28 February 2015

Jajan di Pasar Kuěh Baseuh Buahbatu

Ditempo ti hareup
Poe anyeuna mah (28/2/2015) teu siga sasari, hudang sarě těh bet parait lětah. Lain pědah can ngosok huntu, ieu mah parait siga rěk gering, malah aya muriang sagala. Sanggeus nganteurkeun alo sakola ka SD Cijagra, ngadadak asa hayang kuěh balok. Kabayang amis jeung ni’matna mun seug nyaneutna sabari dibaturan ku cikopi nu rada ěncěr. Atuh ti sakola těh teu langsung balik ka imah, tapi kukurilingan heula něangan nu dagang kuěh balok.

Sapaparat Jalan Buahbatu nyasat teu kapanggih. Tadina mah rěk langsung balik, tapi barang nempo loba nu ngagimbung, kuring eureun. Di handapeun wangunan nu geus teu pati kaurus, tegesna deukeut hiji toko donat made in Aměrika, aya pasar kuěh baseuh. Asa ku kabeneren, ti tadi gě kuring těh parait lětah, barang asup ka jero pasar kasampak loba pisan kuěh nu aramis kayaning dadar gulung, jalabria, bolu kukus, kueh lapis, donat gula pasir, papais cau, jeung sajabana. Atuh puguh we kuring atoh naker, katambah marurah deuih hargana, lolobana teu leuwih ti sarěbu rupia hiji kuěh těh.

Tiasa balanja sarupaning kueh baseuh
Tapi barang nempo batur nu mareuli loba, kuring asa-asa rěk balanja těh. Da ěta wě batur mah měh ngaratus meulina gě, siga jang jualeun deui. Mun meuli hijian bakal diladangan moalnya?, kitu gerentes hatě kuring. Ah tungtungna mah ngawanikeun maněh wě. “Ari ieu sabarahaan, kang?,” ceuk kuring sabari nunjuk jalabria. “Sarěbuan,” waler tukang dagang. “Kěnging měsěr hijian, maksadna moal seueur kuring mah balanjana,” tukang dagang tuluy pok ngajawab, “mangga”

Jalabria meuli tilu, dadar gulung dua. Lumayan teu loba kaluar duit. Barang diasaan, duh kacida kareueutna ieu jalabria těh. Tapi kusabab kuěh těh rupa-rupa pisan, nya kuring ngarasa kurang kěněh. Piraku ngan ukur dua rupa? Pan kueh těh loba, kitu kahayang nu rewog mah. Tuluy kuring datang deui ka tukang dagang nu běda, ibu-ibu nu dagangna těh, batur mah nyebutna gě “Bu Haji”. Teuing geus ka Mekah teuing acan, nyaho teuing ah!

“Pami ieu sabarahaan Bu Haji?”, ceuk kuring barang nempo kuěh lapis. “Sarěbu duaratus sěp.” Naha beda jeung nu si akang tadi?, nu ieu mah rada mahal.  “Manawi těh sarěbuan?”, ceuk kuring nyobaan nawar. “Badě nyandak sabaraha puluh kitu sěp?,” sabab kuring mah da euweuh niat jang jualeun deui, atuh pok wě, “Ah teu seueur, mung badě měsěr dua siki baě.” Paroman Bu Haji nu tadi darěhděh ngadadak jamědud, pědah kuring meulina teu loba meureun. Keur mah meuli ngan ukur dua siki, katurug-turug wani nawar deuih. Kuring mawa dua siki, tuluy ngasongkeun duit limarěbu. Bu Haji tuluy nyelengkeung, “Pa, tah pulangan tilurěbu.” Paromanna semu baeud, malah mikeun pulangan gě makě leungeun kěnca sagala. Teu mabrur siah haji těh!, ceuk kuring dina jero hatě, punten bakat ku kesel.

Aya oge nu dagang deungeun sangu
Eta nu daragang těh datang ti subuh mula, ngamimitianna jam lima nepika jam dalapan, tapi mun poě Ahad mah běrěsna rada beurang meueusan, bisa nepika jam sapuluh. Teuing ti iraha mimitina ěta pasar těh, da jelas barětona mah wangunan nu geus teu ka urus těh siga urut ruko. Ceuk salah saurang tukang parkir, cenah barěto mah kira taun 2004, nu dagang kueh těh ngan ukur duaan, tapi tuluy ngalobaan nepika teu kurang ti limapuluh urang anyeuna mah.

Salian jang jualeun deui, nu butuh kuěh jang acara rapat di kantor atawa acara ngumpul kulawarga gě loba pisan nu balanja di deui. Atuh da ěta ku rupa-rupa jeung murah hargana. Di toko mah bisa dua atawa tilu kali lipet hargana gě. Mun butuh loba pisan wayahna datangna kudu rada isuk, sabab bisi kaběakeun. Nu meulina ongkoh loba pisan, nepika ngagelek di pasar těh.

Barang kuring motoan kuěh, hasilna kurang jelas sabab ěta pasar těh ditutupan ku terpal, nu matak kurang caang. Sieun hujan meureun matak ditutupan ogě. Ngarasa geus cukup, nya tungtungna mah kuring balik sabari mawa kěrěsěk nu eusina kuěh hungkul. Tuluy eureun di tukang kopi, kabeneran di gigireunna aya tukang koran. Aya ku tegep; kuěh amis dibaturan cikopi ěncěr, sabari maca koran jeung udud! [ ]




Foto : Arsip ITP

No comments: