27 May 2015

Komunitas Aleut : Diajar Sejarah Sabari Leuleumpangan


Mun seug dibandingkeun jeung kota-kota nu aya di basisir kayaning Jakarta, Cirebon, Semarang jeung Surabaya, Bandung mah kaasup kota nu kaitung anyar kěněh. Tapi angger wě sok sanajan kitu, ari nu ngaranna kota mah pasti miboga sejarah. Kiwari di Bandung aya sababaraha komunitas nu sok nalumtik ajěn inajěn sejarah Bandung ku cara nu leuwih popilěr. Salahsahijina nyaěta Komunitas Aleut.

Naon ari Komunitas Aleut těh? Kumaha kagiatanna?

Ridwan Hutagalung, Dirěktur Program Radio Mestika FM Bandung, kungsi nyieun acara “Afternoon Café” di radio tempatna gawě. Acara nu diayakeun saminggu sakali ěta sok rajeun ngabahas sejarah Kota Bandung nu sumberna lolobana dicokot tina buku karangan Haryoto Kunto, nyaěta Wadjah Bandoeng Těmpo Doeloe jeung Semerbak Bunga di Bandung Raya.

Tuluy dina tahun 2005, mahasiswa UNPAD Jurusan Sejarah rěk ngayakeun ospěk. Kusabab geus bosen mun acara ospěk dieusi ku hal nu biasa, nya panitia ahirna nyieun acara ospěk těh ku ngadatangan tempat-tempat nu bersejarah di Kota Bandung, tah acara ieu dina prak-prakanna Ridwan diajakan ku panitia pikeun ilubiung. Kusabab mahasiswa těh katempona měrě rěspon anu alus, nya ti dieu tuluy kapikiran pikeun ngadegkeun hiji komunitas. Taun 2006 komunitas diadegkeun nu dingaranan Komunitas Aleut.

Nepika anyeuna, sanggeus kurang leuwih salapan taun, Komunitas Aleut unggal poě Ahad sok masih aprak-aprakan, ngaleut mapay-mapay unggal Juru Kota Bandung khususna, atuh sa-Bandung Raya umumna pikeun nalumtik sejarah. Atuh anggotana gě geus rupa-rupa anyeuna mah, lain ngan ukur mahasiswa. Dina wanci salapan taun ěta geus teu kaitung naon waě anu geus didatangan těh.

Geus karuhan ari mapay gedung-gedung jieunan Walanda mah; samodel Gedung Merdeka, de Vries, Vissěr, Homann, Gedung Balěkota, Gedung Pakuan, Gedung Bank Děnis, jeung sajabana. Lian ti ěta, patempatan anu rada anggang ti kota ogě kungsi sababaraha kali didatangan, kayaning Situ Cisanti, Makam Bosscha di Pangalěngan, Teropong Běntang di Lěmbang, rěl kareta api anu geus teu dipakě nepika Ciwiděy, komplěk tentara di Cimahi, jeung masih rěa deui. Malah mah kungsi ogě ka Ciletuh di Sukabumi anu cenah rěk dijieun situs wisata gěologi ku pamarěntah.

Katompěrnakeun, kusabab ampir kaběh nu aya dina buku ngeunaan Bandung geus didatangan, nya anyeuna sok rajeun maluruh tempat-tempat anu can loba kacatet dina buku, itung-itung sabari diajar liputan. Nu pang anyarna nyaěta nyukcruk Kordon; boh pasarna, masigit, curug Ĕcě, jeung erěl karěta api urut, kaběh diguar babarengan. Atuh teu katinggaleun sabari ngaleut těh sok tunyu-tanya ka kolot-kolot anu susuganan leuwih apal kana sejarah daěrahna sorangan.

Tina hasil ngaleut ěta ku anggotana sok tuluy dijieun tulisan jeung diwawarkeun dina sababaraha sosial mědia; blog, twitter, jeung facebook. Kusabab ngaranna gě sabari diajar, tangtu waě tulisan-tulisan těh sipatna amatiran, lain catetan sejarah anu beurat. Jang ngaronjatkeun pangabisa dina hal tulisan, nya sababarahakali diayakeun workshop nulis pikeun ngasah anggota Komunitas Aleut dina nyatetkeun naon waě pamanggihna salila aleut-aleutan. Anyeuna dina blog aleut.wordpress.com geus leuwih ti 600 tulisan anu geus diwawarkeun, kaasup di jerona #PojokKAA2015 anu eusina ngeunaan hajat KAA anu kakara běrěs kamari.

