08 March 2015

Pileuleuyan Toko Buku Djawa


Di Jalan Braga, méh pahareup-hareup pisan jeung réstoran Braga Permai, aya toko buku nu ngaranna Toko Buku Djawa. Kira dua minggu ka tukang, basa babaturan kuring—wanci haneut moyan,  ngaliwat ka hareupeun éta toko, cenah katingali aya sababaraha jalma nu keur ngangkutan buku jeung majalah. Sabab teu pati yakin, nya isukna kuring ningali sorangan ka lebah dinya. Ana nepi, enya wé toko téh geus kosong. Buku, majalah, poto, kartu pos, jeung barang jualeun nu séjénna geus teu nyésa hiji-hiji acan.

Toko buku ieu ditutup alatan nu meuli ka dinya geus langka pisan. Kuring kungsi sababaraha kali balanja buku di dinya. Hiji waktu basa kuring keur nempoan buku jang beulieun, di jero tiiseun pisan. Iwal ti kuring jeung si tétéh nu nungguan toko, euweuh deui jalma séjén nu ngadon ngalanto ka jero. Mun ditempo tina harga, saenyana harga buku-buku di dieu teu béda jeung nu di toko buku gedé. Tapi teuing kunaon asa ku langka-langka teuing nu balanja di dieu mah.

Toko Buku Djawa diadegkeun taun 1955, ampir bareng jeung diayakeunna Konpérénsi Asia Afrika, hartina umur éta toko buku téh geus ampir 60 taun. Dina waktu nu panjang éta, Toko Buku Djawa kungsi ngalaman “géngsi” nu lain lumayan. Maksudna mun warga balanja buku di dinya, bisa disebutkeun leuwih pinunjul batan mun meuli di toko buku nu séjén. Tapi ku lantaran beuki dieu beuki kaséréd ku saingan nu teu saeutik, atuh puguh wé kayaanna beuki ripuh.

Anyeuna toko nu geus kosong téh dijagaan ku dua urang jelema. Ti luar mah sok katempo keur maraén catur. Bakat ku hayang nyaho, nya kuring ngawanikeun manéh asup ka jero, tuluy tatanya ka nu duaan. Dumasar tina katerangan nu ngajagaan toko, nu gaduh toko buku téh saurna Nyonya Tung (yuswana tos 80 taun), anjeunna badé ngalih ka Australia. Éta toko téh kapayunanna baris dijadikeun toko kadaharan atawa sapatu, can pati tangtu saurna.

Mun urang nempoan jalma nu sok ngaradon popotoan di sapaparat Jalan Braga, utamana nu popotoan pikeun kaperluan “Pra Wědding”, Toko Buku Djawa téh minangka kaasup pang minengna dijadikeun “Background” jang dipoto. Hal ieu bisa jadi lantaran lolobana mah di Jalan Braga téh toko kadaharan, kuayana toko buku nyieun hiji kamonésan nu alus pikeun dijieun poto. Katambah deuih wangunanna masih kénéh wangunan jaman baheula, lumayan kauurus, jeung masih tohaga.

Anyeuna toko buku nu nyésa di Jalan Braga kari dua siki deui. Kahiji nu aya palebah péngkolan, nu tokona dicét beureum. Nu Kadua nu gigireun Jalan Kejaksaan, nu témbok wangunanna loba dicurat-corét ku pilok. Teu mustahil dua toko buku ieu gé hiji mangsa mah baris “tilar dunya” kawas Toko Buku Djawa, lamun seug dagangna tuluy-tuluyan tiiseun.

Kang Ridwan Hutagalung (nu nyerat buku Braga, Jantung Parijs van Java) basa diwawancara ku salah saurang wartawan hiji koran gedé sasauran, “Basa hotél nu jangkung di Jalan Braga diadegkeun, kuring jeung babaturan protés ka ditu-ka dieu, sabab naon? Éta hotél téh geus ngagantikeun wangunan-wangunan kolot nu pinuh ku sajarah. Tapi orokaya, euweuh nu ngadéngékeun. Tah, kuring paurna hal siga kitu téh bakal kajadian deui, nu ahirna urang lalaunan ngahapus ingetan sajarah urang sorangan.”

