10 February 2015

Toko Buku jeung Koran Jaman Baheula

De Vries

“Nu ditulis bakal langgeng, nu diucapkeun baris leungit katebak angin…”

Mun ras inget kana hiji kawih nu sok ditembangkeun ku indung baheula, cenah majarkeun těh geura sakola ka Bandung, geura nyiar elmu luhung.  Tětěla geuning ti baheula kěněh gě di Bandung mah geus remen ku toko buku. Nyak apanan buku těh minangka salah sahiji jalan pikeun ngahontal ělmu pangaweruh jampě pamakě. Di dieu pisan kuring baris nuliskeun sawatara toko buku heubeul nu kungsi aya di Bandung. Kiwari mah rěrěana geus teu aya di kieuna, tapi sababaraha hiji aya kěněh raratanna. Malahmandar aya manpaatna, mangga nyanggakeun saaya-aya.

Bank BNI nu baheulana A.C. Nix
Urang mimitian ti Jalan Perintis Kemerděkaan atawa viaduct, di dieu baheula aya hiji toko buku nu ngaranna A.C. Nix & Co. Di mana cenah persisna ěta toko buku jaman Walanda těh? Sigana moal bireuk deui, di jalan ěta aya hiji bangunan nu agrěng nu jadi kantor BNI, tah di dinya pisan A.C. Nix & Co. baheula ngajalankeun usahana. Ari mimitina mah, saacan pindah ka Jl. Perintis Kemerděkaan (Landraadweg) ěta toko buku těh kungsi nempatan hiji wangunan di Jl. Naripan. 

Antara BNI jeung gedong “Indonesia Menggugat” nu baheula mah dipakě pengadilan atawa landraad, aya hiji jalan leutik atawa gang nu ngaranna gang Babakan Ciamis. Di dinya mun diilik-ilik loba tulisan “Assěnik”. Ti mimiti pangkalan ojěg, běngkěl, nepika nu dagang gulě jeung soto gě makě ngaran Assěnik/A C Nix. Tangtu ieu aya hubunganna jeung toko buku anu keur dicaritakeun, tapi mimitana kumaha kuring teu pati apal. Kungsi dina hiji poě kuring tatanya ka sababaraha kolot nu aya di ěta gang, tapi waleranna asa patěbih jeung katerangan nu aya dina buku.

A.C. Nix & Co. usahana kaasup gedě jeung maju, da ěta wě dina keur jenengna mah kungsi ngasaan boga cabang di Amsterdam sagala. Sanajan nganjrekna di Bandung, tapi ari lolobana mah medalkeun buku ngeunaan Hindia Walanda atawa Indonesia anyeuna mah, ěta gě aya sababaraha buku ngeunaan Bandung, ngan teu pati loba. Salahsahiji buku nu kungsi dipedalkeun těh nyaěta buku nu dikarang ku Victor Ido (penyiar di radio NIROM). Medalna taun 1936, nu jejerna Indie in den Goeden Ouden Tijd.

Di gang Babakan Ciamis/gang Landraad
Taun 1950-an saanggeus Indoněsia merděka, A.C. Nix & Co. ngaranna robah jadi NV. Masa Baru. Tapi teu lila ti harita robah deui jadi NV. Ganaco. Nyak ti dieu pisan mimitina medalkeun buku-buku carita pikeun barudak jeung buku pangajaran di sakola. Di antarana waě :  Batok Bulu Eusi Madu (Nj. S.S. Suwadi, 1956), buku pangajaran basa Sunda Kandaga (R. Momon Wirakusumah, I. Buldan Djajawiguna; 1957), Sedjarah Sunda (ma’mun Atmamihardja, 1958), jeung Di Lembur Kuring (Sjarif Amin, 1964).

***

Ti viaduct urang teruskeun ka belah kidul, nyaěta ka toko buku Van Dorp & Co. Toko buku ieu persisna nu anyeuna Gedong Landmark nu di Jalan Braga těa. Anyeuna mah bagěan handapna sok dipakě paměran buku jeung paměran gawě, maksudna keur jalama-jalma nu nyiar pagawěan. Belah luhur dipakě tempat hiburan peuting paragi jalma-jalma nu ngadon ka disko. Tapi mun nempo riwayat ka tukang, tisaprak dipimilik ku Pamarěntah Indonesia, gedong ieu ngalaman sababaraha kali parobahan; nepi ka ahir taun 1972 kungsi jadi toko buku nu ngajual ogě alat tulis jeung alat kantor.  Tuluy bangunan ieu kungsi kosong nepi ka taun 1980-an. Ti harita dipakě deui paragi tempat biliar jeung bioskop. Ti ahir taun 1980-an nepika anyeuna dipakě siga nu geus dijelaskeun di luhur.

Gedong Landmark dijieun ku urang Walanda, jenenganna Ir. C.P. Wolff Schoemakěr di taun 1922. Hareupna, kěnca katuhu, aya sirah Batara Kala, anu maksudna jang ngasupkeun warna kadaěrahan.