Dina hajat Konpěrěnsi Asia-Afrika, Komunitas Aleut puguh wě teu mopohokeun, malah mah bisi disebut rikat pisan. Ti tanggal 6 April mula, Komunitas Aleut mah geus nyieun tulisan dina raraga nyambut KAA ěta. Jadi miěling těh enyaan, sabab ti “pra-hari H-pasca”, ngahasilkeun kurang leuwih 50 tulisan anu rencanana mah rěk dijieun buku. Pikeun Komunitas Aleut mah nulis dina raraga miěling KAA těh itung-itung nyieun arsip kota, ieu hiji kasadaran anu kudu tuluy dipirosěa.

***

Poě Sabtu kamari, tegesna ping 16 Měi 2015, Komunitas Aleut jeung Sahabat Bosscha ngayakeun kagiatan babarengan, nyaěta ngabagikeun tutup lampu nu alpukahna Obsěrvatorium Bosscha.  Tutup lampu ěta dibagikeun ka masarakat di sabudeureun peneropongan běntang Bosscha. Naon maksud jeung tujuanna ngabagi-bagikeun tutup lampu těh?

Kiwari nu ngaranna polusi těh lain ngan ukur polusi hawa, cai, atawa sora wungkul. Sorot lampu ogě nu anyeuna geus marakbak, baranang di mana mendi, tětěla geus jadi hiji polusi ogě. Tina paněnjo elmu atronomi mah lampu nu baranang těh ěstu matak ngaganggu kaěndahan langit. Baheula, mangsa listrik can aya, atawa mun běh dieunakeunna mah nu makě listrik can pati loba, tetempoan ka langit těh ěcěs pisan. Pating kariceupna běntang katempo ku panon biasa, teu kudu dibantuan ku teropong běntang ogě ěstu geus cěkas.

Matak teu aněh jelema baheula mah loba nu ngagunakeun běntang keur nangtukeun lalampahan, tataněn, jeung sajabana, da puguh gě baheula mah běntangna masih kěněh katempo jelas.

Tah tutup lampu nu dibagikeun těh tujuanna pikeun ngurangan polusi cahya. Jadi sorot lampu nu ngagebray ka mana mendi těh bisa nojo ka handap hungkul ku ayana tutup lampu mah. Tetempoan ka langit peuting nu sěrab těh bisa dikurangan ku ayana tutup lampu ieu, utamana lampu-lampu nu aya di sisi jalan, di buruan imah, jeung di mana waě nu cahyana nojo langsung ka langit.

Mun dikaitkeun jeung ělmu kasěhatan, urang bisa neren-neren deui yěn saěstuna awak jelema těh mun ti peuting mah dijieun pikeun istirahat. Enya apan baheula mah kitu; beurang jang barangsiar, ana sup peuting mah tara ieuh diparakě gawě, sok langsung wě dipakě jang sarě. Hartina ku baranangna lampu mangsa kiwari, ieu caangna geus arěk sarua jeung beurang, sok padahal awak mah geus waktuna jang direureuhkeun. Tah ku dijieunna tutup lampu ieu, itung-itung ogě ngurangan pating gebrayna lampu pikeun nyumponan kahayang awak nu geus waktuna reureuh tina barangsiar.

***


Komunitas Aleut baris milangkala dina ping 20 Měi. Salapan taun mun umur budak mah nya paling ogě kakara kelas dua atawa tilu SD, anu hartina bolostrong kěněh. Tapi sanajan kitu nya mudah-mudahan wě atuh ku nyěrělěkna waktu, beuki dieu těh beuki nambahan kanyaho, beuki ngaajěnan kana sejarah kota Bandung khususna, atuh nu utamana bisa měrě kontribusi nu alus pikeun balarěa. [ ]