Terus kumaha carana sangkan wangunan-wangunan kolot nu pinuh ku sajarah téh bisa tetep ngadeg? Numutkeun Kang Ridwan mah saurna kedah aya kasadaran ti urang saréréa. Kututupna Toko Buku Djawa téh kudu dijieun pelajaran ku sing saha waé nu paduli kana wangunan-wangunan titinggal jaman baheula. Anjeunna neraskeun, yén cara nu basajan tapi keuna, nyaéta ku meuli barang-barang nu dijual di toko nu nempatan wangunan heubeul.

Ku dibeulianna éta toko, bisa mantuan ngalantarankeun kabutuhan sapopoéna kacumponan. Atuh mun seug beuki loba nu balanjana, tangtu lain ngan ukur kabutuhan sapopoé wungkul, dalah kauntungan pikeun tuluy ngagajih pagawé, mayar séwa jeung pajeg gé tangtu baris lancar.

Tah, ku hal sakituna, ieu luyu sareng sasauran Kang Ridwan, “Loba pisan jalma nu protés jeung ambek-ambekan basa wangunan-wangunan cagar budaya diruntuhkeun, tapi maranéhna teu nyieun lampah nanaon. Ari ngamumulé hayang, tapi carana siga nu teu apal, pan ieu teu adil. Nya minimal beulian atuh toko-toko nu nempatan wangunan heubeul téh. Hal éta basajan katempona, tapi keuna kana tujuan.”

Ti dua minggu ka tukang nepi ka hareupna (teuing nepi iraha), Toko Buku Djawa téh baris ngan ukur panineungan. Masih inget kénéh basa kuring meuli buku ngeunaan komplék candi nu kapanggih di Karawang: barang kuring asup ka toko, si tétéh nu nungguan katempo keur ngalamun, meureun dina panyawanganna éta toko buku téh moal lila deui. Teu sangka anyeuna geus ninggang di mangsa. Pileuleuyan Toko Buku Djawa. [irf]



Foto : Arsip Irfan TP

05 March 2015

Kolot Jagjag, Tumpak Kuda, jeung Sababaraha Hal nu Can Běrěs

Si Akang Nebengers jeung Si Emak
Poe Ahad kamari (1 Maret 2015), basa ulin ka sababaraha taman nu aya di Kota Bandung, kuring jeung Akang Něběngers (maksudna budak anggota Něběngers, hampura poho deui ngaranna), manggihan hiji nini-nini nu yuswana geus 81 taun. Si Emak (nini-nini ěta) keur ngaběrěsan runtah botol jeung gelas palastik urut inuman di Taman Kandaga Puspa belah tukang, nu deukeut ka Taman Lansia.

Sabenerna nu pangheulana manggihan mah si Akang, teuing pědah karunya meureun nempo kolot keur uluketek jeung runtah, nya si Akang tuluy mantuan. Barang kuring ngalanto ka Taman Kandaga, nya langsung katempo ěta dua jalma keur ngaberesan runtah. Jepret ku kuring dipoto ti kajauhan, tuluy dideukeutan bari milu ngawangkong.

“Dupi Emak kawit ti mana?” ceuk kuring sabari nyekel kaměra.

“Ti Katamso,” waleurna.

“Leuh, geuning lumayan tebih. Sareng saha kadieu těh?”

“Nyalira wě, tos biasa da Emak mah mapah sakantenan latihan jantung.”

Si Akang mah tonggoy wě měrěsan botol jeung gelas palastik, katempona tapis pisan. Teu lila milu nyarita ka si Emak, “Abdi gě di Ujungberung da sok ngical nu kieu Mak.”

Koatka ti pepereket
Gancangna carita, nya kuring ahirna apal, yěn si Emak těh boga hiji budak nu tos kagungan putra. Anjeunna sasarengan jeung budakna di hiji imah. Naha cenah ěta budak těh ngantep ka kolot nu geus sakitu laěrna pikeun leuleumpangan sorangan? Ari dicaram mah teu kurang-kurang, ngan si Emak na wě teu meunang dicaram. “Ah, da Emak mah najan kungsi cicing di Palěmbang 12 taun gě da asli urang Bandung, jadi ludeung wě mapah nyalira gě.” Si Emak těh kapungkur kungsi milu ka Palembang nuturkeun nu jadi salaki.

Runtah nu dikumpulkeun těh engkěna baris dijual ka “pengepul” gedě di Katamso. Jadi pangna si Emak lunta-lantona jauh pikeun něangan runtah těh, sabab di sabudeureun Katamso mah loba pisan saingan. Katurug-turug sabari olagraga, nya leuleumpangan těh aya dua manpaat pikeun si Emak mah.