Van Dorp
Di taun 1940-an munggaran, toko van Dorp kungsi medalkeun hiji buku ngeunaan pepelakan. Buku nu disusun ku M.L.A. Bruggemen jeung saděrěk Ojong Soerjadi nu jadi tukang ngagambarna, diběrě jejer “Indische Tuinbloemen”. Buku ieu kaasup buku nu mahiwal, naon sabab? Nyaeta aya 107 bagěan nu kosong, tapi aněhna aya katerangan ngaran kekembangan di handapna.

Kaayaan kieu tangtu nyieun kapanasaran ka nu rěk mareuli. Kumaha hanteu atuh, ari ngaran kembangna aya, ari gambarna euweuh. Tah, sihorěng jang ngalengkepan bagěan nu kosong těh nyaěta kudu meuli gambarna hiji-hiji. Minangka kadeudeuh, tiap-tiap jalma nu meuli hiji gambar kembang, baris diběrě bibit kembang nu sarua eujeung gambar nu dibeuli. Teu kapalang měrě, potna ogě sakalian dipasrahkan ka nu meuli.  

Cara dagang model kieu měmang didukung ku ayana pasar kembang nu baheula aya di hareupeun toko van Dorp. Jadi bibit kembang těh teu hěsě něanganna. Kusabab paměnta langganan sakitu lobana, tina buku “Indische Tuinbloemen” ieu nepi ka kungsi ngajual sajuta bibit kembang jeung potna dina jero waktu sabulan.

Buku nu lakuna kacida gedě lain ukur ěta sabenerna mah, sabab van Dorp ogě kungsi ngajual buku ensiklopědia nu jejerna “Winkler Prins”, buku ieu kajual kurang leuwih 2000 jilid. Buku karangan D.F.W. Stapel ogě nu jejerna “De Geschiedenis van Nederlandsch” kungsi kajual leuwih ti satengah jumlah pedalanna.

***

M.I. Prawira-Winata mah deukeut patung Adjat
Ti Jalan Braga anyeuna urang tuluy rada ka belah wětan, nyaěta ka Jalan Lěmbong. Di dinya aya hiji pamedalan jeung toko buku jaman baheula, ngaranna M.I. Prawira-Winata. Diadegkeun dina taun 1920-an, toko buku ieu mangrupakeun toko buku nu munggaran nu dipimilik ku kaom pribumi di Bandung. Nyak ti dieu ogě mimitina buku-buku Basa Sunda diwanohkeun. Tempatna aya di Jl. Lěmbong nu anyeuna di dinya pisan ngadeg Hotěl royal Palace.

Saacan jadi Hotěl Royal Palace, urut toko buku ieu kungsi dibeuli ku Pension van Rhijn dina taun 1936. Hal ieu dina raraga ngaleugaan wewengkon hotěl. Saanggeus Indonesia merděka, Pension van Rhijn tuluy jadi Hotěl Astoria, teu lila robah deui jadi Hotěl Istana I jeung II.

Jiga ilaharna toko buku jaman baheula nu lolobana miboga ogě usaha pacitakan buku, Prawira-Winata oge boga nu alamatnya di Jl. Kaca-kaca Wětan, teu jauh ti Simpang Lima.

Iwal ti medalkeun buku-buku Islam nu di antarana baě; Wawatjan Sadjarah Ambia (M.H. Moehammad Moesa, 1926), Hadis Mi’radj atawa Pangapoengan Kandjeng Nabi Rosoel’oellah (H. Hasan Moestapa, 1926), Prawira-Winata medalkeun ogě buku-buku banyolan jeung carita-carita ti para pangarang Sunda nu geus kawěntar, di antarana nyaěta; Wawatjan Enděn Sari-Banon, Tjarios Istri Rajoengan (R. Memed Sastra-Hadi Prawira, M.I. Prawira-Winata, 1923), Wawatjan Rangga-Woeloeng (Soemaradiredja, 1925), Wawatjan Djaka-Oembaran (Soemaradiredja, 1920-an), Wawatjan Roesiah noe kasěp (1920-an), Wawatjan Roesiah noe Geulis (1920-an).

Dina ngajalankeun usana, M.I. Prawira-Winata ngabogaan kasadaran nu hadě kana hukum. Tiap-tiap naskah anu ditarima, anjeunna sok meuli hak cipta nu nulis, tuluy hak cipta ěta ditangtayungan. Matak teu aněh dina tiap buku sok aya tulisan “anoe gadoeh hak kana ieu boekoe” jeung “nu saněs teu kenging njitak, disengker koe Staatsblad 1912 No. 600 art. 11”.

Lian ti ěta, nu gaduh toko buku gě sok masang fotona nyalira dina tiap-tiap buku, jeung sacewir kertas nu aya tulisan ngaran ěta toko buku. Jang ngaronjatkeun usahana, nu gaduh toko buku sok masang iklan dina koran Basa Sunda, nyaěta Sipatahoenan.

