27 May 2015

Komunitas Aleut : Diajar Sejarah Sabari Leuleumpangan


Mun seug dibandingkeun jeung kota-kota nu aya di basisir kayaning Jakarta, Cirebon, Semarang jeung Surabaya, Bandung mah kaasup kota nu kaitung anyar kěněh. Tapi angger wě sok sanajan kitu, ari nu ngaranna kota mah pasti miboga sejarah. Kiwari di Bandung aya sababaraha komunitas nu sok nalumtik ajěn inajěn sejarah Bandung ku cara nu leuwih popilěr. Salahsahijina nyaěta Komunitas Aleut.

Naon ari Komunitas Aleut těh? Kumaha kagiatanna?

Ridwan Hutagalung, Dirěktur Program Radio Mestika FM Bandung, kungsi nyieun acara “Afternoon Café” di radio tempatna gawě. Acara nu diayakeun saminggu sakali ěta sok rajeun ngabahas sejarah Kota Bandung nu sumberna lolobana dicokot tina buku karangan Haryoto Kunto, nyaěta Wadjah Bandoeng Těmpo Doeloe jeung Semerbak Bunga di Bandung Raya.

Tuluy dina tahun 2005, mahasiswa UNPAD Jurusan Sejarah rěk ngayakeun ospěk. Kusabab geus bosen mun acara ospěk dieusi ku hal nu biasa, nya panitia ahirna nyieun acara ospěk těh ku ngadatangan tempat-tempat nu bersejarah di Kota Bandung, tah acara ieu dina prak-prakanna Ridwan diajakan ku panitia pikeun ilubiung. Kusabab mahasiswa těh katempona měrě rěspon anu alus, nya ti dieu tuluy kapikiran pikeun ngadegkeun hiji komunitas. Taun 2006 komunitas diadegkeun nu dingaranan Komunitas Aleut.

Nepika anyeuna, sanggeus kurang leuwih salapan taun, Komunitas Aleut unggal poě Ahad sok masih aprak-aprakan, ngaleut mapay-mapay unggal Juru Kota Bandung khususna, atuh sa-Bandung Raya umumna pikeun nalumtik sejarah. Atuh anggotana gě geus rupa-rupa anyeuna mah, lain ngan ukur mahasiswa. Dina wanci salapan taun ěta geus teu kaitung naon waě anu geus didatangan těh.

Geus karuhan ari mapay gedung-gedung jieunan Walanda mah; samodel Gedung Merdeka, de Vries, Vissěr, Homann, Gedung Balěkota, Gedung Pakuan, Gedung Bank Děnis, jeung sajabana. Lian ti ěta, patempatan anu rada anggang ti kota ogě kungsi sababaraha kali didatangan, kayaning Situ Cisanti, Makam Bosscha di Pangalěngan, Teropong Běntang di Lěmbang, rěl kareta api anu geus teu dipakě nepika Ciwiděy, komplěk tentara di Cimahi, jeung masih rěa deui. Malah mah kungsi ogě ka Ciletuh di Sukabumi anu cenah rěk dijieun situs wisata gěologi ku pamarěntah.

Katompěrnakeun, kusabab ampir kaběh nu aya dina buku ngeunaan Bandung geus didatangan, nya anyeuna sok rajeun maluruh tempat-tempat anu can loba kacatet dina buku, itung-itung sabari diajar liputan. Nu pang anyarna nyaěta nyukcruk Kordon; boh pasarna, masigit, curug Ĕcě, jeung erěl karěta api urut, kaběh diguar babarengan. Atuh teu katinggaleun sabari ngaleut těh sok tunyu-tanya ka kolot-kolot anu susuganan leuwih apal kana sejarah daěrahna sorangan.

Tina hasil ngaleut ěta ku anggotana sok tuluy dijieun tulisan jeung diwawarkeun dina sababaraha sosial mědia; blog, twitter, jeung facebook. Kusabab ngaranna gě sabari diajar, tangtu waě tulisan-tulisan těh sipatna amatiran, lain catetan sejarah anu beurat. Jang ngaronjatkeun pangabisa dina hal tulisan, nya sababarahakali diayakeun workshop nulis pikeun ngasah anggota Komunitas Aleut dina nyatetkeun naon waě pamanggihna salila aleut-aleutan. Anyeuna dina blog aleut.wordpress.com geus leuwih ti 600 tulisan anu geus diwawarkeun, kaasup di jerona #PojokKAA2015 anu eusina ngeunaan hajat KAA anu kakara běrěs kamari.