Rada lila ngawangongkong těh, komo ari jeung kolot mah sok resep, loba pisan carita jeung pangalamanna. “Mak, upami mapah tebih kieu mah saěna nyadak KTP, bilih hiji waktos Emak kacapěan, teras teu kiat uih, pan ari nyandak KTP mah panginten tiasa dijajapkeun ku nu sanes,” ceuk kuring peupeujeuh. Teu lila kusiwel těh si Emak ngaluarkeun KTP tina hiji palastik nu eusina runtah hungkul, “aya atuh ěta mah, tah ieu.” Sihoreng dina palastik nu eusina runtah těh si Emak nunda KTP.

Barang geus wanci rumangsang, nya kuring katut si akang ahirna indit ka Taman Cibeunying pikeun kumpul jeung kelompok nu sějěn. Si Emak mah tuluy ka Taman Lansia jeung baris ka Musium Geologi cenah, nya ěta wě rěk tuluy mulungan runtah botol jeung gelas nu tina palastik. “Di Musium Geologi mah seueur pisan, sigana mah aya samobileun ěta runtah těh,” ceuk si Ema sabari reugeuyeung ngangkat opat palastik gedě nu geus pinuh ku runtah.

Lucky Luke
Saměměh panggih jeung si Emak, kira wanci ngaluluh taneuh, kuring motoan heula kaayaan jalan di sabudeureun Taman Lansia jeung Taman Kandaga Puspa. Tětěla ramě pisan. Geus kitu kuduna meureun; di mana loba jelema, di dinya bakal loba nu muka lapak dagangan. Da ěta wě meni ku rupa-rupa, ti mimiti nu dagang kuěh balok nepika nu dagang anak marmot aya kaběh. Teu katingaleun nu nyěwa-nyěwakeun kuda kawas nu di Jalan Ganěsha ITB.

Nu matak hělok, sihorěng aya ogě kolot nu ngahaja nyěwa kuda. Lain keur ngasuh budakna, ieu mah keur taěkeun sorangan wě. Sajongjonan mah kuring teu kuat hayang seuri. Geus karuhan ari budak mah loba pisan nu naěk, malah aya nu duaan sakuda těh. Sabab panasaran hayang apal harga sěwana (lain hayang naěk), nya kuring ngajakan babaturan pikeun tatanya ka tukang kuda. Ceuk kuring, “Di dinya nu narosnya, engkě ku kuring dipoto.” Maněhna panuju tapi teu ngajawab, ngan ukur unggeuk.

Sanggeus tatanya, tuluy maněhna ngageroan ka kuring bari pok nyarita, “Duapuluh rěbu, Kang.” Jadi ěta sěwa kuda hargana duapuluh rěbu rupia saputeran, maksudna saputeran Taman Kandaga Puspa. Asa mahal ceuk kuring mah, enya pan ěta taman těh teu lega-lega teuing. Lamun saputeran Gasibu mah nya sedeng we duapuluh rebu gě.

Ah, tapi nya marampuheun meureun matak kitu gě, buktina ěta bebenyit nu naraěk kuda teu kurang-kurang. Di ampir tiap kuda aya budak lemět nu keur nyěngclě sabari nyekelan tali. Meureun pikeun barudak mah asa keur jadi koboy wě tumpak kuda těh.

Nu dikurudung beureum deuk naek kuda
Salian ti dua hal ěta, kuring gě manggihan sababaraha pasualan nu katempona teu pati kapalirě, boh ku pamarěntah salaku nu ngurus taman, atawa ku warga salaku nu ngamanpaatkeun. Di antarana waě nyaěta di taman těh katempo aya “jelema pěrak” ngalanto sabari nyekelan wadah jang měntaan duit. Cenah mah pikeun disumbangkeun ka barudak yatim, tapi geus loba kajadian yěn maraněhna těh kanyataanna mah deleka tur hianat ka amanat balarěa. Duit nu meunang měntaan těh cenah loba nu teu puguh lěosna. Teuing ka mana jeung teuing pikeun saha ěta duit těh. Hal ieu kungsi jadi perhatian Wali Kota Bandung--nyaěta Pak Ridwan Kamil ku anjeun, tapi dina prak-prakanna mah sok aya kěněh nu barang pěnta model kieu těh.