***

Rathkamp
Anyeuna urang balik deui ka belah kulon, tapi mangkě urang měngkol ka katuhu di Jl. Telepon, pas deukuet Musium Mandala Wangsit Siliwangi. Urang leumpang sababaraha měter mangkě brasna ka Jl. Naripan, tangtu bakal langsung něnjo gedong Bank BJB nu urut Bank DENIS baheula mah. Ti dinya mengkol deui ka kěnca, nuturkeun Jl. Braga ka belah kidul. Di tungtung jalan urang baris manggihan Kimia Farma, tah di dinya pisan baheula kungsi aya toko buku G. Kolff & Co.

Kolot baheula mah masih kěněh nyebut Rathkamp kana eta bangunan těh. Sabenerna baheula lain ukur toko buku nu nyicingan ěta gedong těh, tapi aya ogě nu dagang roko jeung bako, sarta dipakě oge jang kantor ku N.I. Escompto Bank. Toko Dunlop jeung apotek Volharding kungsi ogě nganjrek di ieu wangunan.

Ngeunaan toko buku G. Kolff & Co., kuring teu pati loba manggihan běja, ngan ukur samet aya nu nyebutkeun yěn toko buku ieu boga ogě cabang di Batavia.

***

Nampeu pisan ti Rathkamp mah ka urut toko buku Klass de Vries & Jan Fabricius těh. Jeung pangpangna mah tulisanna gě aya kěněh nepi kiwari. Bisa disebut wangunan de Vries těh wangunan nu ka asup pang mimitina di sakuliah dayeuh Bandung mah. Anyeuna wangunanna masih kěněh alus, jeung dijadikeun museum ku Bank NISP. Ari mimitina mah de Vries těh ngan ukur warung leutik nu lebahna di belah kalěr alun-alun, nu anyeuna jadi BRI Tower.  

De Vries ditempo ti belah kulon
Gedong de Vries těh ayana di Jl. Asia Afrika atawa Jalan Raya Timur baheula mah, atawa mun běh ditu deui de Groote Postweg ngaranna těh. Ieu gedong dijieun ku R.A Kern di taun 1899, tuluy dialusan deui di tahun 1909 ku Biro Arsitek Edward Cuypers Hulswitt. Hal ieu dina raraga ngigelan jaman, da puguh gě ka tompěrnakeun mah dayeuh Bandung jeung seni Arsitektur gě beuki deui beuki maju.

De Vries těh minangka toko pang lengkepna baheula mah, da toko-toko nu di Jl. Braga jeung Pasar Baru tacan pati loba. Ari nu sok ngalanggan rěrěana mah urang onderneming alias urang perkebunan. Matak kitu gě tangtu wě da di lembur mah pamohalan manggih barang-barang nu sakitu haradě jeung lengkepna. Juragan-juragan Preangerplanter sok ngadon mareuli surutu, kadaharan, papakěan, jeung sajabana.  

Ari wangunan nu masih ngadeg nepika anyeuna mah nyaěta gedong de Vries nu geus dialusan deui di taun 1920. Pědah gedongna lega, matak lain toko buku de Vries hungkul nu usaha di dinya těh, aya ogě De Boekenbeurs, nyaěta toko buku nu husus ngajual buku-buku urut, nu dipimilik ku L.A. Lezer. Klass de Vries & Jan Fabricius kungsi medalkeun buku Geschiedenis der Preanger Regentsschappen, Kort Overzigt nu dikarang ku R.A. Kern di taun 1898. Ka běh dieukeun deui, ěta wangunan těh kungsi ogě dipakě usaha studio poto jeung warung sangu Padang.

***

Anyeuna urang tuluykeun deui ka belah kulon. Pahareup-hareup pisan jeung Gedong Merdeka atawa Musium Asia Afrika, di dinya aya wangunan urut toko buku Visser & Co. Tohaga kěněh ari wangunanna mah, ngan siga kosong waě teu dipakě nanaon. Ceunah baheula kungsi dipakě diskotik paragi jalma-jalam kawas “si ěma (ědanna manusa)” nyiar kasenangan.

Visser & Co.
Kuring teu pati apal ari perkara buku naon waě nu kungsi dipedalkeun ku Visser & Co., ngan aya baě anu cumantěl dina ingetan, nyaěta cenah wangunan těh kungsi dipakě rahayat jang lalajo basa aya Konpěrěnsi Asia Afrika. Di těras luhur ěta wangunan jelema pagelek, silih sěrěd bakat ku hayang nempo Bung Karno, Gandhi jeung para pamingpin dunya nu sějěnna.
Ari basa milangkala KAA nu ka-50 taun mah rahayat těh teu bisa lalajo běbas, tong boro rahayat biasa dalah wartawan ogě teu bisa laluasa. Hal ieu alatan jalan ti mimiti Hotel Savoy Homan nepika alun-alun ditutup jeung dijagaan ku tentara. Kajadian ieu tantu matak pikeuheuleun jang sababaraha wartawan, malah Rosihan Anwar gě koatka gegeleneng.