Foto : Arsip Irfan TP

Maluruh Kordon


Asa mineng pisan ngadangu kecap Kordon těh. Pangpangna mah mun keur naěk angkot jurusan Buahbatu – Kebon Kalapa. Mun aya nu turun, panumpang těh sabari ngasongkeun ongkos sok sabari ngomong ka supir, “ti Kordon, kang.” Komo tisaprak kuring nganjrek di wewengkon Buahbatu mah, kecap Kordon těh geus jadi dadanguan sapopoě. Da ěta wě ibu-ibu sok kadangu keur ngarobrolkeun barang jeung hahargaan di pasar, ari pasar nu disebutna nyaěta Pasar Kordon. Tapi sabener mah lain pasar hungkul nu aya di Kordon těh, da aya oge masigit, erěl karěta, jeung curug. Tapi engkě heulaanan, ulah waka ngaguar nu ěta, anyeuna urang paluruh heula naon ari hartina Kondon těh.

Dina KBBI (Kamus Besar Bahasa Indonesia) Kordon dihartikeun; garis pelindung atawa garis pertahanan. Mun dina Basa Inggris mah Kordon/Cordon těh hartinana siga kieu; a line of people, military posts, or ships stationed around an area to enclose or guard it.

Kusabab Kordon miboga harti nu aya pakaitna jeung kamilitěran, boh dina Basa Indonesia pon kitu deui dina Basa Inggris, nya cěk sakaol mah Kordon nu aya di Buahbatu těh aya patalina jeung kajadian Bandung Lautan Api basa baheula keur jaman rěvolusi. Hiji conto nyaěta nu aya dina buku Tiada Kabar dari Bandung Timur nu diserat ku Pa R.J. Rusady W., anjeunna salahsahiji anggota Rěsiměn Pelopor nu baheula ngalaman perang jeung Walanda. Kieu unggelna : “Pada bulan Juli 1946, di Buahbatu terjadi pertempuran hebat dengan Kompi Ambon ‘Anjing NICA’, yang mengakibatkan puluhan korban di pihak Hizbullah.”

Tapi mun urang ngahaja tatanya ka kolot-kolot nu aya di Kordon, tětěla geuning harti Kordon těh lain siga nu geus disebutkeun di luhur, hartina euweuh pakaitna jeung kamilitěran. Kuring ngahaja nanya ka dua kolot nu kabeneran papanggih di pasar, ngeunaan harti Kordon, katerangan ti dua kolot ěta sarua pisan. Cenah Kordon těh singkatan tina dua kecap, nyaěta “Cokor” jeung “Ngadon”.  

Naha bisa kitu? Baheula kusabab karěta api nepika Ciwiděy masih kěněh jalan, jeung di palebah Kordon aya hiji statsion leutik atawa halteu, nya sok loba jelema ti sabudeureun haltě ěta nu ngadon ulin nalongkrong, rěk ngadon nempo karěta api. Jadi raměna těh lain pědah aya pasar, da pasar mah ayana gě rada běh dieu. Tah kusabab kitu wewengkon ěta katelah jadi Kordon.

Lian di Buahbatu, ngaran Kordon sihorěng aya ogě di daěrah Dago, nyaěta kampung Kordon. Tah lamun seug diakurkeun, Kordon anu di Dago mah euweuh pakaitna jeung kajadian Bandung Lautan Api. Naha atuh ari kitu mah bet dingaranan Kordon ogě? Pan meureun ngaran hiji tempat jeung tempat nu sějěn těh--mun kabeneran sarua, kudu aya pakaitna. Di Dago gě ngaran Kordon těh lain tina kecap “Cokor” jeung “Ngadon”.

Lamun seug ku urang dititěnan, antara Kordon di Buahbatu jeung Kordon di Dago sihorěng duanana miboga pintu air nu motong walungan. Pintu air ieu sigana nu dimaksud garis pelindung těh.

***

Curug Ĕcě

Walungan nu meulah Kordon di Buahbatu siga ilaharna walungan nu aya di sakaběh Nusantara, nyaěta kotor, bau, jeung loba runtah. Tapi aya hiji nu matak panasaran pikeun kuring sorangan mah, nyaěta di ěta walungan těh aya hiji curug nu lumayan ka koncara di wewengkon Buahbatu mah, nyaěta Curug Ĕcě. Ari curugna mah basajan pisan, teu jangkung-jangkung acan, ngan caina měmang lumayan tarik, matak malidkeun budak. Jeung deuih ieu mah curugna gě buatan, maksudna pědah aya bendungan saeutik, jadi wěh disebut curug.

Anu matak panasaran těh nyaěta ku ngaranna, naha bet dingaranan Curug Ĕcě? Sanggeus tatanya ka sababara kolot di dinya, kuring meunang dua katerangan ngeunaan ngaran curug ěta těh. Nu kahiji nyaěta yěn baheula aya bapa-bapa tengah tuwuh nu pikiranna rada kaganggu, ngaranna Ĕcě. Eta mang Ĕcě pagawěanna unggal poě ulin di deukeut curug. Kaběh masarakat geus pada ngama’lum. Hiji poě, mang Ĕcě kapanggih geus ngambang di deukeut curug, gancang layonna dipirosěa ku warga. Tah tina kajadian ěta cenah mah mimitina dingaranan Curug Ĕcě těh.

Tapi cěk sakaol mah lain kitu caritana, tapi kieu : cenah mah aya dua jawara nu ngadu jajatěn ku cara palila-lila teuleum di walungan nu deukeut curug. Nu hiji urang Sěkělimus, nu hiji deui urang Buahbatu nu ngaranna Ĕcě. Dina prak-prakanna ěta dua jawara těh lep wěh tareuleum. Meunang sababaraha waktu ana pucunghul těh jawara nu urang Sěkělimus, ari jawara ti Buahbatu, nyaěta Ĕcě těa teu mucunghul deui nepika anyeuna, teuleum salilala di ěta curug. Dingaranan Curug Ĕcě těh pědah kitu cenah kajadianna. Teuing mana nu bener.

Cag tunda heula ngeunaan Curug Ĕcě mah, nu pasti Kordon měmang dibeulah ku walungan nu ngalir ka belah kidul. Di deukeut Jalan Batununggal, ěta walungan těh dipotong ku hiji alat panyaringan nu lumayan gedě. Panyaringan těh dibangun di deukuet pos Dinas Kebersihan nu ayana di gigireun walungan, jeung deukeut pamiceunan runtah ogě. Kabeneran  harita basa kuring ngalanto ka lebah dinya aya pagawě nu purah ngumpulkeun runtah ti warga. Cěk kateranganna ěta panyaringan těh geus teu dipake sabab batan manpaat mah kalahka nyilakakeun.

Naha bisa kitu? Kusabab panyaringan těh kerep pisan kawas serit, nya antukna runtah nu palid ti girang kasaring kaběh. Ngan kulantaran ngangkat runtahna teu puguh jadwal, tungtungna runtah těh kalahka ngabendung cai. Atuh puguh wě beuki lila mah cai těh beuki naěk, anu antukna limpas ka pakampungan warga, banjir teu bisa ditahan. Kajadian ieu nyieun warga ngamuk. Ĕta panyaringan těh diruksak. “Serit”na diangkat měh cai jeung runtah tuluy palid ka hilir ka belah kidul, nyaěta ka Mengger. Anyeuna panyaringan těh sawarěh ngajugrug di deukeut runtah nu pating rungkunuk di gigireun walungan.

***

Pasar jeung Masigit

Tah anyeuna kumaha sejarahna ari Pasar Kordon? Kira taun 70-an katompěrnakeun, aya urang Pangalěngan nu jenenganna Pa Ruhiyat. Anjeunna muka toko beusi atawa matrial jeung dagang minyak tanah di deukeut erěl karěta api nu cenah geus teu dipakě, nu watesna ku pager kawat. Kusabab usahana rada maju, nya ěta wates kawat těh dibuka keur ngalegaan tempat usaha. Lila-lila loba warga nu pipilueun dagang di deukeut warung Pa Ruhiyat. Hiji jadi dua, dua jadi tilu, tilu jadi opat, jeung saterusna, anu tungtungna jadi hiji pasar anu rada gedě kawas anyeuna. Cěk katerangan kolot di dinya, kusabab taneuh pasar těh nu bogana kulawarga Pa Ruhiyat, atuh nu daragang di dinya těh mayar retribusina dua kali; ka dinas nu ngurus pasar, jeung ka kulawarga Pa Ruhiyat.