Nu kadua nyaěta sual kaamanan di taman. Lain pědah loba copět, tapi di taman těh loba kěněh nu matak picilakaeun. Contona baě di Taman Lansia; ěta balong-balong jieunan jeung susukan těh kaasup jero jeung lungkawing, boh keur barudak atuh kitu deui keur kolot. Lamun seug aya nu labuh těa mah tangtu matak tatu, atuhda jarak tina jambatan ka handap těh aya kana dua meterna. Mangkaning ěta balong jeung susukan těh keur euweuh caian, leuh matak baluas ngabayangkeunna gě.

***

Jelema Perak
Tina sababara hal nu geus dituliskeun di luhur, kuring “kataji” ku nu tarumpak kuda. Keun ari pasualan runtah, jelema pěrak, jeung kaamanan mah geus loba nu ngabahas, ngan ieu mah kuring hayang ngabahas saeutik ngeunaan nu tarumpak kuda.

Mun ku urang disawang, naha enya kitu pantes mayar sěwa kuda pikeun sakuriling nu teu pati jauh? Eta duit mun seug dibeulikeunkan běnsin mahi keur tilu atawa opat poěeun, atawa mun dipakě ka Lěmbang těa mah insyaAlloh bakal nyěsa kěněh. Tapi naha ieu pikeun mayar nu deukeut bet daěk?

Jelema kiwari, utamana urang kota, sigana geus langka pisan nu manggihan kahirupan kawas di lembur baheula. Maksudna pan ari di lembur mah teu hěsě karěk nempo bajing waě mah, pon kitu deui numpak munding; kari běběja wě ka budak angon. Malah di lembur kuring mah masih rada loba kěněh bayawak, londok, manuk beureum seupah, hap hap, jeung bancět kolě.

Ari urang kota, pan teu saeutik nu sabenerna mah imahna di lembur. Enya pan unggal taun gě sok aya acara mudik sagala, nu hartina maraněhna těh kungsi ngalaman hirup di lembur. Sanajan kitu, ari barudakna mah angger wě kasebutna urang kota. Naon sabab? Enya pan ari barudakna mah babar jeung geděna di kota, di alam nu geus kasěrěd ku pangwangunan di mana mendi, di alam nu geus hěsě manggihan bayawak dina rungkun-rungkun.

Leuh paur tigebrus ka solokan eta budak :(
Kaayaan ěta ceuk kuring nu ngajadikeun urang kota, boh barudak boh kolotna, ngarasa resep nalika nempo sasatoan. Di Jakarta mah teu saeutik kulawarga,  mun keur perě těh sok rajeun indit ka lembur pikeun naek munding jeung maěn leutak di sawah. Kahirupan di pakotaan siga geus nyieun hiji wates, yěn lembur atawa děsa těh; nyaěta kahirupan mangsa katukang nu geus kaliwat, nu diriksa deui ngan sakadar lamun keur sono hungkul.


Lian ti ěta, jelema těh anyeuna mah siga leuwih dalit jeung gawai atawa gadged batan jeung mahluk hirup. Tah, ku sabab “teu wanoh” ěta nu matak wani ngaliuarkeun waragad gedě. Manggihan mahluk hirup hususna sasatoan, hususna deui kuda kawas-kawas hiji kaaněhan nu ilahar kudu ngaluarkeun duit rěa sabab geus asup kana hiji barang rekreasi. Wallohua’alam. Cag! [ ]

Nu jomblo montong sirik!




Foto : Arsip Irfan TP

28 February 2015

Jajan di Pasar Kuěh Baseuh Buahbatu

Ditempo ti hareup
Poe anyeuna mah (28/2/2015) teu siga sasari, hudang sarě těh bet parait lětah. Lain pědah can ngosok huntu, ieu mah parait siga rěk gering, malah aya muriang sagala. Sanggeus nganteurkeun alo sakola ka SD Cijagra, ngadadak asa hayang kuěh balok. Kabayang amis jeung ni’matna mun seug nyaneutna sabari dibaturan ku cikopi nu rada ěncěr. Atuh ti sakola těh teu langsung balik ka imah, tapi kukurilingan heula něangan nu dagang kuěh balok.