***

Ngěsěr deui ka kulon saeutik, sebrangeun kantor PLN aya taneuh kosong nu pinuh ku jukut jeung barala, ěta těh taneuh urut toko buku NV. Mij. Vorkink. Ngadeg taun 1896, Vorkink jadi pamedalan jeung pacitakan nu pangkolotna di sakuliah Bandung. Atuh di dieu oge dilahirkeunna koran mimiti di Priangan, nu ngaranna Prěangerbode.

Taneuh kosong urut Vorkink
Saanggeus Indonesia merděka, ku pamarěntah toko buku ieu ngaranna diganti jadi toko buku Sumur Bandung. Dingaranna kitu těh sigana mah pědah deukeut wangunan toko buku jeung di kantor PLN aya sumur nu sok dikaramatkeun ku sawarěh jělěma.

Sababaraha buku nu kungsi dipedalkeun ku Vorkink nyaěta :  Gedenboek Toneelvereeniging Braga 1892-1957, Braga en de Bragaweg, Gids van Bandoengen Omstreken, jeung Gedenboek MOSVIA 1879-1929. Basa geus diganti jadi Sumur Bandung, buku-buku nu terbit těh di antarana waě : Uparaca Adat di Pasundan (R. Akip Prawira Soeganda, 1964), Saumur Jagong (Sjarif Amin, 1983), jeung Perjoangan Paguyuban Pasundan 1914-1942 (Sjarif Amin, 1984).

Taun 1926 gedong N.V. Mij. Vorkink kungsi digunakeun ku Bandoengsche Radio Vereeniging, nyaěta radio nu munggaran di Bandung. Siaranna sok ngagunakeun lantě dua, tapi hanjakal radio těh umurna teu lila. Alatan kakurangan waragad, nyak tilu taun ti mimiti siaran, radio ieu ahirna dicokot ku NIROM (Nederlandsch Indische Radio Omroep Maatschappij).

***

Sabenerna toko buku jaman baheula di bandung těh loba, ngan nu geus dituliskeun di luhur mah pědah we kaitung sawewengkon kěněh, jadi lamun ngahaja dipapay atawa dipaluruh těh rada ngagunduk meueusan, teu pajauh teuing. Lian ti ěta, toko buku-toko buku nu sějěn mah arang langka riwayatna dituliskeun dina buku, nyak mun seug  hayang apal těa mah kapaksa kudu leuwih lantip maluruhna.

Ieu mah bisi aya nu panasaran, naon waě cenah toko buku nu sějěnna těh? Tah kuring baris měrě nyaho :  Gebroeders Kleijne & Co. (Jl. Katja-katja Wetan), J.H. de Boer Jr. (Burgermeester Kuhrweg), J.H. Seelig en Zoon (Bragaweg), N.V. Christelijke Boekhandel voor Nederlandsch Indie (Soeniaradjaweg 41a-43), N.V. Handelsmij (Groote Postweg West 92), N.V. Macotte (Groote Postweg Oost), Nikko Japansch Fotograaf (Groote Postweg 10), Post & Telegraafkantoor (Groote Postweg 47), Sluyters & Co. (Groote Postweg West 173).

Tangtu nu luhur mah macana matak lieur da kawantu basa Walanda hungkul, tah anyeuna mah kuring baris měrě nyaho ngaran toko buku nu rada gampang dibacana : Aurora (Gardoedjatiweg 40), Boen Hwa (Tjikakak 69), CV. Ganaco (Jl. Perintis Kemerdekaan), CV. Remaja Karya (Jl. Ibu Inggit Garnasih jeung Jl. Raya Cimahi-Padalarang), Gembala Islam (Gang Pak Gade), Kaoeum Moeda (Groote Postweg), Minerva (Jl. Merdeka 13), TB. Al Maarif (Jl Tamblong), TB. Alumni (Jl. Dago), TB. Angkasa (Jl. Merdeka), TB. Antariksa (Jl. Dago), TB. Dahlan (Jl. Otista), TB. Elvira (Jl. Dago), TB. Indira (Jl. Braga), TB. Insulinde (Jl. Otista), TB. Intervarsity (Jl. Braga), TB. Lucu (Jl. Karapitan), TB. Malabar (Jl. Otista), TB. Maranatha (Jl. Ibu Inggit Garnasih), jeung masih rěa deui. [ ]


Medan Prijaji & Sipatahoenan


Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi
(+) Ari ngeunaan koran jaman baheula mah kuring moal loba catur, anggursi baca wě buku Sang Pemula nu dikarang ku Pramoedya Ananta Toer, jeung anyeuna rědaktur koran Pikiran Rakyat (Rahim Asyik) keur nulis carita ngeunaan sajarah koran Sipatahoenan, anyeuna geus nepi ka nomer genep.   

09 February 2015

Pak Dayat dan Pasar Buku Suci


Tadi pagi seorang kawan mengabarkan bahwa Toko Buku Djawa yang berada di Jl. Braga tutup! Ya, bukan tutup sementara, tapi permanen. Dia melihat buku-buku diangkut ke dalam mobil, entah mau pindah ke mana. Toko buku yang dijaga si mbak yang kurang ramah ini akhirnya menyerah. Ada sekira tiga kali saya singgah ke sana, membeli beberapa buku sejarah dan mendapat berkah senyuman si mbak meskipun minimalis. Rasanya baru saja kemarin saya menyaksikan Toko Buku Eureka di Rawamangun dan Depok meregang nyawa, sekarang ada lagi kantong literasi yang tumbang.