Di jero pasar nepika anyeuna aya kěněh urut erěl karěta api nu manjang nepika Ciwiděy. Statsion atawa halteuna mah geus euweuh sěsana, ngan cenah tempatna těh nu anyeuna aya di Jalan Puskěsmas, ti Pasar Kordon mah rada ka belah kidul. Lian ti ěta, di jero pasar těh aya ogě hiji tugu nu rada gedě, nu cenah baheulana tanda wates antara Kota jeung Kabupatěn.

Mun kabeneran ngaliwat ka Pasar Kordon, boh dina motor atawa dina angkot, nu pangmimitina katempo těh nyaěta cau nu ngagarantung, ngajajar di sababaraha lapak, ampir tungtung ka tungtung. Rupa-rupa pisan, aya Cau Raja Serěh, Cau Ambon, Cau Lampěněng, Cau Lampung, Cau Kapas, Cau Bangka, jeung sajabana. Cau geus jadi hiji barang dagangan anu diandelkeun di Pasar Kordon mah. Cau-cau ieu dibawana loba anu ti luar Bandung, salahsahijina nyaěta ti Sukabumi. Lian ti cau, aya ogě bubuahan lokal nu anyeuna mah geus rada hesě, sabangsaning kesemek, kokosan, jeung samolo.

Di pipir pasar aya sababaraha tukang jeroan hayam nu keur meresihan peujit, hatě, jeung burih. Pědah jongkona gigireun pisan walungan, atuh nu daragang těh asa geunah pisan miceunan kokotor jeung runtah langsung wě ka walungan. Barang ku kuring dikěker ku kaměra, maraněhna katempo rada teu jongjon, ting balieur sabari jamedud.

Teu jauh ti pasar, ngěsěr ka kidul saeutik aya hiji masigit gedě, nyaěta Masjid Agung Buahbatu. Dina těmbok luar aya hiji plakat heubeul nu nětělakeun yěn ěta masigit těh diadegkeunna di taun 1939 ku rěngrěngan ais pangampih jeung para ulama, urang Ĕropahna mah ngan ukur tukang ngagambar.

Di dinya ditulis yěn masang batu nu munggaran těh nyaěta ping 17 Ramadlan 1357 H, atawa ping 10 Novemběr 1938, jam 10 isuk-isuk. Nu hadir di antarana waě aya Dalem Raděn Haji A.A. Wiratakoeoema (Bupati Bandung), Raděn Demang Wiriadinata (Patih Bandung), Raděn Haji Abdul Kadir (Penghulu Bandung), Raděn Moehammad Enoch (Dirěctur R.R. Bandung), jeung Raděn Wiriadipoetra (Wedana Ujungberung). Mun ditempo tina anu hadir waě geus kanyahoan yěn ieu masigit těh lain masigit leutik, tapi hiji masigit anu gedě dina jamanna.  

Anyeuna bangunanna geus teu nyěsakeun arsitektur heubeul, hal ieu ku sabab masigit těh kungsi diruag ku Pamarěntah Kota Bandung sababaraha taun ka tukang. Plakat heubeul nu anyeuna ditěmpělkeun dina tembok luar gě sabenerna mah kungsi rěk dipiceun, da ěta wě saměměh kapanggih ku wartawan hiji koran mah ěta plakat těh ngagolěr wě di gudang, teu dipirosěa pisan, malah mah di hiji juruna geus aya nu semplak. Sok padahal ěta plakat těh gedě pisan nilai sejarahna, da puguh gě titinggal kolot baheula dina mangsa ngabangun masigit.

***


Sok sanajan teu pati lila maluruh Kordon těh, tapi keur kuring mah hal ieu geus měrě hiji kanyaho anyar, yěn sabenerna patempatan di sabudeureun kuring sorangan gě loba pisan ajěn sejarahna. Atuh lian ti ěta, aprak-aprak di Kordon gě nembrakkeun hiji kanyataan yěn sing saha waě nu ngarasa nyaah ka lingkunganna sorangan, kudu miboga kasadaran dina ngahargaan sejarah ku jalan ngamumulě naon waě titinggal kolot baheula, jeung teu poho dina prak-prakanna gě angger kudu narěkahan kumaha carana sangkan lingkungan sorangan karasa geunaheun dicicinganna. [ ] 

Foto : Arsip Irfan TP