Sapaparat Jalan Buahbatu nyasat teu kapanggih. Tadina mah rěk langsung balik, tapi barang nempo loba nu ngagimbung, kuring eureun. Di handapeun wangunan nu geus teu pati kaurus, tegesna deukeut hiji toko donat made in Aměrika, aya pasar kuěh baseuh. Asa ku kabeneren, ti tadi gě kuring těh parait lětah, barang asup ka jero pasar kasampak loba pisan kuěh nu aramis kayaning dadar gulung, jalabria, bolu kukus, kueh lapis, donat gula pasir, papais cau, jeung sajabana. Atuh puguh we kuring atoh naker, katambah marurah deuih hargana, lolobana teu leuwih ti sarěbu rupia hiji kuěh těh.

Tiasa balanja sarupaning kueh baseuh
Tapi barang nempo batur nu mareuli loba, kuring asa-asa rěk balanja těh. Da ěta wě batur mah měh ngaratus meulina gě, siga jang jualeun deui. Mun meuli hijian bakal diladangan moalnya?, kitu gerentes hatě kuring. Ah tungtungna mah ngawanikeun maněh wě. “Ari ieu sabarahaan, kang?,” ceuk kuring sabari nunjuk jalabria. “Sarěbuan,” waler tukang dagang. “Kěnging měsěr hijian, maksadna moal seueur kuring mah balanjana,” tukang dagang tuluy pok ngajawab, “mangga”

Jalabria meuli tilu, dadar gulung dua. Lumayan teu loba kaluar duit. Barang diasaan, duh kacida kareueutna ieu jalabria těh. Tapi kusabab kuěh těh rupa-rupa pisan, nya kuring ngarasa kurang kěněh. Piraku ngan ukur dua rupa? Pan kueh těh loba, kitu kahayang nu rewog mah. Tuluy kuring datang deui ka tukang dagang nu běda, ibu-ibu nu dagangna těh, batur mah nyebutna gě “Bu Haji”. Teuing geus ka Mekah teuing acan, nyaho teuing ah!

“Pami ieu sabarahaan Bu Haji?”, ceuk kuring barang nempo kuěh lapis. “Sarěbu duaratus sěp.” Naha beda jeung nu si akang tadi?, nu ieu mah rada mahal.  “Manawi těh sarěbuan?”, ceuk kuring nyobaan nawar. “Badě nyandak sabaraha puluh kitu sěp?,” sabab kuring mah da euweuh niat jang jualeun deui, atuh pok wě, “Ah teu seueur, mung badě měsěr dua siki baě.” Paroman Bu Haji nu tadi darěhděh ngadadak jamědud, pědah kuring meulina teu loba meureun. Keur mah meuli ngan ukur dua siki, katurug-turug wani nawar deuih. Kuring mawa dua siki, tuluy ngasongkeun duit limarěbu. Bu Haji tuluy nyelengkeung, “Pa, tah pulangan tilurěbu.” Paromanna semu baeud, malah mikeun pulangan gě makě leungeun kěnca sagala. Teu mabrur siah haji těh!, ceuk kuring dina jero hatě, punten bakat ku kesel.

Aya oge nu dagang deungeun sangu
Eta nu daragang těh datang ti subuh mula, ngamimitianna jam lima nepika jam dalapan, tapi mun poě Ahad mah běrěsna rada beurang meueusan, bisa nepika jam sapuluh. Teuing ti iraha mimitina ěta pasar těh, da jelas barětona mah wangunan nu geus teu ka urus těh siga urut ruko. Ceuk salah saurang tukang parkir, cenah barěto mah kira taun 2004, nu dagang kueh těh ngan ukur duaan, tapi tuluy ngalobaan nepika teu kurang ti limapuluh urang anyeuna mah.

Salian jang jualeun deui, nu butuh kuěh jang acara rapat di kantor atawa acara ngumpul kulawarga gě loba pisan nu balanja di deui. Atuh da ěta ku rupa-rupa jeung murah hargana. Di toko mah bisa dua atawa tilu kali lipet hargana gě. Mun butuh loba pisan wayahna datangna kudu rada isuk, sabab bisi kaběakeun. Nu meulina ongkoh loba pisan, nepika ngagelek di pasar těh.

Barang kuring motoan kuěh, hasilna kurang jelas sabab ěta pasar těh ditutupan ku terpal, nu matak kurang caang. Sieun hujan meureun matak ditutupan ogě. Ngarasa geus cukup, nya tungtungna mah kuring balik sabari mawa kěrěsěk nu eusina kuěh hungkul. Tuluy eureun di tukang kopi, kabeneran di gigireunna aya tukang koran. Aya ku tegep; kuěh amis dibaturan cikopi ěncěr, sabari maca koran jeung udud! [ ]




Foto : Arsip ITP

26 February 2015

Ngawanohkeun Maněh di Radio Ardan


Poě Seněn kamari, tegesna ping 23 Pěbruari 2015, kuring jeung opat babaturan nu sějěn ti Komunitas Aleut diondang ku Radio Ardan pikeun ngeusi hiji acara nu diběrě jejer #BdgBgt (Bandung Pisan). Saenyana ěta těh lain nu munggaran pikeun Komunitas Aleut mah, sabab saměměhna kungsi ogě diondang ku Ardan dina waktu jeung acara nu sarua, nyaěta ping 28 Oktober 2013.

Naha cenah basana makě “ngawanohkeun” lain “ngenalkeun”? Ceuk pamanggih kuring; dina umur nu geus lumayan lila (ampir salapan taun), Komunitas Aleut pikeun warga Bandung mah pantesna kudu geus aya di tingkat “wanoh” lain kakara di “kenal” wungkul.

Naon alesanna? Kahiji, sabab unggal minggu, tegesna unggal poě Ahad sok aya waě acara ngaleut anu dina prakna tangtu ngulampreng di sababraha juru Kota Bandung, ieu pastina gě sok katempo ku warga Bandung. Nu kadua, apan anyeuna těh jaman geus sakieu majuna, ngawawarkeun běja gě geus teu usum makě toa di masigit (iwal ngumumkeun nu maot), tah hal ieu tangtu diigělan ogě ku Komunitas Aleut ku nyieun sababaraha akun mědia sosial, di antarana waě; twitter, facebook, instagram, path, jeung sajabana.

Ardan těh nyaěta hiji radio nu geus kakoncara pisan di sakuliah Bandung mah, lamun seug aya urang Bandung nu teu apal Ardan tangtu matak hělok. Radio nu miboga frěkuěnsi di 105,9 ieu těh pada dipakarěsěp ku budak ngora utamana dina acara Nightmare Side (carita jurig nu matak purinding puringkak), jeung geus lila deuih ieu acara těh. Kuring gě ti mimiti baheula kuliah di Ciwaruga geus apal kana acara ieu mah.

Atuh basa Komunitas Aleut rěk siaran těh ceuk kuring asa pas pisan. Keur mah nu ngaděngě Ardan těh lolobana budak ngora, katurug-turug deuih hayang ngawanohkeun sajarah ka budak ngora. Dina prakna, nyaěta pukul 10 peuting, barudak katut kuring geus daratang ka Jalan Cipaganti atawa Wiranatakusumah. Di buruan Ardan ngariung sajongjonan. Aya Vecco, Arya, Daniya, Gita, jeung kuring.

Teu lila sup ka jero nu tuluy ditampa ku Kang Handi jeung Těh Eiza. Ngobrol heula sakeudeung sabari maca skrip, tuluy asup wěh ka rohangan nu buni ku kaca pikeun siaran. Rumasa kaasup anyar kěněh jeung can loba kanyaho, kuring mah teu pati loba catur pikeun ngajelaskeun, lolobana mah Arya we jeung Vecco, kajaba kordinator těh maraněhna mah pan geus lila di Komunitas Aleut-na gě, tangtu leuwih rěa kanyahona.

Kurang leuwih 1,5 nepika 2 jam siaran těh, lumayan rada lila, jadi loba ogě běja nu bisa ditepikeun ka “insan muda” (kanca kaum dangu Radio Ardan). Ti mimiti sajarah nepika kumaha carana mun hayang gabung jeung milu ilubiung jeung Komunitas Aleut, kaběh Alhamdulillah katepikeun. Atuh ditempo dina twitter gě teu saeutik nu milu ngabandungan.

Jam 23.59 tengah peuting acara běrěsan. Tuluy dipoto heula jang dokuměntasi. Sanggeus amit atuh bral wě pada balik ka imah sěwang-sěwangan. Kuring balik ka Sarijadi, Vecco balik ka Jl. Logam makě karěta angin atawa sapědah (euweuh kacapě jelema těh). Nu tiluan deui mah teuing baralik ka mana, kuring teu apal.

Nuhun pisan ka Radio Ardan anu tos kersa siaran sareng Komunitas Aleut, mugi kapayun tiasa langkung cool and lovely. [ ]


Foto : Arsip @handiARDAN