Itu boneka siapa?
Seminggu ke belakang, saya juga mencium aroma kematian—bukan hanya toko buku, tapi pasar buku! Terletak di lantai 2 Pasar Cihaurgeulis yang kumuh, siapa pun akan prihatin begitu berkunjung ke Pasar Buku Suci. Sudah lama saya mendengar ihwal kantong literasi ini, namun entah kenapa perlahan hilang dari perhatian dan ingatan. Baru-baru waktu membuka FB, ingatan yang tercecer itu timbul kembali. Pada sebuah akun FB, seseorang mengabarkan bahwa bahwa salahsatu tokoh buku yang pernah berniaga di Suci telah meninggal dunia.

Adalah Pak Dayat orang yang banyak dikenang itu. Saya tidak pernah bertemu dengannya, apalagi mengenalnya secara pribadi. Tapi dari sejumlah obituari koleganya, saya membayangkan beliau adalah orang yang bersahaja-berkawan. Pada Pesta Buku Bandung yang berakhir tanggal 5 Februari kemarin, kabar duka tentang Pak Dayat pun saya temui di “koran” mini Lawang Buku. Di sana menyebutkan bahwa almarhum sempat berkiprah di Pasar Buku Suci.

Kondisi pelataran
Jejalin kabar inilah yang akhirnya menyeret saya untuk mengingat kembali Pasar Buku Suci, dan menyempatkan diri untuk mengunjunginya. Sekira pukul 13.15 wib saya sudah sampai di parkiran motor Pasar Cihaurgeulis yang kumuh. Dengan kondisi seperti ini mulanya saya ragu, apakah benar di sini tempat menjual buku? Namun keterangan dari tukang parkir, dan tulisan yang tertera di sebuah bangunan sekarat akhirnya menyakinkan saya, bahwa ya memang di sinilah tempatnya.

Telah puluhan kali saya menyambangi Pasar Buku Palasari, meskipun bangunannya sederhana, namun tak pernah saya merasa seprihatin seperti sekarang. Di tangga sebelum pintu masuk saya disambut sebuah boneka yang tergantung. Kalau akhir-akhir ini banyak film horror yang menggunakan boneka, maka apakah ini juga sebuah simbol horor yang lain? Tangga itu ditutupi oleh atap yang hampir hancur. Besi berkarat di mana-mana, dan tali-tali rafia yang terikat.

Lorong gelap
Di dalam kios buku berjajar dalam lorong yang agak gelap, namun hanya beberapa saja yang masih buka. “Tos aruih tadi sěp, ah da tiiseun panginten,” kata seorang ibu setengah baya yang kebetulan kiosnya masih buka, sambil memilih-milih buku berbahasa Sunda yang tanyakan. Sudah pulang? padahal jam dua pun belum, pikir saya. “Buku-buku Sunda těh sok dicandakan ku nu daragang di UNISBA, janten ieu mah sesa wě, tah geuning ieu aya Ajip Rosidi,” sambung si ibu sambil memperlihatkan buku karangan sastrawan kelahiran Jatiwangi itu.

Suaminya sedang sibuk membantu seseorang yang tengah menyalakan lampu. Tak lama beliau pun ikut bergabung. “Bapak, uninga Pak Dayat? Saurna mah kapungkur nu ngagaduhan kios Tanah Air, “ tanya saya ke si bapak.  Sejenak beliau terdiam sambil mengingat-ngingat. “Pak Dayat nu dedeganna alit saněs? Nyak kunaon kitu?.” Saya jelaskan ihwal “pertemuan” saya dengan Pak Dayat yang akhirnya membawa saya ke sini. “Innalillahi…. tah kitu yuswa mah nyak sěp, padahal mah da anom kěněh Pak Dayat těh,” wajahnya memancarkan kekagetan, begitu juga istrinya. Di sesela perbincangan, saya sempat mengambil beberapa gambar pasar buku tersebut.  

Yang dijual di sini mayoritas adalah buku-buku pelajaran untuk siswa sekolah—dari tingkat dasar sampai perguruan tinggi. Waktu saya berkunjung, bisa dipastikan bahwa tidak ada seorang calon pembeli pun kecuali saya. Beberapa pemilik kios yang masih buka nampak berwajah kuyu. Kegembiraan macam apa yang hendak mereka rayakan di tengah barang dagangan yang sepi pembeli? Saya agak manaruh curiga pada lantai yang lumayan bersih, jangan-jangan ini disebabkan karena kurangnya pengunjung.

Setelah mendapatkan lima buku yang diminati dan harganya murah meriah, akhirnya saya pamit. Dari atas nampak lahan parkir yang centang-perenang dan kotor. Genangan air dan sampah bekas orang berjualan ikan masih ada. Aroma di sekitar pasar buku itu jangan ditanya lagi, sebab di bawahnya pasar basah maka bisa dipastikan bau busuk yang khas bertahan sepanjang hari. Dengan kondisi yang menyedihkan ini, Pasar Buku Suci seperti hendak menjemput ajal. Namun semoga saja sangkaan saya itu tidak benar.