Dina hajat Konpěrěnsi Asia-Afrika, Komunitas Aleut puguh wě teu mopohokeun, malah mah bisi disebut rikat pisan. Ti tanggal 6 April mula, Komunitas Aleut mah geus nyieun tulisan dina raraga nyambut KAA ěta. Jadi miěling těh enyaan, sabab ti “pra-hari H-pasca”, ngahasilkeun kurang leuwih 50 tulisan anu rencanana mah rěk dijieun buku. Pikeun Komunitas Aleut mah nulis dina raraga miěling KAA těh itung-itung nyieun arsip kota, ieu hiji kasadaran anu kudu tuluy dipirosěa.

***

Poě Sabtu kamari, tegesna ping 16 Měi 2015, Komunitas Aleut jeung Sahabat Bosscha ngayakeun kagiatan babarengan, nyaěta ngabagikeun tutup lampu nu alpukahna Obsěrvatorium Bosscha.  Tutup lampu ěta dibagikeun ka masarakat di sabudeureun peneropongan běntang Bosscha. Naon maksud jeung tujuanna ngabagi-bagikeun tutup lampu těh?

Kiwari nu ngaranna polusi těh lain ngan ukur polusi hawa, cai, atawa sora wungkul. Sorot lampu ogě nu anyeuna geus marakbak, baranang di mana mendi, tětěla geus jadi hiji polusi ogě. Tina paněnjo elmu atronomi mah lampu nu baranang těh ěstu matak ngaganggu kaěndahan langit. Baheula, mangsa listrik can aya, atawa mun běh dieunakeunna mah nu makě listrik can pati loba, tetempoan ka langit těh ěcěs pisan. Pating kariceupna běntang katempo ku panon biasa, teu kudu dibantuan ku teropong běntang ogě ěstu geus cěkas.

Matak teu aněh jelema baheula mah loba nu ngagunakeun běntang keur nangtukeun lalampahan, tataněn, jeung sajabana, da puguh gě baheula mah běntangna masih kěněh katempo jelas.

Tah tutup lampu nu dibagikeun těh tujuanna pikeun ngurangan polusi cahya. Jadi sorot lampu nu ngagebray ka mana mendi těh bisa nojo ka handap hungkul ku ayana tutup lampu mah. Tetempoan ka langit peuting nu sěrab těh bisa dikurangan ku ayana tutup lampu ieu, utamana lampu-lampu nu aya di sisi jalan, di buruan imah, jeung di mana waě nu cahyana nojo langsung ka langit.

Mun dikaitkeun jeung ělmu kasěhatan, urang bisa neren-neren deui yěn saěstuna awak jelema těh mun ti peuting mah dijieun pikeun istirahat. Enya apan baheula mah kitu; beurang jang barangsiar, ana sup peuting mah tara ieuh diparakě gawě, sok langsung wě dipakě jang sarě. Hartina ku baranangna lampu mangsa kiwari, ieu caangna geus arěk sarua jeung beurang, sok padahal awak mah geus waktuna jang direureuhkeun. Tah ku dijieunna tutup lampu ieu, itung-itung ogě ngurangan pating gebrayna lampu pikeun nyumponan kahayang awak nu geus waktuna reureuh tina barangsiar.

***


Komunitas Aleut baris milangkala dina ping 20 Měi. Salapan taun mun umur budak mah nya paling ogě kakara kelas dua atawa tilu SD, anu hartina bolostrong kěněh. Tapi sanajan kitu nya mudah-mudahan wě atuh ku nyěrělěkna waktu, beuki dieu těh beuki nambahan kanyaho, beuki ngaajěnan kana sejarah kota Bandung khususna, atuh nu utamana bisa měrě kontribusi nu alus pikeun balarěa. [ ]

Foto : Arsip Irfan TP

No comments: