceuk. “Nya jung, kadé sing ati-ati di jalan. Tong kekebutan palaur,” ceuk
lanceuk mairan.
Wahangan Cikarang Kidul |
Hawa estuning keur meujeuhna haneut maju ka panas. Langit lénglang
méh
taya reueuk saeutik-eutik acan. Sabari ngagas motor, kuring jongjon ngelepus
bari ngahariring. Di sisi jalan loba mobil plat B nu keur palarkir. Moal nyalahan
deui éta
téh
mobil urang Jampang nu keur nepungan kolot jeung dulurna séwang-séwangan.
Éstuning
loba pisan urang dieu nu ngalumbara ka Jakarta tur jaradi jelema jeneng téh,
tapi nya kitu téa, saeutik pisan nu daék balik deui sabari tuluy
nganjrek di lembur mah. Karasa ku diri sorangan, enya gé can pinanggih jeung kahirupan
nu matak nyugemakeun, tapi tisaprak dijurungkeun ngumbara ku bapa baheula,
memang embung wé ari kudu balik deui jeung cicing salawasna di lembur téh.
Teu kungsi satengah jam kuring geus nepi di Suradé. Toko
emas jeung warung kolontongan ampir kabéh tarutup kénéh. Ari kitu téa mah
teu ngabibisani, apan kakara poé kadua lebaran ieu téh.
Nu muka ngan alpamat, indomat, jeung pom bengsin paranti nu arulin ka laut
ngareusian téngki
motor jeung mobil. Kuring méngkol heula ka alpamat rék
ngadon meuli cai hérang jeung mijon tiis paranti sajajalan mun kabeneran
hanaang. Teu lila tuluy indit deui ka belah kidul, rék ngajugjug ka Cikarang Kidul
nu baheula mah kawéntar éndah ku muara jeung villana nu agréng.
Barang bras asup ngaliwatan kaca-kaca kebon kapala saméméh
muara, di hareup geus nyampak aya dua jelema nu megat rék ngadon ménta
duit jang mayar tiket asup. “Badé ka lebet, kang?” kitu pokna. Nya ku
kuring ditémbal
muhun baé.
“Kedah mayar kang anyeuna mah, margi perkebunan ieu tos janten kagungan PT.
ASABA. Pami motor mah cekap dalapan rebu baé.” Kuring cacagap kana pésak
calana, manggihan duit lima rébu rupia, tuluy pok nyarita ka maranéhanana,
“Kang, da abdi mah nyalira, sareng tatangga wé kaétangna mah, na da abdi mah urang
alun-alun Jampang Kulon, bade ngadon popotoan sakedap. Ieu aya artos lima rébu,
sugan cekap.” Si akang teu loba carita, tuluy nampa duit sabari mukakeun
portal. Kuring tuluy asup ngadeukeutan muara jeung villa.
Sabudeureun Villa Amanda Ratu |
Cikarang Kidul téh nyaéta hiji wahangan gedé
nu brasna ka Samudra Hindia. Baheula mah mun rék meuntas éta
wahangan kudu naék ponton atawa rakit gedé nu dijieunna tina dreum urut
aspal nu dihijikeun aya kana puluhna. Kuring kungsi ngalaman basa keur leutik.
Ari anyeuna mah alhamdulillah sasak geus nyampak aya, jadi teu kudu deui
ngageuleuyeung naék ponton.
Di sabudeureun villa, nu baheula mah katelahna villa Amanda
Ratu, aya sababaraha enggon pikeun jalma-jalma nu rék ngadon ngéndong.
Aya ogé
kolam renang nu caina ngagenyas hérang matak pikabitaeun. Tangkal kalapa
ngajajar, daunnya teu daek cicing katebak angin nu ngagelebug. Kuring diuk
sajongjonan dina jukut nu ngémplok hejo. Tetempoan lempeng ka laut,
ti kajauhan katénjo aya sabaraha hiji parahu nu keur ngarala lauk. Dina
kaayaan kitu mah haté gé ngadadak kabawa leumpeuh. Ingetan kakalayangan. Ras inget
ka mangsa ka tukang, waas nyawang lalampahan nu geus kaliwat.
Itungan mah bisi kaburu burit, nya teu pati lila kuring di
dinya, tuluy indit bae ka Ujunggenteng. Panonpoe geus mimiti nyered ka kulon,
sanajan cahyana mah masih keneh nojo kana mun-munan. Barang nepi ka jalan taneuh
sisi basisir, kuring mengkol ka kenca. Maksudna mah rek nempo guha titinggal
Jepang, tapi jadi hoream da kudu mayar sagala. Nya ahirna mah kuring milu ngiuhan
di pos TNI AU. Di hareup pos katingali aya hiji tantara nu keur piket,
katempona mah ngora keneh, sigana umurna ge karek nitih 26 atawa 27 taun.
Pos Tangtara |
“Kang, ngiring ngiuhan ah,” ceuk kuring sabari ngasongkeun
leungeun rék
sasalaman. “Oh, iya silakan mas,” ceuk manéhna mairan. Nya ti dinya mah kuring
ngobrol sajongjonan jeung manéhna. Éta tangtara nu ngora kénéh téh
aslina mah urang Madiun, keur mancén tugas kabagéan pikét jaga di pos salila lebaran
jeung saminggu saenggeusna. “Baru setahun saya tugas di Ujunggenténg,
tapi sering juga pulang ke Bogor, ke Atang Senjaya. Kalau ke Madiun mah ya
jarang sih,” kitu pokna dina obrolan téh.
Teu lila, kuring pamitan. Tuluy indit ka aray Cibuaya,
maksud téh
rék
terus ka Pangumbahan, rék nempo tempat pamiaraan penyu. Srangéngé keur
meujeuhna éréng-éréngan,
najan dijaket panjang gé, angger ari palebah leungeun mah teu katutupan, atuh pas
ditempo teh kulit jadi welang siga oray. Jalan geus teu pati alus, ancal-ancalan
antara nu diaspal, keusik basisir, jeung makadam. Méméh nepi ka Pangumbahan, di
hareup geus katempo aya deui jalma nu narikan retribusi. Harga tikétna
sarua ngan ukur lima rébu rupia. Di hiji parapatan kuring nempo tulisan nu
unggelna: ka Ciburial. Kuring méngkol ka kénca ka arah Pangumbahan nu
pinuh ku mobil jeung motor.
Nepi ka tempat nu dijugjug, kuring tuluy tatanya ngeunaan
sabaraha harga tikét asup jeung iraha waé waktuna anak penyu atawa
tukik bisa dikencarkeun ka laut. Nya patugas nu keur mancén
ngajelaskeun sacara jéntré. Jadi tukik téh teu bisa dikencarkeun unggal poé
da kumaha kaayaan, maksudna kumaha kondisi tukikna. Ari sual harga tikét
mah sihoréng
aya dina spanduk badag nu némpél dina tembok gigireun
kaca-kaca. Kuring teu asup da eukeur mah keur ramé, katurug-turug hawa keur
panas naker, nya tungtungna mah meuli ci kalapa wé sabari udud sajongjonan. Keur
ngareureuhkeun kacapé kitu jol aya hiji tangtara milu diuk di gigireun, tuluy
diajak ngobrol baé itung-itung nambah kawawuhan.
Kira wanci kalangkang satangtung, kuring ngaberung deui rék
langsung balik ka imah. Sajajalan balik beuki loba nempo jalma nu arulin ngadon
ngojay. Enya ngojay dina mangsa panas keur meujeuh-meujuehna, dina haté
ngagerentes, “euweuh rarasaan manusa téh, wayah kieu moé
manéh
dina cai uyah!”
***
Isukna saenggeus lohor, kuring geus siap-siap deui rék
indit ka Jaringao. Ceuk bibi, di daérah éta téh cenah aya hiji lembur nu
eusina ngan wungkul urang Jawa. Teuing Jawana ti mana. Pokona mah Jawa wéh.
“Aya babaturan bibi urang ditu, manéhna gé urang Jawa. Cobaan geura
kaditu ari resep maluruh sajarah jeung kabudayaan mah,” pokna.
Barang rék indit pisan, nu jadi lanceuk naros, “Badé kamana
deui?” Ku kuring dibéjakeun wé sacéréwéléna. “Oh kitu, kadé
di jalan sing ati-ati. Uihna tong wengi teuing, paur di belah dinya mah, seueur
kénéh
leuweung.” Padu dijawab muhun wé. Ngaranna ogé lanceuk, minangka gaganti
kolot, sanajan nu jadi adi geus sawawa, angger ari kamelang mah teu bisa
disumput-sumput, salempang teu bisa dihenteu-henteu.
Gancangna carita kuring geus nepi deui ka Cikarang Kidul. Ti
dinya rada maju saeutik, tuluy mengkol ka katuhu, ka arah Jaringao. Ti mimiti
asup, jalan geus ripuh: batu sagede-gede peureup jeung tuur kolot. Tapi da geus
pangalaman tea kungsi momotoran ka Cikajang ti Sedep, nya jalur kieu teh minangka
geus teu reuwas deui. Teu sataikukueun-sataikukueun acan. Barang geus aya dua
kilo asup, kuring rada bingung da manggih parapatan. Tapi kabeneran aya
bapa-bapa keur sasapu di buruan imahna, tuluy we ditelek, nanyakeun arah aka
Jaringao. “Teras we kang, kin di payun pami mendak parapatan deui mengkol ka
kenca. Ti dinya mah lempeng we,” kitu pokna.
Teu sabaraha lila enya wé kuring manggihan hiji sakola nu
aya tulisan “Sekolah Dasar Negeri Jaringao”. “Alhamdulillah geuning geus nepi,” kitu
gerentes haté.