Lampu baru nih :-)
Di sepanjang jalan Suci (Surapati-Cicaheum) atau Jl. P.H.H. Mustofa, memang ada kompetitor yang sangat mumpuni, apalagi kalau bukan Bandung Book Centre. Toko buku yang mulanya terkenal di kawasan Palasari ini kini melebarkan sayap niaganya.  Terletak pada bangunan yang sama dengan Giant Hypermarket, Bandung Book Centre cukup memanjakan pengunjungnya.


Maka bagi Pasar Buku Suci, dengan kondisi tempat yang kurang layak, disertai dengan hadirnya kompetitor yang berpengalaman, bertahan hidup pun kiranya sudah sebuah prestasi. Saya tak hendak menyalahkan kehadiran toko buku yang berdekatan dengan Giant, justeru bagus untuk menopang kebutuhan buku para pelajar yang kampusnya berjajar sepanjang Jl. Suci, namun kiranya renovasi dan penataan ulang Pasar Buku Suci menjadi kebutuhan yang mendesak, mungkin sama pentingnya dengan menghadirkan taman-taman kota yang kini dirasakan manfaatnya oleh masyarakat. [ ]   

Bekas pedagang ikan
    
Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi

03 February 2015

Kaayaan Trotoar di Sabudeureun Balěkota


Eta motor ulah ngalangan sapedah atuh!
Balěkota di dieu tangtu waě Balěkota Bandung, sabab ti kamari gě kuring nulis těh ngeunaan Bandung waě. Iwal ti ěta, catetan ieu gě saěstuna lain ngan ukur ngomongkeun trotoar wungkul, aya ogě ngeunaan Cikapayang jeung jambatan pameuntasan, nu sakaběhna kabeneran aya di sabudeureun balěkota.

Ngeunaan trotoar, kuring kungsi ngalaman sababarahakali kajadian nu piambekkeun. Lain sakali dua kuring sok hog-hag jeung nu tarumpak motor, dalah kungsi rěk gelut sagala. Basa kuring masih kěněh digawě di Jakarta, mun kabeneran keur leumpang di trotoar, tuluy jalan macět, tah ěta nu tarumpak motor těh saking ku belegug-belegugna sok rajeun naraěk kana trotoar bari nglaksonan nu keur laleumpang. Mun batur mah sok nyaringkah diusir ku sora klakson těh, tapi keur kuring cadu. Sabab naon?, da trotoar mah jang leumpang jelema, lain jalan motor. Tah kusabab ngarasa bener, kuring tara ěpěs měěr.

Tunggul urut tihang
“Na ari sia teu nyaho yěn trotoar těh paragi leumpang jelema?”, ceuk kuring setengah nyengor kanu nglaksonan. Tapi da ěta mah dasar belegug, dikitukeun těh lainna ngarti kalahka malik muncereng bari sesentak. Mun teu dihalangan ku nu laleumpang mah boa geus digaplok tah jelema těh. Tapi alhamdulillah, salila anyeuna kuring cicing di Bandung mah, pangamalam kitu těh can kungsi ka sorang deui. Mun bisa mah ulah nepika kaalaman deui.

Kamari poě ahad kuring jeung sababaraha babaturan ngahaja mapay-mapay trotoar nu aya di sabudeureun balěkota. Teu kudu dicaritakeun deui ari taman nu di jero mah, sabab saměměhna kungsi kuring tulis. Mun diteges-teges mah tětěla trotoar těh aya dua jinis; nu kahiji nu warnana oranyeu (teu caang-caang teuing sabenerna mah), jeung nu kadua nyaěta nu keur dibangun disagigireun Cikapayang, nu dijieun tina batu anděsit.

Nu oranyeu mun seug baseuh kahujanan sok matak paur sabab jadi leueur. Jalma nu laleumpang kudu ati-ati pisan dina kaayaan kitu mah, sabab mun melěng saeutik waě balukarna matak picilakaeun. Ari sual kaěndahan mah nu warna oranyeu těh geus cukup, dan sabenerna mah nu ngaranna trotoar teu kudu ginding-ginding teuing, basajan gě teu nanaon asal aman jeung genah dipakěna.

Beusi renjul genep siki
Ari nu dijieun tina batu anděsit mah leuwih seuseut mun kahujanan těh. Hal ěta kusabab batu anděsit mah aya pori-porian nu matak cai ogě bisa nyerep. Anyeuna trotoar nu tina batu anděsit karěk ngan ukur nu aya di sagigireun Cikapayang wungkul, nu sějěnna teuing bakal diganti atawa moal.

Mun dilik-ilik, trotoar sabudeureun Balěkota mah saěstuna geus alus jeung lumayan ěndah, ngan hanjakal di sababaraha juru masih kěněh aya kakurangan nu matak ngabahayakeun ka nu laleumpang. Contona waě nu deukeut Jalan Merděka, di ěta trotoar aya tunggul urut tihang, teuing tihang nanahaon, tapi sigana mah urut tihang rambu-rambu lalu lintas. ěta tunggul těh diantep waě, mun aya jalma melěng tuluy titajong, moal boa ngagoak sabari tijolongjong. Nyak reuwas nyak nyeuri tangtuna gě.

Jalan cai
Salian ti ěta, aya ogě beusi laleutik nu renjul sagedě-gedě ramo. Sanajan jangkungna mah paling gě ngan ukur dua atawa tilu sěnti, tapi angger wě matak jadi mamala. Komo mun aya nu kabeneran leumpangna nyěkěr, tuluy nincak beusi ěta, tangtuna matak bohak dampal sukuna. Teuing urut nanahaon ěta beusi těh, siga cang sapatu měngbal waě koatka genep jumlahna gě. Hal leutik samodel kieu, nu lolobana mah tara kaperhatikeun, boh ku pamarěntah atawa ku rahayat biasa, teu bisa diantep waě. Kudu aya lěngkah nu seurieus pikeun ngabebenah, ěngkě sugan ku kuring rěk dilaporkeun ah ka walikota, sugan wě diperhatikeun bari tuluy diberěskeun.

Teu jauh ti trotoar, malah mah ngarěnděng pisan, aya sababaraha jalan aspal nu gigirna ngahaja dibolongan jang jalan cai. Tapi kusabab lombangna teu ditutupan ku samodel kawat panyaringan, ěta jalan cai teh sawaktu-waktu bisa nyilakakeun. Da sa sapatueun mah asup ka ěta jalan cai těh. Jelema nu keur leumpang bisa waě sabeulah sukuna digebros kana ěta lombang. Alusna mah ditutupan ku kawat nu jarang, ngarah cai angger bisa kapiceun, nu leumpang ogě bisa aman.

Tehel nu peupeus
Aya sababaraha těhel trotoar (nu warna oranyeu těa) nu peupeus. Tapi kaayaanna ceuk panempo kuring mah teu pati matak nyilakakeun, ngan baě katempona teu pati ngeunah, sareukseuk těa meureun ceuk basa Uruguay mah. Lěbar trotoar nu belah kulon jeung nu belah wětan sihorěng běda.  Nu belah wětan mah leuwih leutik, paling loba gě ngan ukur cukup jang duaan. Beda jeung nu di belah kulon, di dinya mah rada lega meueusan, moal pati pasěrěd-sěrěd lamun dipakě silih kalěng ku tiluan ogě. Tapi měmang trotoar nu anyar mah, nu dijieun tina batu anděsit těa, legana ampir sarua jeung nu belah kulon.

Ti mimita Pamarěntah Kota Bandung ngayakeun prohram “Jumaah makě sapědah”, di jalan sabudeureun balěkota dijieun jalan heuseus jang nu make sapědah. Sanajan dijieunna ngan ukur digarisan wungkul ku cět warna bodas, tapi ěcěs yen ěta těh jalan paragi sapědah. Tapi nyak kitu těa di urang mah, kana kasadaran těh meni mahal pisan, ěta wě jalan nu geus puguh jang sapědah tapi angger sok aya motor nu nincak jeung ngahalangan ka nu keur sasapědahan.

Pameuntasan pas pengkolan pisan
Hal anu penting ogě nyaěta ngeunaan pameuntasan, boh anu di luhur (jambatan) atawa nu di handap nu katelahna zebra cross těa. Panětěan dina jambatan tětěla lungkawing pisan. Tong boro jang jalma nu aya kakurangan pisik, malah jang jalma nu ragana sěhat tur sampurna ogě ěta panětěan těh matak hariwang.

Anapon pameuntasan nu di handap, loba nu posisina lebah pengkolan pisan. Hal ieu matak ngagokan nu keur tumpak kandaraan, nu antukna matak nyilakakeun. Tapi aya ogě sebenerna zebra cross nu di jalan lempeng, tapi di urang mah ngahargaan ka nu laleumpang těh masih kěněh kurang. Kuring nyaksian pisan sorangan, aya hiji kulawarga (indung jeung tilu anakna) nu rěk meuntas di jalan Merděka, da ěta asa ku hěsě sabab nu marawa kandaraan siga embung měrě kasempetan pisan jang nu rěk meuntas.

Mun di belah kulon anyeuna mah aya pameuntasan nu rada alus. Di ěta pameuntasan těh aya alat pikeun ngahurungkun lampu jeung sirineu. Jadi lamun ku urang dipencět ěta alat, teu kungsi lila lampu lalu lintas keur nu tarumpak mobil jeung motor ngadadak jadi beureum, anu hartina jalma nu leumpang bisa tuluy meuntas. Tapi duka teuing ku naon, basa kuring jeung babaturan ngilikan ěta alat, sihorěng keur rusak, teu bisa dipakě. Padahal kaitung anyar kěněh pisan ěta alat těh. Atuh antukna nu rěk mareuntas kapaksa ngacung-ngacungkeun leungeun jang ngeureunkeun mobil jeung motor.

