
Buku “Sambel Jaér” nu dikarang ku sadérék Asep Ruhimat (urang Tasik), nyaritakeun kaolahan, palakiah, tali paranti, pantangan, jeung kakantun para karuhun anu sanésna. Kuring meulina di Gramedia nu di jalan Merdéka téa geuning. Harita kuring leumpang sorangan sabari nyorén tas kucel, wanci geus soré, jalan beuki ramé ku nu daragang, nalalongkrong, atawa barobogohan. Sora angkot meni ting garerung sabari ngetém di jalan Purnawarman dan nungguan panumpang anu rék baralik ka imahna séwang-séwangan. Teu kungsi lila, kuring abus ka éta toko buku, kukurilingan bari macaan buku nu alalanyar. Ah, tapi euweuh nu ramé. Terus kuring leumpang ka rak buku-buku bahasa nu aya di juru, tah buku Sambel Jaér ieu ayana di bagéan handap, sabari teu loba, mun teu salah mah ngan aya genep siki. Hargina ngan ukur dua welas rebu. Jiga euweuh nu meuli, da bukuna téh teu katempo aya tapak jelema nu ngadon maca. Karunya teuing buku nu make basa Sunda, jelema nu daratang téh jiga nu teu warawuh ka manéhna.
Ari
anyeuna aya kénéh nu sok ngulub gelas?, nyieun sambel jaér?,
ngalungkeun huntu nu punglak ka luhureun kenténg?, nyieun tutug oncom?,
nyambel hiris?, mun nyeri beuteung mésakan batu?, mun isukan rék bulan
puasa marandi di balong sabari kuramas?, mun rék disunatan kudu ngeueum
heula améh ba’al?. Jigana tos rada langka mendakan nu kararitu?. Tah
buku ieu téh minangka panggeuing, yén kakantun para karuhun téh geus
loba nu dipopohokeun, geus loba nu apilain ka warisan kolot sorangan.
Cag, mangga urang lenyepan anyeuna mah, naha enya urang téh nyaah kana
kabudayaan bangsa sorangan?. Naha enya urang téh geus ngamumulé kana
kakantun aki-nini?.
Mangga
dulur-dulur, abdi moal seueur catur. Tos sonten yeuh, padamelan seueur
kénéh. Bilih hoyong maca mah cobi wéh ameng ka toko buku, insyaAlloh aya
kénéh.[ ]
No comments:
Post a Comment