Sapoé
saméméh
indit, dulur misan ngabéjaan, cindekna mah manéhna gé béja ti nu jadi emangna, yén
di Jaringao téh aya hiji komplék kuburan gedé nu sawaréh
eusina cenah jalma-jalma baheula nu maotna kusabab katarajang panyakit kusta
atawa lépra.
Teuing bener teuing henteu, wallohua’lam. Tapi ari kuburanna mah bener aya da
kuring gé
manggihan.
Anjog ka pilemburan, kuring eureun di hiji warung, maksud téh
rék
tatanya. Kabeneran aya tilu bapa-bapa nu keur ngopi bari arudud bangun nu ni’mat
naker. “Assalamualaikum. Punten bapa, dupi ieu leres kampung Jaringao?” ceuk
kuring sabada uluk salam. “Oh, muhun leres. Dupi ujang ti mana kitu? Sareng aya
kaperyogian naon?” Derekdek ku kuring dicaritakeun, yén kuring asalna ti
Jampangkulon, jeung maksud tujuanna teu leuwih ti hayang apal Jaringao jeung maluruh
hiji dua raratan sajarah sugan aya kénéh nu apal.
“Saterang abdi mah, da abdi gé kaleresan ti aalit tos di
dieu, SD téh
kira taun 60-an, di Jaringao memang tos aya malihan mah seueur urang Jawa. Saurna
kapungkur nuju jaman Walanda, aya rombongan urang Cilacap di Jawa Tengah nu badé
kuli ka perkebunan di Bornéo. Nanging sateuacan dugi ka ditu, tegesna némbé
dugi ka Ujunggenténg, éta rombongan téh dilungsurkeun ku Walanda. Dibobodo,
dibéjakeun
yén
ieu téh
Bornéo,
padahal mah pan ujang gé terang nyalira, yén Bornéo mah pan tebih kénéh
ti dieu,” kitu sasauranna.
“Dupi urang Jawa éta téh leres nyariosna nganggo basa
Indonesia?” kuring nanya deui.
“Sapalih mah leres, mung da anyeuna mah tos seuer nu
tiasaeun basa Sunda. Janten sakumaha ilaharna wé, sadidinten gé
pami ngobrol téh tos nganggo basa Sunda,” walerna.
Kuring panasaran kénéh, hayang panggih langsung
jeung urang Jawana. Ngan hanjakal pisan, cenah wayah kieu mah ampir kabéh
keur saribuk nyiar kipayah, keur husu néangan napkahna séwang-séwangan.
Iwal ti éta,
meureun kuring sorangan wé nu kurang junun dina néang jalmana. Tuluy kuring tatanya
sual kebon kalapa nu katempo ti warung éta. “Tah, itu téh kapungkur mah namina
perkebunan Citéspong, nanging anyeuna mah janten perkebunan Asaba Land,
nu gaduhna urang Tionghoa ti kota,” sangemna.
Keur nyiar kipayah |
Dina buku “Our Family Tree: A History of Our Family” dicaritakeun
yén
baheula di Citéspong aya hiji perkebunan nu dipimilik ku urang Amérika.
Hasil kebonna diangkut ka Ujunggenténg maké lori. Teu jauh ti dinya aya
hiji leuweung jeung basisir paranti tuan-tuan perkebunan ngadon moro, nu
ngaranna leuweung Cibanténg jeung Cikepuh. Baréto basa pun biang aya kénéh,
anjeunna gé
sok ngadongéng
yén
réréncangan
aki ogé
sok moro ka Cikepuh. Mun balik téh sok mawa oléh-oléh daging banténg.
Satadina kuring rék indit oge ka Cikepuh, ngan saur bapa-bapa
alusna mah ulah sorangan pisan, kudu aya batur, sabab jalanna butut jeung paur
wé
pangpangna mah sabab bakal nyorang leuweung anu simpé pisan. Sabada pamit, kuring
nuluykeun lalampahan ka belah kidul. Na ari pék téh brasna ka Ciburial jeung Pangumbahan,
nu kamari cikénéh ku kuring dianjangan. Kuring gogodeg, nyaho kieu mah
sakalian wé
kamari ka dieu téh.
Méméh magrib kuring geus nepi deui ka imah. Kira wanci harieum
beunget kuring mukaan péta nu dikirim ku babaturan ti Bandung dina grup was’ap. Enya
wé,
tétéla
antara Ujunggenténg, Jaringao, jeung Cikepuh téh teu pati jauh, masih dina
lelewek kacamatan Cilacap. “Ipan, emam heula, tah aya kénéh rendang jeung beleketrek sésa
lebaran kamari,” kadangu aya nu sasauran ti dapur.
Isukna, tegesna tilu poé sabada lebaran, kuring balik
deui ka Bandung. Nyorang deui kahirupan sapopoé, kahirupan nu sok sanajan can
nyugemakeun, tapi teu weléh ku kuring disukuran, da geuning ari ni’mat mah teu kurang-kurang: babaturan aya, buku boga, rejeki pon kitu deui. Tina
kaca spion katempo alun-alun Jampangkulon beuki ngajauhan. [irf]
No comments:
Post a Comment