Meni hese rek meuntas ge
Poe Ahad kamari mah di sebrang balěkota, tegesna di jalan Merděka, aya sababaraha nu daragang kadaharan. ěta wě kaambeu aya nu meuleum satě sagala. Teuing pědah ku ramě meureun, da saapal kuring ari poe-poe nu sějěnna mah tara aya teu sing nu daragang lebah dinya těh. Nyak katempona mah lumayan ramě ogě nu mareuli, keur aralus milik sigana mah tukang dagang těh.

Di saparat trotoar těa, runtah mah měmang aya, ngan saeutik pisan, malah kaitung beresih sakitu mah trotoar těh. Hal ěta teu aněh sabab loba wadah runtah nu nyampeu nu bisa dipakě ku nu laleumpang. Alus ari kitu těa mah, komo deui pan ieu mah puseur pamarěntahan Kota Bandung, piraku wě ari kalotorna mah, asa kabina-bina.

Ari nu pang anyarna jeung pang ěndahna nyaěta trotoar nu ngarěmpět jeung Cikapayang. ěta jalan cai těh keur dibebenah ku taman nu matak betah nempona. Saliwat mah siga di luar nagri, da ěta wě Cikapayang gě makě dipapantěs ku batu hirup sagala. Ceunah mah batu-batu ěta těh jang ngahěrangkeun cai, minangka nyaring kokotor meureun. Ari lampu tamanna makě dipapantes ku patung maung leutik sagala, ěta maung těh keur jěngkě sabari ngagaur. Teuing naon hartina, meureun siloka jang Persib ěta těh, pan Persib gě katelahna Maung Bandung. Tapi kudu ditanyakeun engkě ka Mang Emil (so akrab wě hahaha).

Pra weding sigana mah
Bakat ku resik, dina bangku nu aya di taman, poě harita mah koatka aya nu dipoto pra wěding sagala. Enya aya dua nonoman nu keur silih rěnděng dina hiji bangku, aya ogě sababaraha baturna nu keur ngalěker ku kaměra, tuluy jeprět-jeprět waě diparoto. Katingali ěstu suka bungah pisan, da puguh gě meureun rek nyorang kahirupan rumah tangga ěta dua nonoman těh. Hor, naha kuring bras ngomongkeun nu kieu? Cag ah, urang nyaritakeun Cikapayang deui.

Dina raraga ngabebenah jeung mamantes kota, nyak Cikapayang nu aya di sagigireun balěkota gě teu kaliwat ngilu didandanan. Trotoarna dijieun sababaraha umpak, bentukna ogě ting paringkeul, teu lempeng jiga ilaharna. Teu poho bangku jeung lampu gě disayagikeun pikeun nu rek ngadon nongkrong sapeupeuting. Ti běh kalěr ěta Cikapayang dibendung ku gunungan batu hirup, tuluy di belah handapna dijieun dua kokocor sangkan cai ngalirna rada kabagi. Sabenerna ka belah kidulnakeun gě cai těh dibendung deui ku sababaraha těmbok, tapi tangtunganna teu jangkung teuing, padu nyalangkrung wě siga kaayaan balong.

Bendungan Cikapayang
Meureun matak dikitukeun gě sangkan cai ngalirna teu gancang teuing, padu ngeyemeng wě jadi rada ěndah katempona. Tapi sakali deui ieu pangwangunan těh tacan běrěs, caina ogě saat jeung kiruh kěněh deuih. Di trotoar nu pas handapeun tangkal badag, aya hiji pagawě nu keur natah di hiji pasagi opat, barang ku kuring ditanyakeun sihorěng ěta pasagi opat těh cenah keur ngontrol kaayaan cai. “Hor, naha aya caian nyah?” ceuk kuring. Barang ditingali ka jero, enya we cai dihandap tarik naker jeung lumayan gedě deuih. Běda pisan jeung cai nu teu katutupan ku trotoar.

Lah, sok hayang geura anggeus wě ěta trotoar anyar těh. Mana teuing rěa jalma nu ngalanto ka dinya. Jadi nambahan deui tempat ngumpul rahayat těh. Alhamdulillah.


Tah sakitu sababaraha hal anu kasaksian ku sorangan jeung babaturan těh. Malah mandar aya manpaatna, boh pikeun nu rek nulis atawa nu ngahaja hayang nyaho kaayaaan di sabudeureun balěkota. Cag dugi ka dieu, saněs waktos diteraskeun deui. [ ] 

Paranti ngontrol cai



Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi


31 January 2015

Foto-foto Sekitar Balai Kota

Lumayan jang reureuh

Kebon kembang

Herang nyak caina mah

Sareukseuk katempona eta apartemen

Kritik di Jl. Perintis Kemerdekaan

Kamarana atuh cinta

Memeh mengbal urang badami heula

Musholla

Latihan nari

Kaulinan barudak anyeuna

Tombolna tidak berfungsi!

Paur aya budak tikusruk

Parkir sepeda

Toilet yg belum selesai

Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi